Insya Alloh Ambu abdi ge ari paniatan mah milih jalan anu sae, da geuning kolot abdi ge ngadidik kasaean diantawisna ngajakeun ngange acuk (sae) dibandingkeun abdi diantep bulucun (awon), dididik neda sangu sareng lalawuhna anu bergizi baheula nuju alit mah lalab + sambel, sayur, tahu, tempe, endog, lauk cai, lauk hayam sareng daging sakali-kalieun (toyib) dabandingkeun diantep kalaparan (HO) atanapi kirang gizi (awon), dididik disakolakeun (sae) dibandingkeun diajarkeun baramaen (awon) teras aya deui dipapatahan anu khusus ti karuhun nyaeta: teu kening nelasan pati, migarwa istri anu tos kakurung ku pernihakan batur, neda sacowet sareng guru (ieu mah siloka Ambu). Muga-muga abdi tiasa milih anu positif (+) sanes anu negatif (-), teras tiasa milih anu langkung positif (++) tibatan anu positif (+), upami aya kasempetanana tiasa milih anu pang positifna (+++) tibatan anu langkung positif), piduana wae Ambu.
Perkawis abdi dilebetkeun jalmi jail ku Ambu, salerena mah teu aya panitan "jail" Ambu, manawi eta buah tina fikiran anu narancabang heteu sistematis ditambih kalepatan// kakirangan// hilafiah ti diri abadi anu laif. Neda tawakup bae nya! wassalam, dudi_ss ----- Original Message ----- From: richadiana kartakusuma To: [email protected] Sent: Saturday, January 26, 2008 9:05 AM Subject: Re: [kisunda] Kang Yani Copy Disertasi Hatur Nuhun Kang, abdi mah mung hiji ngawiat teh (eta ge pami kawidian) satungtung hirup dugi ka ngke ...hossss....raga pisah sareng waruga.. keur abdi mah jalma berjuang (juritan), bertahan (nanjeur)....nya mun tiasa dina jalan nu "sae" lah (pakena keureuta bener)...da hese atuh "jadi sae" teh... teu kawas kana kaawonan..sakedet netra. Tah info ti akang, ku abdi ditampi....margi nu namina jalmi mah kodrat na seueur wae kakirang, teu leupas tina samudaya kuluputan kalepatan...ninggang dina wates (ceuk Mang Iyus Rusyana mah...jajanten ninggang papasten tea) Abdi "BUDAL HATE" didieu teh nya maksadna kitu....mulungan oge (hapunten sok heureuy...)... margi abdi mah pacabakan teh dina prasasti..(dokumen resmi) jaman baheula...nu basana arkais benten sareng kiwari...ari di Sunda prasasti teh kasebat rada-awis-pendak..dibanding sareng ti wetan... tah konsep nu ku akang dijentrekeun di dieu...mana kitu ge transformasi makna...nu dipihartos dina jaman perkembangan saatos...Batara Danghiyang... janten teu lepat....keur abdi mah... input...hartosna geuning dugi ka ayeuna kaangken keneh ajaran karuhun teh...janten buktos yen Sunda teh kumargi ti dituna masyarakat "PELADANG" nya budaya nu hirup teh "tutur" cerita lisan tah ieu salah sawios nu dipedar akang di dieu...sakali deui hatur nuhun... tah ieu maksad inti abdi jol ka milist Sunda teh...bertukar pikiran...balakecrakan dina elmu.."sajarah indung tea" janten kanggo abdi mah KRITIK TERBUKA LEBAR malah resep...janten hirup diskusi teh... Mung, ari Galunggung = Galungan Agung eta pamendak akang... ku abdi disimpen...kangge data, tapi pamendak abdi mah tetep (G=K) kagilungan ku nu Agung...margi mantena Sempakwaja nu diteraskeun ku putrana...tempat sasadu...Timbang Taraju Jawwadipa.. anu kdah dihormati ku raja-raja Sunda... mun aya nanaon....lumpat bae ka galunggung...bebeja ka galunggung... didamaikeun di galunggung...tempat musyarawarah sagalarupi masalah boh katatanagaraan..boh kayakinan jst..dugi ka disebatkeun ....nu teu ngahormat kabuyutan galunngung...leuwih hina batan kulit lasun dina runtah.. pacabakan abdi dina prasasti sanes "aing pinter atanapi leuwih" ..sanes..sanes kitu..punten piceun pamadegan eta ka abdi...tapi "ieu yeuh abdi di dieu, aya kasesah...peryogi data banding ti saha wae" Abdi ge nyuhunkeun hapunten pami pilihan kecap-basa abdi karaosna "beug" ka Dang DUD...eta mah heureuy we atuh...bongan hantem wae mancing... persuasif (euk basa deunguen mah panginten) tukang ngolo...siga ayeuna ge kitu..jeujeur diupanan...clom ka milist...kunyunyud..beunang laukna.. janten DANG DUD teh jail... hehehheh.. ... Nuhun AMBU . [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
