Kang Oman anu bageur
Adityawarman teh masih sadulur sareng Nararyya Wijaya (Raden Wijaya = Bra 
Wijaya I). Adityawarman teh ti rundayan Krtanagara (raja Singasari > mitoha 
R.Wijaya) ti pihak istrina urang Malayu (dara Petak dan dara Jingga) janten 
"blood vein: ti ninina - ibuna  anu Malayu.

gelar warman > teh khas budaya "malayu" inferensi tina Sanskrta anu hartosna 
"sakuat baja" janten saha-saha anu nganggo gelar "warman" hartosna dibeulit ku 
kakuatan beusi
kukituna boh Dewawarman, Aswawarman, boh Mulawarman, oge Purnawarman...memiliki 
kekuatan besi, oge tiasa dihartos keun "acuk beusi"

Nyanggakeun
Ambu Wirumananggay
 




----- Original Message ----
From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, July 1, 2008 11:06:29 AM
Subject: Re: [kisunda] Bagaimana Orang Jawa Menulis tentang Sunda


Upama teu salah ingetan, rajana harita di "Minangkabau" teh
Aditiawarman tea sanes bah Wily? Upama make "warman-warman" kitu mah
meh sami sareng nami anu mimiti ngadegkeun karajaan di wewengkon Sunda
(Dewawarman) . Moal kitu katurunanana?

Saterusna, numbu "dongeng" Bah Wily ngeunaan eneng anu ngelehkeun
munding dewasa jalu, naon hubunganana jeung M. Yamin anu tembong
sakitu "muja"-na ka GM jeung Majapahit? Moal kitu hiji peta
"nganuhunkeun" ? atawa, sakumaha anyar-anyar ieu aya polemik din TV -
neruskeun polemik dina koran - M. Yamin memang teu pati resep ka Tatar
Sunda (jeung masyarakatna) . Eta wae, soal Pancasila oge lain jieunan
Soekarno cenah (anu implikasina dirumuskeun atawa kailhaman keur BK
aya di Tatar Sunda), tapi inyana (M. Yamin) anu ngali (menggali
Pancasila teh).

Diantos bah, wangkongan terasna.

manAR

On Tue, Jul 1, 2008 at 10:54 AM, richadiana kartakusuma
<richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> Gustiiiiiiiiiiiiiii .....si Abah.......geus ngabodor teh...istuning teu
> kireum2..... na kumaha atuh..kuat ka ngacay kieu...banget ku ngehkey teu
> anggeus2.... hahahahahaaaahhh hh....
>
> Cik atuh Abah!
>
> ----- Original Message ----
> From: Waluya <[EMAIL PROTECTED] co.id>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Tuesday, July 1, 2008 10:49:14 AM
> Subject: Re: [kisunda] Bagaimana Orang Jawa Menulis tentang Sunda
>
>> From: Ema Sujalma
>> cobi para wargi mangga medar hartosna beureum bodas anu sajati
>> manawi aya nu medar sanesna ti M Yamin.
>
> Tah M Yamin nu jadi cukang lantaran. Kuring boga peta sajarah Indonesia
> meunang M. Yamin di taun 1950'an. Dina Peta eta aya peta Majaphit keur
> jaya-jayana. Teu kira-kira kabeh kepoluan Indonesia, sabagean Philipina,
> Malaysia dikawasa ku Majapahit. Padahal Yamin teh urang Minang nu boga
> dongeng perkara ekspansionistna Majapahit. Dongengna kieu cenah:
>
> Jaman baheula Majapahit jeung Gajah Madana rek ngarurug Sumatera Barat.
> Urang dinya, harita mah acan disebut urang Minang, muter
> akal, kumaha ngalawan pasukan Majapahit nu sakitu rohakana.
> Mucunghul ide, kumaha lamun urang Majapahit teh diajak ngadu
> Munding? lamun munding urang minang eleh, daerah Sumbar jadi
> taklukan Majapahit, tapi lamun meunang, Majapahit teu meunang
> ngarurug ranah Minang. Ide ieu disaluyuan. Nya ngirim duta ka
> Majapahit, ngajak ngadu munding nu make syarat-syarat eta (maklum urang
> Minang mah akhli diplomasi). Gegeden Majaphit satuju, da meureun mending
> ngadu munding tinimbang ngadu
> jelema mah .....
>
> Der weh tatan-tatan. Urang Minang nu acan disebut urang Minang teh
> mikiran kumaha carana meunang. Maranehna lain nyokot munding jalu nu
> gagah perkasa tapi .....nyokot Eneng (anak munding) nu keur
> nyusuan, terus huntuna ditambahan huntu beusi nu sarareukeut.
>
> Dina Poe "H"na, Urang Majapahit geus datang, bari mawa munding jalu
> gede pisan, tandukna panjang jeung teu daek cicing bakating ku
> galak. Munding dileupaskeun di alun-alun, ger balad Majapahit surak
> ayeuh-ayeuhan. Munding Jalang-jeleng neangan musuh.
>
> Teu kungsi lila, bray panto tempat eneng urang minang, dibuka. Eneng
> nu geus saminggu teu bere nyusu ka indungna kaluar ti kandang.
> Ungas-ingus ....nempo nu ngagantung dina bujur munding jalu nu keur
> jalang-jeleng, anak munding teh nyangka eta teh susu indungna.
> Sirintil disampeurkeun, sungutna kutup-ketap. Teu aya reaksi ti
> Munding Jalu, da puguh ieu mah lain "musuh", ukur eneng. Si eneng nu
> kalaparan langsung "nyusu" kana nu ngagantung. Jerete munding jalu
> teh ngajerete, "nu ngagantungna" barobotan getih. Munding jalu arek
> ngagadil, tapi hese da enengna tetep nunutur bujurna. Munding jalu
> jadi frustasi ..... serebet lumpat-kaditu- kadieu, diuber-uber eneng
> nu nunutur bujurna. Urang Minang ayeuh-ayeuhan, ngarasa meunang,
> urang Majapaphit ngaharuleng, ngarasa eleh ....
>
> Tiharita, urang dinya nyarebut dirina "MENANG KERBAU" nu akhirna
> jadi robah "Minangkabau" .
>
> Jadi? Daerah Minang teu kungsi dikawasa Majapahit .......
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
> 
    


      

Kirim email ke