Rampes,

Haturan kang Tubagus,

Bagja kacida ngupingna. Wilujeng.  Ngiring mairan sareng usul sakedik,
manawi aya manfaatna:

1) Dina pamuka skripsi, puisi anu huruf awalna ngawangun kecap
'NASKAH", panuju pisan nganggo kecap-kecap tina basa Sunda bubuhan anu
rek dibukana teh skripsi ngeunaan naskah Sunda. Ngan eta kecap
"hijab", asa leuwih payus upama diganti ku kecap "lalangse". Emut
geuningan kana carnyamna teh Aam Amalia anu dijantenkeun sintron:
"Sanggeus Lalangse Peuray". Ieu mah usul wae, da kecap "hijab" oge,
sok sanajan asalna tina basa Arab, ayeuna geus jadi kecap
Sunda/Indonesia oge;

2) Kalintang diantosna pedaran eusining skripsi salira. Tos kabayang,
keur kuring mah anu teu neuleuman - boro-boro neuleuman, noel oge
henteu - tangtu baris ageung pisan manfaatna, tiasa jalan-jalan atawa
lalayaran dina talaga naskah Sunda diaping sareng dinakhodaan ku
salira anu tos parigel sareng memang dina widangna. Mangga diantos
pisan, henteu sadayana didadarkeun oge atuh ringkesan-ringkesanana.

Hatur nuhun.

baktosna,
manAR



On Thu, Jul 24, 2008 at 3:54 PM, Tubagus Taufik Iskandar
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sampura Sun.
>
> Abah, ambu, akang, ceuceu...........seja ngiring curhat sakedik.
> Kieu caritana teh......nalika skripsi sim kuring beres disusun,
> biasa sok aya ucapan-ucapan atanapi ayat2 qur'an dina kaca
> pangpayunna. waktos harita sim kuring bingung naon anu bade diserat,
> margi teu aya persiapan, janten bade saayana we.............
>
> Kumargi skripsi teh ngaguar ngeunaan naskah sunda, sim kuring hoyong
> aya patula-patalina sareng naskah dina kaca pangpayunna teh. Ahirna,
> duka ti mana sumpingna da spontanitas, ahirna sim kuring mendakan
> sapertos kieu :
>
> Nemrak jeung nyata tapi pinuh siloka
> Ayeuna geus cunduk waktu
> Suaykeun hijab nu ngahalangan
> Korehan,guar jeung baladah seug buktikeun
> Ayana kanyaah karuhun ka seuweu siwi
> Heug geura pake jeung amalkeun deui
>
> Upami dicandak huruf kahijina unggal padalisan, ngabentuk kecap
> NASKAH. Tah mung sakitu Abah, ambu, akang, ceuceu............. cag
>
> baktos,
> Siwi Nanggadipura
>
>
> 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke