Ah da panginten hirup mah kitu kang resep ku asesoris, resep gigindingan da ari 
hos mah geuning nya dibuntel ku kain bodas we... Tapi najan geus jadi mayit, 
bugang keukeuh we nu hirup ngaasesoris...make upacara lah, make kuburan agreng 
lah.
   
  Ku alatan resep gigindingan nya teu cacah teu menak tetep ngarudag 
"legitimasi", hayang diaku tea. Der nyarieun silsilah nu engkena nyambung ka 
Rasulullah, Nabi Adam. Atuh pami lokal nyambung ka raja-raja nu tos aya. Pami 
ceuk kuring mah tahap/perspektifna masih sajarah keur sajarah, tacan sajarah 
keur nyieun sajarah.....
   
  Pak Harto oge tos sae tah nerapkeun sajarah Sultan Agung dipake keur nyieun 
sajarah. Mun kacamata karajaan mah Pa Harto teh hebat.....ngan salah pasang da 
jamana geus robah ku alatan globalisasi nu cirina demokrasi, HAM, jadi we upeti 
= korupsi, ngajaga kaamanan = ngalanggar HAM.
   
   
  salam
  tirta

MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          jadi emut kana sajarah (alm) Pa Harto, anu diserat
dina sababaraha buku, kitu oge saur inyana, anu ngaku
budak desa anu dilahirkeun di Desa Kemusuk,
yogyakarta.
Padahal mah ceuk cenah, pa harto teh masih aya
katurunan ti raja-raja jogya, tapi sanes ti istri
resmi (permaisuri). Panginten ngaku budak desa pikeun
nunjukkeun ka balarea, jalma cacah oge tiasa jeneng
jadi pamingpin, atanapi supados langkung merakyat.

Tapi kadieunakeun, eta carita (mitos) teh jadi
patojaiyah, ku ayana astana Giribangun. Ceuk sakaol
mah sajarah diwangunna astana giribangun, pedah
kulawarga pa harto teu kenging dikurebkeun di kompleks
makam katurunan sareng raja Jogja, nyaeta Imogiri. 
Tah, kasang tukang kitu, astana giribangun "nandingan"
imogiri. Ceuk cenah mah, giribangun teh leuwih agreng
batan imogiri.

Tah, upami nuturkeun "logika" asal ti desa, upami
leres ti desa sareng hoyong "ngahiji" sareng rahayat,
sakedahna mah teu kedah ngawangun giribangun atanapi
dikurebkeun di Giribangun. Sapertos pa Hatta, contoh
pamingpin anu dikurebkeun di makam umum, sok sanajan,
gaduh hak dikurebkeun di taman makam pahlawan. (tapi
didieu rupina karakter urang sebrang benten sareng
karakter urang Jawa).

Kapungkur kantos maca buku seratan (alm) Dr. Alfian,
anu ngadongeng mitos ratu adil/erucakra, dimana para
pamingpin sok ngait-ngaitkeun kahirupanana ka para
tokoh anu janten mitos di masyarakatna, supados nambih
kawibawaan/pangaruhna. Dina perkara ieu, sanes wae
pamingpin/tokoh politik anu sok ngait-ngaitkeun sareng
mitos, tapi oge para pamingpin agama. Contoh jelasna
"Mitos Gus Dur" anu rame dipadungdengkeun di milis
ieu, satengah katurunan raja tiongkok, satengah deui
katurunan ti Arab, para nabi penyebar agama Islam.

Jadi, jigana sajarah urang teh pinuh sajarah para
tokoh/pamingpin/raja. Teu aya tempat kanggo sajarah
para cacah.(ceuk sakaol mah, cenah, upama kahirupan
ieu dipinuhan ku sajarah para cacah, moal katampung,
pinuh pisan). Jadi, nya, wayahna sajarah kahirupan
dieusian ku para tokoh. Tos, wae para cacah mah cekap
ngucapkeun "sumuhun dawuh".

baktos,

mrachmat uidipura
hoyong kalebet golongan "sumuhun dawuh"

--- engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Sampurasun nun, bade ngiring mairan sakedik
> meungpeung
> kaparengkeun.
> 

> Tapi nya simkuring ngarti, ungkapan eta tandaning
> reueus kanu jadi luluhur panutanna, geuning umumna
> pahayang-hayang urang Sunda disebut turunan/teureuh
> Prabu Siliwangi, mun urang Panjalu pahayang-hayang
> kaasup turunan Sangiyang Prabu Borosngora (kaasup
> simkuring he...he...), urang Cirebon hayang disebut
> turunan Sunan Gunungjati, gumantung saha tokoh
> luluhur
> nu jadi panutan di eta wewengkon, tapi nu penting
> mah
> kalayan aya manfaatna keur balarea nyaeta, kumaha
> sangkan urang dina sajeroning hirup didunya teh
> milampah pagawean saperti nu geus dicontoan ku tokoh
> panutan eta. 
> Kitu manawi pamairan simkuring.
> 
> pun sapun -- Rampes Nun,
> 
> Engkus 
> --- Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Dina Sajarah Sukapura (Disertasi DR Emuh
> Somantri?)
> > disebutkeun eta bupati2 priangan teh kabeh turunan
> > ti Eyang Dago bin Rd Benawa bin Jaka Tingkir. Jadi
> > turunan Pajang/Demak sanes Mataram. 

__________________________________________________________
Never miss a thing. Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo.com/r/hs


                         

 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke