Kang Rachmat, Hapunten nembe diwaleran. Sapuk pisan. Mangga, abdi ngiringan. Soal anu rek ngajalankeunana mah naha koperasi atawa tim khusus anu moderatorna - sakumaha usulan Mh - Kang Tirta, kuring sapuk. Keur nambahan tim, aya Kang Lesmana, urang Sumedang anu geus 17 taunan di Bali. Anjeunna mah wiraswastawan tulen, damelna utamana dina tour and travel. Cocok sigana lamun ngalegaan kana kuliner da sawanda.
Ngeunaan koperasi, keur disiapkeun heula sistemna, sangkan hambalanana pageuh. Nya rada ngorondang lelengkahan teh dan kalis ku pacabakan maneuh anu wajib, tugas di ktr tea (tapi, dina widang nyadiakeun sarana pertanian mah, alis pupuk 80% tos organik, keur dihaeutkeun pisan). Ngeunaan lahan keur lokasi, koperasi geus aya anu nawaran, legana kl 1 hektar di wewengkon Punclut. Sigana payus tah eta lokasi keur warung sangu etnik. Ngan kudu dikonsep anu rancage itu ieuna, sakalian maparin conto ka warung nasi-warung nasi anu aya di sabudeureun Punclut: kumaha ngokolakeun kuliner tradisi urang anu bisa oge ngahirupkeun paekonomian, boh nu ngokolakeunana ataw masyarakat sabudeureunana. Mangga, diantos pisan icikibung ti sadayana anu minat dina widang ieu. Kang Tirta, mangga geura luluguan ieu lolongkrang. Tuh anu nuju di Thailand oge sakitu haat merhatoskeun. baktos, manAR On Feb 15, 2008 9:51 AM, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kuring gaduh usulan, kumaha ngadamel resto khas Sunda, > kalayan dimotoran ku para anggota milis ieu > (urangsunda), atuh namina "Restoran Urangsunda". > Kumaha pamodalanana, sareng saha anu ngokolakeunana? > Kuring usul, kumaha koperasi Sarakan? > Ceuk kuring mah, ide ieu tiasa kongrit dilaksanakeun. > Upami modalna kirang, urang urunan wae. > Ngarah gampil ongkoh, upami wargi KUSnet bade "kopi > darat" > Kumaha tah Kang Oman? > > baktos, > > mrachmat kulinerdipura > > --- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] <omanarah%40gmail.com>> wrote: > > > Ambu, iraha-iraha atuh urang ngariung di warung > > sangu Bancakan, jl. > > Trunojoyo...lumayan raos katuanganana (sanes promosi > > ieu mah). Naon anu > > ditataan ku Ambu perkara katuangan Sunda anu > > kaayeunakeun sawareh geus meh > > langka kapendak, aya di dinya, lengkep katut ka > > pakakas masakna. Bilih Ambu > > bade ngadagoan liwet bari siduru dina hawu, sayogi. > > Bade pesen katuangan ti > > katut atahanana, samakta. Nu dibeuleumna, dipais > > atawa disanggrayna. Mun > > keur teu seueur teuing tamu mah tara pati lila > > nungguanana, bari urang > > kenging icikibung kaprak-keprekna. > > > > Satemenna, warung khas model kitu ayeuna kaasup keur > > mejeuhna rentul, lir > > supa usum hujan. Ti mimiti kelas biasa-biasa, nepi > > ka kelas wah. Tina anu > > sakitu lobana teh khususna masakan Sunda keur > > meujeuhna malekar, jrung-jreng > > diditu di dieu anu ngadegkeun "rumah makan khas > > Sunda", jeung anu sawandana. > > Malah kamari aya sobat ngobrol di milist. Inyana > > keur meunang pancen ti > > dununganana. Misina teh ngadegkeun rumah makan khas > > Sunda di wewengkon > > wisata di Bali, ti mimiti milih lokasi, disain > > interior-ekterios nepi ka > > tataboga jeung ornamen di jerona, oge hidangan > > kakawihan pangiringna. Nya > > sakadugana - da karek wacana, tacan buleud pisan - > > si kuring maparin > > sababaraha katerangan ka inyana pakait jeung kuliner > > Sunda (ke sugan lamun > > inyana ngahubungan deui rek diteruskeun ka nu > > arahlina). > > > > "Rumah makan khas Sunda"? Aya anu narik ati lebah > > eta ikon. Upamana urang > > nengetan aran warung sangu anu mamawa ngaran seler, > > arang langka atawa meh > > disebutkeun tara aya anu make kecap "khas, kajaba > > anu Sunda. Upamana wae: > > rumah makan (rm) padang, teu make kecap "khas". Pon > > kitu deui ngaran rm-rm > > ti seler sejenna kayaning rm manado, rm aceh, rm > > jawa (aya kitu? :) ) langka > > pisan (geus "langka", make "pisan" deui) > > kapireungeuh make kecap "khas". Na > > ari rm Sunda, meh sabagean gede ngaranna teh sok > > make kecap khas" RM Khas > > Sunda" atawa "masakan khas Sunda", jsb. Aya naon? > > Naon rusiahna? (hehe, > > keukeuh resep kana rusiah, keun wae nya Ambu da > > kadaharan ieu mah). > > > > Eta kanyataan bisa jadi pituduh yen masakan atawa > > kuliner Sunda > > teh teges-teges boga kakuatan. Mibanda selling point > > istilahna mah alias > > boga ajen jual. Munasabah ari kitu na mah. Eta wae > > ngobrol jeung kang Yaya > > Rukayadi, ahli farmakologi urang Sumedang asli anu > > keur ngumbara di Korea > > (jadi dosen di Yonsei Univ) soal pepelakan > > obat-obatan (herbal) khas Sunda, > > nguatkeun eta kacindekan. Saurna, beda antara herbal > > seler wetan (jamu) > > jeung anu di Sunda. Anu di urang (Sunda), herbal teh > > umumna edible > > alias tiasa digayem ku Kang Kumi. Jadi wae anu di > > Sunda mah kalebet hiji > > kelompok anu khusus, nyaeta "edible medicinal plant" > > tea. Singgetna mah: > > pepelakan obat-obatan di Sunda nya boga fungsi > > pangobatan, nya raos > > dijadikeun deungeun sangu. Hayu atuh, tos rada > > kukurubukan yeuh. > > > > manAR > > > . > > __________________________________________________________ > Looking for last minute shopping deals? > Find them fast with Yahoo! Search. > http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping > > [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
