kang oman, mun dipunclut, jigana hade upama eta kawasan jadi kampung buku
tea. (mh)

On 2/17/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Kang Rachmat,
>
> Hapunten nembe diwaleran. Sapuk pisan. Mangga, abdi ngiringan. Soal anu
> rek
> ngajalankeunana mah naha koperasi atawa tim khusus anu moderatorna -
> sakumaha usulan Mh - Kang Tirta, kuring sapuk. Keur nambahan tim, aya Kang
> Lesmana, urang Sumedang anu geus 17 taunan di Bali. Anjeunna mah
> wiraswastawan tulen, damelna utamana dina tour and travel. Cocok sigana
> lamun ngalegaan kana kuliner da sawanda.
>
> Ngeunaan koperasi, keur disiapkeun heula sistemna, sangkan hambalanana
> pageuh. Nya rada ngorondang lelengkahan teh dan kalis ku pacabakan maneuh
> anu wajib, tugas di ktr tea (tapi, dina widang nyadiakeun sarana pertanian
> mah, alis pupuk 80% tos organik, keur dihaeutkeun pisan).
>
> Ngeunaan lahan keur lokasi, koperasi geus aya anu nawaran, legana kl 1
> hektar di wewengkon Punclut. Sigana payus tah eta lokasi keur warung sangu
> etnik. Ngan kudu dikonsep anu rancage itu ieuna, sakalian maparin conto ka
> warung nasi-warung nasi anu aya di sabudeureun Punclut: kumaha ngokolakeun
> kuliner tradisi urang anu bisa oge ngahirupkeun paekonomian, boh nu
> ngokolakeunana ataw masyarakat sabudeureunana.
>
> Mangga, diantos pisan icikibung ti sadayana anu minat dina widang ieu.
> Kang
> Tirta, mangga geura luluguan ieu lolongkrang. Tuh anu nuju di Thailand oge
> sakitu haat merhatoskeun.
>
> baktos,
> manAR
>
> On Feb 15, 2008 9:51 AM, MRachmat Rawyani <[EMAIL 
> PROTECTED]<mrachmatrawyani%40yahoo.com>>
> wrote:
>
> > Kuring gaduh usulan, kumaha ngadamel resto khas Sunda,
> > kalayan dimotoran ku para anggota milis ieu
> > (urangsunda), atuh namina "Restoran Urangsunda".
> > Kumaha pamodalanana, sareng saha anu ngokolakeunana?
> > Kuring usul, kumaha koperasi Sarakan?
> > Ceuk kuring mah, ide ieu tiasa kongrit dilaksanakeun.
> > Upami modalna kirang, urang urunan wae.
> > Ngarah gampil ongkoh, upami wargi KUSnet bade "kopi
> > darat"
> > Kumaha tah Kang Oman?
> >
> > baktos,
> >
> > mrachmat kulinerdipura
> >
> > --- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] 
> > <omanarah%40gmail.com><omanarah%40gmail.com>> wrote:
> >
> > > Ambu, iraha-iraha atuh urang ngariung di warung
> > > sangu Bancakan, jl.
> > > Trunojoyo...lumayan raos katuanganana (sanes promosi
> > > ieu mah). Naon anu
> > > ditataan ku Ambu perkara katuangan Sunda anu
> > > kaayeunakeun sawareh geus meh
> > > langka kapendak, aya di dinya, lengkep katut ka
> > > pakakas masakna. Bilih Ambu
> > > bade ngadagoan liwet bari siduru dina hawu, sayogi.
> > > Bade pesen katuangan ti
> > > katut atahanana, samakta. Nu dibeuleumna, dipais
> > > atawa disanggrayna. Mun
> > > keur teu seueur teuing tamu mah tara pati lila
> > > nungguanana, bari urang
> > > kenging icikibung kaprak-keprekna.
> > >
> > > Satemenna, warung khas model kitu ayeuna kaasup keur
> > > mejeuhna rentul, lir
> > > supa usum hujan. Ti mimiti kelas biasa-biasa, nepi
> > > ka kelas wah. Tina anu
> > > sakitu lobana teh khususna masakan Sunda keur
> > > meujeuhna malekar, jrung-jreng
> > > diditu di dieu anu ngadegkeun "rumah makan khas
> > > Sunda", jeung anu sawandana.
> > > Malah kamari aya sobat ngobrol di milist. Inyana
> > > keur meunang pancen ti
> > > dununganana. Misina teh ngadegkeun rumah makan khas
> > > Sunda di wewengkon
> > > wisata di Bali, ti mimiti milih lokasi, disain
> > > interior-ekterios nepi ka
> > > tataboga jeung ornamen di jerona, oge hidangan
> > > kakawihan pangiringna. Nya
> > > sakadugana - da karek wacana, tacan buleud pisan -
> > > si kuring maparin
> > > sababaraha katerangan ka inyana pakait jeung kuliner
> > > Sunda (ke sugan lamun
> > > inyana ngahubungan deui rek diteruskeun ka nu
> > > arahlina).
> > >
> > > "Rumah makan khas Sunda"? Aya anu narik ati lebah
> > > eta ikon. Upamana urang
> > > nengetan aran warung sangu anu mamawa ngaran seler,
> > > arang langka atawa meh
> > > disebutkeun tara aya anu make kecap "khas, kajaba
> > > anu Sunda. Upamana wae:
> > > rumah makan (rm) padang, teu make kecap "khas". Pon
> > > kitu deui ngaran rm-rm
> > > ti seler sejenna kayaning rm manado, rm aceh, rm
> > > jawa (aya kitu? :) ) langka
> > > pisan (geus "langka", make "pisan" deui)
> > > kapireungeuh make kecap "khas". Na
> > > ari rm Sunda, meh sabagean gede ngaranna teh sok
> > > make kecap khas" RM Khas
> > > Sunda" atawa "masakan khas Sunda", jsb. Aya naon?
> > > Naon rusiahna? (hehe,
> > > keukeuh resep kana rusiah, keun wae nya Ambu da
> > > kadaharan ieu mah).
> > >
> > > Eta kanyataan bisa jadi pituduh yen masakan atawa
> > > kuliner Sunda
> > > teh teges-teges boga kakuatan. Mibanda selling point
> > > istilahna mah alias
> > > boga ajen jual. Munasabah ari kitu na mah. Eta wae
> > > ngobrol jeung kang Yaya
> > > Rukayadi, ahli farmakologi urang Sumedang asli anu
> > > keur ngumbara di Korea
> > > (jadi dosen di Yonsei Univ) soal pepelakan
> > > obat-obatan (herbal) khas Sunda,
> > > nguatkeun eta kacindekan. Saurna, beda antara herbal
> > > seler wetan (jamu)
> > > jeung anu di Sunda. Anu di urang (Sunda), herbal teh
> > > umumna edible
> > > alias tiasa digayem ku Kang Kumi. Jadi wae anu di
> > > Sunda mah kalebet hiji
> > > kelompok anu khusus, nyaeta "edible medicinal plant"
> > > tea. Singgetna mah:
> > > pepelakan obat-obatan di Sunda nya boga fungsi
> > > pangobatan, nya raos
> > > dijadikeun deungeun sangu. Hayu atuh, tos rada
> > > kukurubukan yeuh.
> > >
> > > manAR
> > >
> > .
> >
> > __________________________________________________________
> > Looking for last minute shopping deals?
> > Find them fast with Yahoo! Search.
> > http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping
> >
> >
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>  
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke