adat kang dudi mah nya, sok muji teh..teu resep abdi mah
TEU KENGING "MUJI' WAE...BISI PUPUJIEUN...ETA SIPAT TAKABUR..DIR..
PUJI MAH KARUHUN SUNDA..NU NYABABKEUN URANG SADAYANA TUG DUGI KA KIWARI 
DIDIEU...MANGGA URANG NAJUR BUDAYA INDUNG

AMBU

dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               Harutan Ambu, 
nuju naon yeuh enjing-enjing? 
 Abdi mah nuju siduru harepeun hawu baheula mah, naha ayeuna siduru harepeun PC 
ari lalawuhna mah aya coklat haneut disayogikeun ku pun bojo, beuleum boledna 
mah bati kumerot wungkulah kakantun di Cilembu, raginang-opak kitu deui antukna 
gap deui bae kana keyboard. 
 
 Perkawis Galunggung dina hartos Galungan Agung, nalika abdi ngadadak terang 
sanes ngadadak dang-dud anu kaemutan teh "manawi ieu ge", perkawis proses 
metamorphosis kajiwaan hiji jalmi anu manggihan pribadi dirina yen "primata 
besar" ieu benten sareng primata sanesna sok sanaos awakna sami-sami ageung 
atanapi malih langkung ageung, janten kagambarkeun galungan antawis "Kingkong" 
sareng "Jalmi" sanes maung sakumaha dina diposting abdi kamari, rada campur 
sareng gambaran anu sanes. Tangtosna dina galungan eta Jalmi tiasa ngawonkeun 
Kingkong sok sanos langkung rongkah oge da Kingkong mah hewan, dieu ayana 
ngawitan rasa kamanusan ninggalkeun sifat-sifat hewani diprilaku sanes dina 
tuangeun. Tah pelaku sejarahna mah abdi teu terang, naha Batara Dangiang Guru 
atawa sanes, tapi aya info yen kajantena ieu teh fase lanjutan ti fase ngawitan 
nalika karuhun anu awal (kahiji) diturunkeun di puncak Gunung Sunda, teras 
lungsur ka Galunggung. Tah kukituna, sok sanaos ku Ambu tos
 'dijeprot' asana mah henteu kedah dipulung deui margi tos ka aos kunu sanes, 
wios baelah supados aya sken opinieun lumayan kanggo pembanding. 
 
 Kang Tirta Wijaya teureuh Batara Dangiang Guru, upami merhatoskeun 
posting-posting Kang Tirta da abdi mah teu acan kantos pependak, abdi langkung 
tiasa ngarasakeun pancaran energi sareng rasa tina seratan-seratan anjeuna 
"ayalah" didieu abdi henteu bias ku penampilan atanapi dedeg pangadeg Kang 
Tirta margi teu acan kantos tepang tea. Naha uing jadi dukun he, he, he, 
he............, keun baelah da karasana kitu. Tapi ari nilik tina nami mah 
Tirta Wijaya, moal leupas ti Sumedang, nyandak sir Angka Wijaya, margi nyandak 
silihna ti Raden Wijaya mah diurang wangina tos kasilih ku Raden Angka Wijaya 
tea. 
 
 Tri Tangtu di Bumi, Tri = tilu; Tangtu = pasti/ dikodratkeun 
 Di Galuh aya: Guru, Buyut, Prabu (Raja)
 Di Baduy aya: Rama, Resi, Ponggawa
 
 Di Cirebon ge aya: Guru, Ratu, Wong Tua (karo) anu kudu dipihormat, naha 
susunan ieu magrupi hirarki atanapi tiasa wae diacak, upamina wong tua heula, 
teras guru nembe ratu/pamarentah? Jigana ieu mah dokrin ti guru, katingal 
guruna dipayunkeun he, he, he, he. 
 
 Ceuk pilosofina mah meureun urang hirup jeung huripna kulantaran ayana "tri 
tangtu" ieu ajaran teh baheula mah meureun khusus pisan keur calon-calon 
pamimpin masyarakat, tapi biasa bae ieu teh magrupi makom-makom atanapi 
hambalan atanapi jalur karir pamimpin. Lamun bener 'tri tangtu' teh hal anu 
pasti berarti urang ge ayeuna kawengku keneh ku "tri tangtu", mangga urang 
lenyepan sasarengan.........! 
 
 Ambu eta anu di Baduy, kiten-kintena henteu patukeur Puun Rama - Batara 
Dangiang Guru; Puun Resi - Batara Hiyang Buyut? 
 
 Baraya, tetela kaom Istri di Sunda mah darajatna luhur tur agung, dina 
mitologi Sunda aya Nyi Pohaci, Sunan Ambu, Sang Hyang Sri jrrd ayeuna urang anu 
nota bene mayoritas lalaki secara defakto guguru ka Ambu Diana, hatur nuhun 
guru! 
 
 wassalam, 
 dudi_ss
 
 ----- Original Message ----- 
   From: richadiana kartakusuma 
   To: [email protected] 
   Sent: Friday, January 25, 2008 9:44 PM
   Subject: Re: [kisunda] Kang Yani Copy Disertasi
 
 Galunggung..Galungan Agung? ah teu kaci...geura mangga sesuaikeun sareng 
konteks...aos deui heula...apanan Galunggung teh kalungguhan SEMPAKWAJA... 
(karuhun Kang Tirta Wijaya, ngangkena mah) anjeuna teh dina Timbang Taraju 
Jawadipa...sami sareng gelarna Batara Dangiang Guru... Ngararesi...tea... 
tempat sasadu....diteraskeun ku putrana Sang Demunawan tea (Batara Dangiang 
Kuning)...
 
 Rayina (nu kadua) Rahiyang Tang Kidul ngadegna di Denuh gelarna Batara Hiyang 
Buyut
 
 Rayina deui (nu katilu) Mandiminyak (AMARA) anjeneng Prabu di karajaan Galuh
 
 Tah didieu istimewana, konsep tatanan Mandala (kosmis) karuhun Sunda benten 
sareng nu di Wetan...kaseundeuhan Hindu na rada kentel.. 
 
 Dugi kaayeuna tiasa kasaksen keneh di Kanekes...Tri Tangtu di Bumi nyaeta 
   1) Tangtu Cikeusik = Puun Rama (ieu Sempakwaja Demunawan Batara Dangiang 
Guru) 
   2) Tangtu Cikartawana = Puun Resi (ieu Demunawan Batara Hiyang Buyut) 
   3) Tangtu Cibeo = Puun Prabu/Puun Ponggawa (ieu Mandiminyak = Raja) 
 
 sami sareng naskah Kabuyutan Galunggung
   Jagat daranan di sang Rama
   Jagat keireuta di sang Resi
   Jagat palangka di sang Prabu
 
 kalungguhan Galunggung teh ..ka-GULUNG-an ku nu AGUNG. Jeprot
 
 Mangga bilih bade dipulung deui nun ...hueh hehe heh,
 
 AMBU
 
 . 
    
 
 [Non-text portions of this message have been removed]
 
 
     
                               

       
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals?  Find them fast with Yahoo! Search.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke