Gustiiiiiiiiiiiiiii.....si Abah.......geus ngabodor teh...istuning teu 
kireum2.....na kumaha atuh..kuat ka ngacay kieu...banget ku ngehkey teu 
anggeus2....hahahahahaaaahhhhh....

Cik atuh Abah! 


----- Original Message ----
From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, July 1, 2008 10:49:14 AM
Subject: Re: [kisunda] Bagaimana Orang Jawa Menulis tentang Sunda


> From: Ema Sujalma
> cobi para wargi mangga medar hartosna beureum bodas anu sajati
> manawi aya nu medar sanesna ti M Yamin.

Tah M Yamin nu jadi cukang lantaran. Kuring boga peta sajarah Indonesia 
meunang M. Yamin di taun 1950'an. Dina Peta eta aya peta Majaphit keur 
jaya-jayana. Teu kira-kira kabeh kepoluan Indonesia, sabagean Philipina, 
Malaysia dikawasa ku Majapahit. Padahal Yamin teh urang Minang nu boga 
dongeng perkara ekspansionistna  Majapahit. Dongengna kieu cenah:

Jaman baheula Majapahit jeung Gajah Madana rek ngarurug Sumatera Barat.
Urang dinya, harita mah acan disebut urang Minang, muter
akal, kumaha ngalawan pasukan Majapahit nu sakitu rohakana.
Mucunghul ide, kumaha lamun urang Majapahit teh diajak ngadu
Munding? lamun munding urang minang eleh, daerah Sumbar jadi
taklukan Majapahit, tapi lamun meunang, Majapahit teu meunang
ngarurug ranah Minang. Ide ieu disaluyuan. Nya ngirim duta ka
Majapahit, ngajak ngadu munding nu make syarat-syarat eta (maklum urang 
Minang mah akhli diplomasi). Gegeden Majaphit satuju, da meureun mending 
ngadu munding tinimbang ngadu
jelema mah .....

Der weh tatan-tatan. Urang Minang nu acan disebut urang Minang teh
mikiran kumaha carana meunang. Maranehna lain nyokot munding jalu nu
gagah perkasa tapi .....nyokot Eneng (anak munding) nu keur
nyusuan, terus huntuna ditambahan huntu beusi nu sarareukeut.

Dina Poe "H"na, Urang Majapahit geus datang, bari mawa munding jalu
gede pisan, tandukna panjang jeung teu daek cicing bakating ku
galak. Munding dileupaskeun di alun-alun, ger balad Majapahit surak
ayeuh-ayeuhan. Munding Jalang-jeleng neangan musuh.

Teu kungsi lila, bray panto tempat eneng urang minang, dibuka. Eneng
nu geus saminggu teu bere nyusu ka indungna kaluar ti kandang.
Ungas-ingus ....nempo nu ngagantung dina bujur munding jalu nu keur
jalang-jeleng, anak munding teh nyangka eta teh susu indungna.
Sirintil disampeurkeun, sungutna kutup-ketap. Teu aya reaksi ti
Munding Jalu, da puguh ieu mah lain "musuh", ukur eneng. Si eneng nu
kalaparan langsung "nyusu" kana nu ngagantung. Jerete munding jalu
teh ngajerete, "nu ngagantungna" barobotan getih. Munding jalu arek
ngagadil, tapi hese da enengna tetep nunutur bujurna. Munding jalu
jadi frustasi ..... serebet lumpat-kaditu- kadieu, diuber-uber eneng
nu nunutur bujurna. Urang Minang ayeuh-ayeuhan, ngarasa meunang,
urang Majapaphit ngaharuleng, ngarasa eleh ....

Tiharita, urang dinya nyarebut dirina "MENANG KERBAU" nu akhirna
jadi robah "Minangkabau" .

Jadi? Daerah Minang teu kungsi dikawasa Majapahit .......

Baktos,
WALUYA 

    


      

Kirim email ke