Nuhun Ambu informasina,
Wah nami-namina - ceuk barudak ayeuna mah - keren2 nya Ambu. Upamana
wae, "Ajuguna Linggawisesa", tegep pisan tah eta nami, Kira-kira naon
nya pihartoseunana Ambu? (anu karampa teh "Aji" = ajian, atikan,
cecekelan, "guna" = anu manfaat, 'lingga" = lalaki, "wisesa" =
wijaksana (?) atawa sagala bisa (?)). Pami seug aya anu ngaguar
etimologina masing-masing eta nami, syukur-syukur sareng
kasangtukangna nyangking eta nami, sigana lumayan mucekil pangajian
liwat internet teh.
Sarengna deui, pami diilo telik, mindeng pisan hiji nami teh
digunakeun sababaraha kali dina saruntuyan katurunan? Upamana wae,
nami "Wanaperih", sajabi ti nami ramana Wangsa Goparana (dalem
Nangkabeurit), eta nami teh tetela geuningan nami salahsaurang
rundayanana: Prabu Geusan Ulun tea. Munasabah kitu na mah nya Ambu, da
di mancanagara ge kitu, geuningan aya Edward yunior, jst.
Namung, hal bieu naha tiasa jadi hiji bahan pamiangan keur mecahkeun
pasoalan legenda atawa carita sabenerna tina hiji "carita rahayat".
Upamana wae, soal anu patepung jeung Saidina Ali kw, nyatana Kean
Santang atawa Prabu Borosngora. Upama eta patepungna teh dina harti
patepung fisik, nya sigana aya nami "Kean Santang" atawa "Borosngora"
nu sejen anu jumeneng dina abad ka-7 M (kalayan asumsi Kean Santang
anu katurunan Prabu Siliwangi ka sakitu atawa Prabu Borosngora
puterana Sanghiyang Cakradewa mah jumenengna kabehdieunakeun/ba'da
abad ka-7 M).
Nu sanesna, ngeunaan nami "Geusan Ulun". Ceuk beja eta ngaran teh
sabenerna mah disingget ngucapkeunana. Anu lengkepna, atawa
asal-usulna, saurna tina asal kecap "geusan ulun kumawula". Dua kecap
anu akhir ieu, "ulun kumawula", saur anu ngadongeng, sabenerna kecap
anu diwangun ku dua kecap, anu teu bisa dipisahkeun, tapi hartina
hiji. Lamun dina basa Indonesia mah model kecap "gegap gempita", atawa
"tunggang langgang"; atawa, anu sarimbag dina basa Sunda keneh: "idek
liher", jst.
Naha leres kitu Ambu? Pami leres, panginten aya asal-usulna? Kumaha
sajarahna dugi ka eta raja gaduh gelar "geusan (nga saukur pikeun)
ulun kumawula"? Atawa eta teh mangrupakeun visi anjeunna dina
enggoning ngaheuyeuk pamarentahan, nagara katut rahayatna? Hebring
kacida lamun satiap pamimpin ayeuna boga visi siga kitu: geusan ulun
kumawula (ka rahayat) wae jadi pamarentah teh.
baktos,
manAR
(hapunten, oge ka sadayana, laporan pajemuhan tea teu acan kabujeng,
nuju cooling down heula :)
: ,
On Feb 7, 2008 10:00 AM, richadiana kartakusuma
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
>
>
>
>
> Ajiguna Linggawisesa
> Ü Ü
>
> TAJIMALELA Ragamulya Suryadewata
> Ü Ü Ü
> Atmabrata Linggabuana Sudayasa
> (Gajah Agung) (Prabu Wangi) (Batara Gn.Bitung)
> Ü Ü Ü
> Wirajaya Wastukancana Darmasuci
> (Sn.Pagulingan) (Galuh-Kawali) (Raja Talaga)
> Ü Ü
> Ü Ü
> Ratnasih Mertalaya Dewaniskala Sn.Talaga Manggung
> (Rajamantri) (Sn.Guling) (Anggalarang)
> Ü Ü Ü
> Tirtakusuma Kusumalaya x Simbarkancana
> (Sn.Tuakan) Ajar Kutamangu)
> Ü Ü Ü
> Sintawati x Batara Sakawayana x Mayangsari
> (Nay Mas Patuakan) (Sn.Corenda)
> Ü Ü
> Pang. Santri x Satyasih Rangga Mantri x Wulansari
> (Pucuk Umun)
> u u
> Angkawijaya Sn. Wanaperih
> (Geusan Ulun)
>
> ---------------------------------
> Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.
>
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
>
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/