WAH, tegep jaaasa....
urg geus wayah, muka carita nu pinuh ku siloka...
ngiring bingah....
..........oca tea...

--- On Thu, 7/24/08, Tubagus Taufik Iskandar <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Tubagus Taufik Iskandar <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [kisunda] Naskah Sunda
To: [email protected]
Date: Thursday, July 24, 2008, 1:54 AM

Sampura Sun.

Abah, ambu, akang, ceuceu...........seja ngiring curhat sakedik. 
Kieu caritana teh......nalika skripsi sim kuring beres disusun, 
biasa sok aya ucapan-ucapan atanapi ayat2 qur'an dina kaca 
pangpayunna. waktos harita sim kuring bingung naon anu bade diserat, 
margi teu aya persiapan, janten bade saayana we............. 

Kumargi skripsi teh ngaguar ngeunaan naskah sunda, sim kuring hoyong 
aya patula-patalina sareng naskah dina kaca pangpayunna teh. Ahirna, 
duka ti mana sumpingna da spontanitas, ahirna sim kuring mendakan 
sapertos kieu :


Nemrak jeung nyata tapi pinuh siloka
Ayeuna geus cunduk waktu
Suaykeun hijab nu ngahalangan
Korehan,guar jeung baladah seug buktikeun
Ayana kanyaah karuhun ka seuweu siwi
Heug geura pake jeung amalkeun deui


Upami dicandak huruf kahijina unggal padalisan, ngabentuk kecap 
NASKAH. Tah mung sakitu Abah, ambu, akang, ceuceu............. cag


baktos,
Siwi Nanggadipura
   





------------------------------------

Yahoo! Groups Links




      

Kirim email ke