Haturan Baraya, kum bae kasadayana.... Perkawis etimologi "Geusan Ulun"; geusan hatosna tempat teras ulun hartosna hamba janten Geusan Ulun sami sareng "Tempat menghamba" dina basa Banjar (Banjarmasin) ulun teh hatosna kuring atanapi abdi basa Malayuna mah saya ari saya teh pan tina sahaya sami sareng hamba hartos ulun ti Ambu Diana. Kukituna "geusan Ulun" tiasa oge dihartoskeun "Tempat Kuring" naha janten pilieureun? Pan Prabu Geusan Ulun teh jalmi naha janten tempat (kuring), naha saha atuh anu ngangkeun kuring teh? Di urang aya istilah "Bedog nu neangan warangka", kantos kitu parawargi sadaya ngadangu paribasa eta. Tah janten Raden Angkawijaya teh warangkana da ari bedogna mah eta deui eta deui anu ti baheula ge eta...........
Hapunten... abdi ge lieur...... wassalam, dudi_ss ----- Original Message ----- From: oman abdurahman To: [email protected] Sent: Thursday, February 07, 2008 7:04 PM Subject: Re: Tajimalela>Bupat Priangan asal Pajang lain Mataram RE: [kisunda] Teureuh Batara Dangiang Guru?? Hatur nuhun Ambu, Ih numawi naroskeun atanapi ngadugikeun oge apanan kanggo konfirmasi. Tuh pan jelas wae ayeuna mah, naon hartosna "ulun" dina nami "Geusan Ulun" anu sohor pisan teh (minimal di wewengkon/jero masyakat Sumedang sareng para ahli sajarah Sunda). Ngeunaan Kean Santang di abad ka 16 M numawi eta pisan anu ku abdi dicepeng oge, dumasar buku/hasil panalungtikan sajarah nu aya. Mung, abdi "ngalungkeun" teori "nami nu sami anu dianggo deui ku katurunana mah" banget ku hoyong aya penjelasan yen patepangna Kean Santang sareng Saidina Ali kw teh patepang cara ragawi. Ana kitu mah memang eta cari ra'yat anu kalebet mitos tea...atawa...patepungna henteu sacara ragawi? wah...lamun enya teh anu akhir ieu mah lain pedaran widang arkeologi atawa elmu-elmu empiris nya Ambu. Hapuntenna tos ngarewong. baktos, manAR . [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
