Harutan Ambu, nuju naon yeuh enjing-enjing? Abdi mah nuju siduru harepeun hawu baheula mah, naha ayeuna siduru harepeun PC ari lalawuhna mah aya coklat haneut disayogikeun ku pun bojo, beuleum boledna mah bati kumerot wungkulah kakantun di Cilembu, raginang-opak kitu deui antukna gap deui bae kana keyboard.
Perkawis Galunggung dina hartos Galungan Agung, nalika abdi ngadadak terang sanes ngadadak dang-dud anu kaemutan teh "manawi ieu ge", perkawis proses metamorphosis kajiwaan hiji jalmi anu manggihan pribadi dirina yen "primata besar" ieu benten sareng primata sanesna sok sanaos awakna sami-sami ageung atanapi malih langkung ageung, janten kagambarkeun galungan antawis "Kingkong" sareng "Jalmi" sanes maung sakumaha dina diposting abdi kamari, rada campur sareng gambaran anu sanes. Tangtosna dina galungan eta Jalmi tiasa ngawonkeun Kingkong sok sanos langkung rongkah oge da Kingkong mah hewan, dieu ayana ngawitan rasa kamanusan ninggalkeun sifat-sifat hewani diprilaku sanes dina tuangeun. Tah pelaku sejarahna mah abdi teu terang, naha Batara Dangiang Guru atawa sanes, tapi aya info yen kajantena ieu teh fase lanjutan ti fase ngawitan nalika karuhun anu awal (kahiji) diturunkeun di puncak Gunung Sunda, teras lungsur ka Galunggung. Tah kukituna, sok sanaos ku Ambu tos 'dijeprot' asana mah henteu kedah dipulung deui margi tos ka aos kunu sanes, wios baelah supados aya sken opinieun lumayan kanggo pembanding. Kang Tirta Wijaya teureuh Batara Dangiang Guru, upami merhatoskeun posting-posting Kang Tirta da abdi mah teu acan kantos pependak, abdi langkung tiasa ngarasakeun pancaran energi sareng rasa tina seratan-seratan anjeuna "ayalah" didieu abdi henteu bias ku penampilan atanapi dedeg pangadeg Kang Tirta margi teu acan kantos tepang tea. Naha uing jadi dukun he, he, he, he............, keun baelah da karasana kitu. Tapi ari nilik tina nami mah Tirta Wijaya, moal leupas ti Sumedang, nyandak sir Angka Wijaya, margi nyandak silihna ti Raden Wijaya mah diurang wangina tos kasilih ku Raden Angka Wijaya tea. Tri Tangtu di Bumi, Tri = tilu; Tangtu = pasti/ dikodratkeun Di Galuh aya: Guru, Buyut, Prabu (Raja) Di Baduy aya: Rama, Resi, Ponggawa Di Cirebon ge aya: Guru, Ratu, Wong Tua (karo) anu kudu dipihormat, naha susunan ieu magrupi hirarki atanapi tiasa wae diacak, upamina wong tua heula, teras guru nembe ratu/pamarentah? Jigana ieu mah dokrin ti guru, katingal guruna dipayunkeun he, he, he, he. Ceuk pilosofina mah meureun urang hirup jeung huripna kulantaran ayana "tri tangtu" ieu ajaran teh baheula mah meureun khusus pisan keur calon-calon pamimpin masyarakat, tapi biasa bae ieu teh magrupi makom-makom atanapi hambalan atanapi jalur karir pamimpin. Lamun bener 'tri tangtu' teh hal anu pasti berarti urang ge ayeuna kawengku keneh ku "tri tangtu", mangga urang lenyepan sasarengan.........! Ambu eta anu di Baduy, kiten-kintena henteu patukeur Puun Rama - Batara Dangiang Guru; Puun Resi - Batara Hiyang Buyut? Baraya, tetela kaom Istri di Sunda mah darajatna luhur tur agung, dina mitologi Sunda aya Nyi Pohaci, Sunan Ambu, Sang Hyang Sri jrrd ayeuna urang anu nota bene mayoritas lalaki secara defakto guguru ka Ambu Diana, hatur nuhun guru! wassalam, dudi_ss ----- Original Message ----- From: richadiana kartakusuma To: [email protected] Sent: Friday, January 25, 2008 9:44 PM Subject: Re: [kisunda] Kang Yani Copy Disertasi Galunggung..Galungan Agung? ah teu kaci...geura mangga sesuaikeun sareng konteks...aos deui heula...apanan Galunggung teh kalungguhan SEMPAKWAJA... (karuhun Kang Tirta Wijaya, ngangkena mah) anjeuna teh dina Timbang Taraju Jawadipa...sami sareng gelarna Batara Dangiang Guru... Ngararesi...tea... tempat sasadu....diteraskeun ku putrana Sang Demunawan tea (Batara Dangiang Kuning)... Rayina (nu kadua) Rahiyang Tang Kidul ngadegna di Denuh gelarna Batara Hiyang Buyut Rayina deui (nu katilu) Mandiminyak (AMARA) anjeneng Prabu di karajaan Galuh Tah didieu istimewana, konsep tatanan Mandala (kosmis) karuhun Sunda benten sareng nu di Wetan...kaseundeuhan Hindu na rada kentel.. Dugi kaayeuna tiasa kasaksen keneh di Kanekes...Tri Tangtu di Bumi nyaeta 1) Tangtu Cikeusik = Puun Rama (ieu Sempakwaja Demunawan Batara Dangiang Guru) 2) Tangtu Cikartawana = Puun Resi (ieu Demunawan Batara Hiyang Buyut) 3) Tangtu Cibeo = Puun Prabu/Puun Ponggawa (ieu Mandiminyak = Raja) sami sareng naskah Kabuyutan Galunggung Jagat daranan di sang Rama Jagat keireuta di sang Resi Jagat palangka di sang Prabu kalungguhan Galunggung teh ..ka-GULUNG-an ku nu AGUNG. Jeprot Mangga bilih bade dipulung deui nun ...hueh hehe heh, AMBU . [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
