Kang Aschev,

Tembong pisan wikipedia ngeunaan Pajajaran teh tacan nujul kana naskah
Wangsakerta sakumaha anu disaripatikeun ku suwargina Kang Saleh Danasasmita
dina "Riwayat Penelusuran Masa Silah Sejarah Jawa Barat". Dina buku eta mah,
dumasar naskah Wangsakerta, "Pajajaran" teh ngaran karajaan. Tah, upama
"Pakuan Pajajaran" eta bener ngaran ibu kota, ibukota Pajajaran.

Saterusna, masih ceuk naskah Wangsakerta, ringkesan karajaan-karajaan di
Tatar Sunda teh, kronologisna (tan taun) kl kieu: Salakanagara (Dewawarman),
Tarumanagara (Purnawarman), Sunda Sembawa (Sunda, Tarusbawa), Galuh (Wreti
Kandayun), laju kadang ngahiji kadang papisah antara Sunda jeung Galuh, laju
Pajajaran (Sri Baduga Maharaja/Siliwangi nepi ka Suryakancana), Sumedang
Larang (Jaya Prakosa, Geusan Ulun).

manAR

On 11/5/07, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Pajajaran, bisa jadi ngaran sahiji karajaan. Tapi lamun bener
> ngarupakeun karajaan meureun gedena henteu leuwih lega ti kota Bogor kiwari.
>
> Pajajaran, anu pasti ngaran sahiji dayeuh anu jadi puseur (ibu kota)
> karajaan anu wilayahna leuwih lega, nyaeta karajaan Sunda, anu ngawengku
> wilayah ti ujung kulon tepi ka kali Brebes jeung kali Serayu.
>
> Pajajaran, wewengkon anu aya diantara dua jajaran susukan. Pajajaran,
> wewengkon anu nyimpen dua watu gigilang anu ngajajar.
>
> Ieu tulisan ti wikipedia ngeunaan Pajajaran:
>
> Pakuan Pajajaran (atawa Pakuan/Pakwan atawa Pajajaran) nujul ka puseur
> pamaréntahan Karajaan Sunda, hiji karajaan nu kungsi aya di Tatar Sunda,
> wewengkon kulon pulo Jawa. Di puseur ieu karajaan, Prabu Susuktunggal
> (ngawasa 1382-1482) ngadegkeun karaton/kadaton karajaan nu katelah "Sri
> Bimapunta Narayana Madura Suradipati".
>
>
>
>
> Ngaran/sebutan Pakuan Pajajaran kapanggih dina sababaraha tinggalan
> arkéologis mangrupa prasasti jeung sababaraha naskah Sunda kuna, di antara
> prasasti Batutulis (abad ka-14), prasasti Kabantenan, naskah Carita
> Parahyangan (1580) jeung Fragmén Carita Parahyangan, Carita Waruga Guru
> (abad ka-18), jeung naskah MSA.
> Pakuan Pajajaran munggaran diadegkeun ku Tarusbawa taun 669 M, nu asalna
> mangrupakeun wewengkon Sunda Sambawa, rajamandala (raja bawahan, vassal)
> handapeun kakawasaan Tarumanagara. Nalika taun 669 raja Taruma
> (Linggawarman) pupus, kakawasaan Tarumanagara ragrag ka minantuna (sabab teu
> boga anak lalaki) ti Sunda, nyaéta Tarusbawa. Ragragna kakawasaan ka
> Tarusbawa ieu ngabalukarkeun Galuh misahkeun manéh, sedengkeun Tarusbawa ogé
> horéng leuwih milih mingpin sésa kakawasaan Tarumanagara ieu ti Sunda
> (sahingga salajengna ngadeg karajaan Sunda). Kusabab Galuh misahkeun manéh,
> wilayah Tarumanagara ieu kabagi dua nu watesna walungan Citarum: béh kulon
> ku Sunda, béh wétan ku Galuh.
> Dina catetan sajarah nu geus kagali, nu ngabaru/mindahkeun (deui) puseur
> karajaan ka Pakuan téh nyaéta Rahyang Banga (ti Galuh, 759), Darmasiksa (ti
> Saunggalah), jeung Jayadéwata (ti Kawali, 1487).
> Pakuan Pajajaran katut karajaan Sundana diruntuhkeun ku Kasultanan Banten
> dina taun 1579.
> Dina bukuna, Mencari Gerbang Pakuan, suwargina bapa Saleh Danasasmita,
> nyaritakeun yen urang Walanda anu ngaranna Abraham van Riebeeck kungsi
> nyukcruk galur mapay laratan eta dayeuh tepi ka dua kali nyaeta taun 1703
> jeun taun 1704.
>
> Ngarujuk kana buku Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran Jilid 2, karya
> suwargina bapa Edi S. Ekajati, Dr. F. De Haan ngagambarkeun perenahna Dayeuh
> Pakuan Pajajaran dina bukuna "Prianga", taun 1912
>
> Cag,
> Aschev
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
> 
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke