Hatur nuhun kang Dudi.....1000% abdi mah teu ngartos, nu penting mah jalan
terus nyukcruk karuhun...
Wijaya......Nu ngangge eta nami di kulawargi teh: Tirtawidjaja, Kertawidjaja
(saur ema Iyam di Ciomas mah Kartawidjaja), Adiwidjaja, Sastrawidjaja.... Di
gigireun kuburan Eyang Tirta teh namina Eyang Matarana da saurna kawitna ti
mataram.... Ceuk "Sajarah Sukapura" asal Bopati2 Priangan mah asal usulna ti
Pajang/Demak ti Raden Dago, nya tangtos ngawengku Sumedang.
Urang teraskeun deui ah Semplak Waja...
JP
Sim kuring di Jakarta di Kuningan, alamatna? Nu aya kaca patri gambar kujang,
daun paku. Dihareup aya tulisan Saung Galah (latin) dihandapna Jalak Pakuan
(sunda pegon niron tina tulisan sunda kiriman kang Kumi).
Kaleresan (coincidence)??? Duka atuh....
dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Harutan Ambu, nuju naon yeuh enjing-enjing?
Abdi mah nuju siduru harepeun hawu baheula mah, naha ayeuna siduru harepeun PC
ari lalawuhna mah aya coklat haneut disayogikeun ku pun bojo, beuleum boledna
mah bati kumerot wungkulah kakantun di Cilembu, raginang-opak kitu deui antukna
gap deui bae kana keyboard.
Perkawis Galunggung dina hartos Galungan Agung, nalika abdi ngadadak terang
sanes ngadadak dang-dud anu kaemutan teh "manawi ieu ge", perkawis proses
metamorphosis kajiwaan hiji jalmi anu manggihan pribadi dirina yen "primata
besar" ieu benten sareng primata sanesna sok sanaos awakna sami-sami ageung
atanapi malih langkung ageung, janten kagambarkeun galungan antawis "Kingkong"
sareng "Jalmi" sanes maung sakumaha dina diposting abdi kamari, rada campur
sareng gambaran anu sanes. Tangtosna dina galungan eta Jalmi tiasa ngawonkeun
Kingkong sok sanos langkung rongkah oge da Kingkong mah hewan, dieu ayana
ngawitan rasa kamanusan ninggalkeun sifat-sifat hewani diprilaku sanes dina
tuangeun. Tah pelaku sejarahna mah abdi teu terang, naha Batara Dangiang Guru
atawa sanes, tapi aya info yen kajantena ieu teh fase lanjutan ti fase ngawitan
nalika karuhun anu awal (kahiji) diturunkeun di puncak Gunung Sunda, teras
lungsur ka Galunggung. Tah kukituna, sok sanaos ku Ambu tos 'dijeprot'
asana mah henteu kedah dipulung deui margi tos ka aos kunu sanes, wios baelah
supados aya sken opinieun lumayan kanggo pembanding.
Kang Tirta Wijaya teureuh Batara Dangiang Guru, upami merhatoskeun
posting-posting Kang Tirta da abdi mah teu acan kantos pependak, abdi langkung
tiasa ngarasakeun pancaran energi sareng rasa tina seratan-seratan anjeuna
"ayalah" didieu abdi henteu bias ku penampilan atanapi dedeg pangadeg Kang
Tirta margi teu acan kantos tepang tea. Naha uing jadi dukun he, he, he,
he............, keun baelah da karasana kitu. Tapi ari nilik tina nami mah
Tirta Wijaya, moal leupas ti Sumedang, nyandak sir Angka Wijaya, margi nyandak
silihna ti Raden Wijaya mah diurang wangina tos kasilih ku Raden Angka Wijaya
tea.
Tri Tangtu di Bumi, Tri = tilu; Tangtu = pasti/ dikodratkeun
Di Galuh aya: Guru, Buyut, Prabu (Raja)
Di Baduy aya: Rama, Resi, Ponggawa
Di Cirebon ge aya: Guru, Ratu, Wong Tua (karo) anu kudu dipihormat, naha
susunan ieu magrupi hirarki atanapi tiasa wae diacak, upamina wong tua heula,
teras guru nembe ratu/pamarentah? Jigana ieu mah dokrin ti guru, katingal
guruna dipayunkeun he, he, he, he.
Ceuk pilosofina mah meureun urang hirup jeung huripna kulantaran ayana "tri
tangtu" ieu ajaran teh baheula mah meureun khusus pisan keur calon-calon
pamimpin masyarakat, tapi biasa bae ieu teh magrupi makom-makom atanapi
hambalan atanapi jalur karir pamimpin. Lamun bener 'tri tangtu' teh hal anu
pasti berarti urang ge ayeuna kawengku keneh ku "tri tangtu", mangga urang
lenyepan sasarengan.........!
Ambu eta anu di Baduy, kiten-kintena henteu patukeur Puun Rama - Batara
Dangiang Guru; Puun Resi - Batara Hiyang Buyut?
Baraya, tetela kaom Istri di Sunda mah darajatna luhur tur agung, dina mitologi
Sunda aya Nyi Pohaci, Sunan Ambu, Sang Hyang Sri jrrd ayeuna urang anu nota
bene mayoritas lalaki secara defakto guguru ka Ambu Diana, hatur nuhun guru!
wassalam,
dudi_ss
----- Original Message -----
From: richadiana kartakusuma
To: [email protected]
Sent: Friday, January 25, 2008 9:44 PM
Subject: Re: [kisunda] Kang Yani Copy Disertasi
Galunggung..Galungan Agung? ah teu kaci...geura mangga sesuaikeun sareng
konteks...aos deui heula...apanan Galunggung teh kalungguhan SEMPAKWAJA...
(karuhun Kang Tirta Wijaya, ngangkena mah) anjeuna teh dina Timbang Taraju
Jawadipa...sami sareng gelarna Batara Dangiang Guru... Ngararesi...tea...
tempat sasadu....diteraskeun ku putrana Sang Demunawan tea (Batara Dangiang
Kuning)...
Rayina (nu kadua) Rahiyang Tang Kidul ngadegna di Denuh gelarna Batara Hiyang
Buyut
Rayina deui (nu katilu) Mandiminyak (AMARA) anjeneng Prabu di karajaan Galuh
Tah didieu istimewana, konsep tatanan Mandala (kosmis) karuhun Sunda benten
sareng nu di Wetan...kaseundeuhan Hindu na rada kentel..
Dugi kaayeuna tiasa kasaksen keneh di Kanekes...Tri Tangtu di Bumi nyaeta
1) Tangtu Cikeusik = Puun Rama (ieu Sempakwaja Demunawan Batara Dangiang Guru)
2) Tangtu Cikartawana = Puun Resi (ieu Demunawan Batara Hiyang Buyut)
3) Tangtu Cibeo = Puun Prabu/Puun Ponggawa (ieu Mandiminyak = Raja)
sami sareng naskah Kabuyutan Galunggung
Jagat daranan di sang Rama
Jagat keireuta di sang Resi
Jagat palangka di sang Prabu
kalungguhan Galunggung teh ..ka-GULUNG-an ku nu AGUNG. Jeprot
Mangga bilih bade dipulung deui nun ...hueh hehe heh,
AMBU
.
[Non-text portions of this message have been removed]
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/