kang iskandar,...
sim kuring nu bodo tina babasaan sunda,...
tapi maca eta naskah diuraikeun,... ngeunah ngucapkeunana, ngeunah
kadanguna,...
cukup weh sakitu,... sip deh kang!
guarkeun atuh eta skripsi didieu, bagi2 pamendak,...
=roche=

--- In [email protected], "Tubagus Taufik Iskandar"
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Sampura Sun.
> 
> Abah, ambu, akang, ceuceu...........seja ngiring curhat sakedik. 
> Kieu caritana teh......nalika skripsi sim kuring beres disusun, 
> biasa sok aya ucapan-ucapan atanapi ayat2 qur'an dina kaca 
> pangpayunna. waktos harita sim kuring bingung naon anu bade diserat, 
> margi teu aya persiapan, janten bade saayana we............. 
> 
> Kumargi skripsi teh ngaguar ngeunaan naskah sunda, sim kuring hoyong 
> aya patula-patalina sareng naskah dina kaca pangpayunna teh. Ahirna, 
> duka ti mana sumpingna da spontanitas, ahirna sim kuring mendakan 
> sapertos kieu :
> 
> 
> Nemrak jeung nyata tapi pinuh siloka
> Ayeuna geus cunduk waktu
> Suaykeun hijab nu ngahalangan
> Korehan,guar jeung baladah seug buktikeun
> Ayana kanyaah karuhun ka seuweu siwi
> Heug geura pake jeung amalkeun deui
> 
> 
> Upami dicandak huruf kahijina unggal padalisan, ngabentuk kecap 
> NASKAH. Tah mung sakitu Abah, ambu, akang, ceuceu............. cag
> 
> 
> baktos,
> Siwi Nanggadipura
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke