nu ieu we heula, nya, Kang Oman 
wastu = tonggak pusat (brahmasthana); kancana = emas, kumargi anjeuna 
ngadegkeun Kawali -- puseur karajaan Galuh saterasna (apanan sababaraha kali 
ngalih ibu kota teh).

oge manten na anu salah sawios mancegkeun karajaan kana jaman KEEMASAN, 
bangun-ulang saatos Palagan Bubat.
Pangalaman kajantenan Palagan Bubat = nista = klesa = kokotor anu ngotoran 
karajaan. Numawi Prebu Raja Wastu (nami anu pituin oge otentik diserat dina 
batu Kawali I) teras ngalihkeun puseur dayeuh (ibukota). Ibukota lami dianggap 
tos kotor kaseundeuhan musuh (ti Majhapahit tea).

Nu disebat "acuk = busana" sanes wae harafiah (wardrobe) tapi oge "baju = elmu, 
perilaku = tindakan yang berpola" 
Kitu Kang, samentawis na mah

Baktos
Ambu Wirumananggay


----- Original Message ----
From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, July 1, 2008 11:59:49 AM
Subject: Re: [kisunda] Bagaimana Orang Jawa Menulis tentang Sunda


Aeh Ambu, haturan.

Hatur nuhun pisan informasina. Janten nambihan elmu: "warman".

Pakait sareng anggoan anu dianggo gelar, salian ti beusi, aya oge
logam emas, rupina nya Ambu. Di karajaan Gowa aya anu gelar
"Tumaparissi kalo'na" --anu dikangkalungan emas beuheungna. Di urang
aya gelar "wastukancana" .

Tah sakantenan Ambu, ulah pameng nya babagi elmu, kumaha eta status
"emas" dibanding "beusi" teh? Naha nunjukkeun kamajuan peradaban?
atawa memang aya fungsi kakawasaan antara anu digelaran "beusi"
(warman) sareng anu dipaparin gelar make kecap "emas" (wastu kancana,
tumaparisi)?

Diantos.

manAR


  


      

Kirim email ke