teu kireum kireum nya nu ngabodor...bakating ku loba ngabarakatak.bari calangap......ieu beuteung jadi kukurubukan.......teu kuat lapar ahhhhhh.......mangga nu bade ngiringan urang tuang heula.... Safety Security and Environment I PT. Kraft Ultrajaya Indoneisa I Jl. Raya Cimareme No. 131, Padalarang - Bandung Barat - 40552 I Phone: 62-22 665 7458 ext. 235 I Fax: 62-22 662 0792 I
________________________________ From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of richadiana kartakusuma Sent: Tuesday, July 01, 2008 10:55 AM To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Bagaimana Orang Jawa Menulis tentang Sunda Gustiiiiiiiiiiiiiii.....si Abah.......geus ngabodor teh...istuning teu kireum2.....na kumaha atuh..kuat ka ngacay kieu...banget ku ngehkey teu anggeus2....hahahahahaaaahhhhh.... Cik atuh Abah! ----- Original Message ---- From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Tuesday, July 1, 2008 10:49:14 AM Subject: Re: [kisunda] Bagaimana Orang Jawa Menulis tentang Sunda > From: Ema Sujalma > cobi para wargi mangga medar hartosna beureum bodas anu sajati > manawi aya nu medar sanesna ti M Yamin. Tah M Yamin nu jadi cukang lantaran. Kuring boga peta sajarah Indonesia meunang M. Yamin di taun 1950'an. Dina Peta eta aya peta Majaphit keur jaya-jayana. Teu kira-kira kabeh kepoluan Indonesia, sabagean Philipina, Malaysia dikawasa ku Majapahit. Padahal Yamin teh urang Minang nu boga dongeng perkara ekspansionistna Majapahit. Dongengna kieu cenah: Jaman baheula Majapahit jeung Gajah Madana rek ngarurug Sumatera Barat. Urang dinya, harita mah acan disebut urang Minang, muter akal, kumaha ngalawan pasukan Majapahit nu sakitu rohakana. Mucunghul ide, kumaha lamun urang Majapahit teh diajak ngadu Munding? lamun munding urang minang eleh, daerah Sumbar jadi taklukan Majapahit, tapi lamun meunang, Majapahit teu meunang ngarurug ranah Minang. Ide ieu disaluyuan. Nya ngirim duta ka Majapahit, ngajak ngadu munding nu make syarat-syarat eta (maklum urang Minang mah akhli diplomasi). Gegeden Majaphit satuju, da meureun mending ngadu munding tinimbang ngadu jelema mah ..... Der weh tatan-tatan. Urang Minang nu acan disebut urang Minang teh mikiran kumaha carana meunang. Maranehna lain nyokot munding jalu nu gagah perkasa tapi .....nyokot Eneng (anak munding) nu keur nyusuan, terus huntuna ditambahan huntu beusi nu sarareukeut. Dina Poe "H"na, Urang Majapahit geus datang, bari mawa munding jalu gede pisan, tandukna panjang jeung teu daek cicing bakating ku galak. Munding dileupaskeun di alun-alun, ger balad Majapahit surak ayeuh-ayeuhan. Munding Jalang-jeleng neangan musuh. Teu kungsi lila, bray panto tempat eneng urang minang, dibuka. Eneng nu geus saminggu teu bere nyusu ka indungna kaluar ti kandang. Ungas-ingus ....nempo nu ngagantung dina bujur munding jalu nu keur jalang-jeleng, anak munding teh nyangka eta teh susu indungna. Sirintil disampeurkeun, sungutna kutup-ketap. Teu aya reaksi ti Munding Jalu, da puguh ieu mah lain "musuh", ukur eneng. Si eneng nu kalaparan langsung "nyusu" kana nu ngagantung. Jerete munding jalu teh ngajerete, "nu ngagantungna" barobotan getih. Munding jalu arek ngagadil, tapi hese da enengna tetep nunutur bujurna. Munding jalu jadi frustasi ..... serebet lumpat-kaditu- kadieu, diuber-uber eneng nu nunutur bujurna. Urang Minang ayeuh-ayeuhan, ngarasa meunang, urang Majapaphit ngaharuleng, ngarasa eleh .... Tiharita, urang dinya nyarebut dirina "MENANG KERBAU" nu akhirna jadi robah "Minangkabau" . Jadi? Daerah Minang teu kungsi dikawasa Majapahit ....... Baktos, WALUYA
