simkuring bade ngacung kapiheulaan ku Abah Oman, muhun dina kecap hijab asa kirang nyunda janten tos aya duaan nu usul supados hijab digentos upami ku lalangse simkuring kalebet nu nembe terang atuh ngahaturkeun nuhun ka Abah Oman oge sanesna simkuring lelengkah halu keneh
bagja upami eta skripsi rengse jigana kenging peunteun A + , didungakeun pisan Nilai A = Banten pan ? Tubagus mah biasana ti Banten . rahayu, On Sat, Jul 26, 2008 at 5:56 AM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Rampes, > > Haturan kang Tubagus, > > Bagja kacida ngupingna. Wilujeng. Ngiring mairan sareng usul sakedik, > manawi aya manfaatna: > > 1) Dina pamuka skripsi, puisi anu huruf awalna ngawangun kecap > 'NASKAH", panuju pisan nganggo kecap-kecap tina basa Sunda bubuhan anu > rek dibukana teh skripsi ngeunaan naskah Sunda. Ngan eta kecap > "hijab", asa leuwih payus upama diganti ku kecap "lalangse". Emut > geuningan kana carnyamna teh Aam Amalia anu dijantenkeun sintron: > "Sanggeus Lalangse Peuray". Ieu mah usul wae, da kecap "hijab" oge, > sok sanajan asalna tina basa Arab, ayeuna geus jadi kecap > Sunda/Indonesia oge; > > 2) Kalintang diantosna pedaran eusining skripsi salira. Tos kabayang, > keur kuring mah anu teu neuleuman - boro-boro neuleuman, noel oge > henteu - tangtu baris ageung pisan manfaatna, tiasa jalan-jalan atawa > lalayaran dina talaga naskah Sunda diaping sareng dinakhodaan ku > salira anu tos parigel sareng memang dina widangna. Mangga diantos > pisan, henteu sadayana didadarkeun oge atuh ringkesan-ringkesanana. > > Hatur nuhun. > > baktosna, > manAR > > On Thu, Jul 24, 2008 at 3:54 PM, Tubagus Taufik Iskandar > > <[EMAIL PROTECTED] <prbhu_wangi%40yahoo.co.id>> wrote: > > Sampura Sun. > > > > Abah, ambu, akang, ceuceu...........seja ngiring curhat sakedik. > > Kieu caritana teh......nalika skripsi sim kuring beres disusun, > > biasa sok aya ucapan-ucapan atanapi ayat2 qur'an dina kaca > > pangpayunna. waktos harita sim kuring bingung naon anu bade diserat, > > margi teu aya persiapan, janten bade saayana we............. > > > > Kumargi skripsi teh ngaguar ngeunaan naskah sunda, sim kuring hoyong > > aya patula-patalina sareng naskah dina kaca pangpayunna teh. Ahirna, > > duka ti mana sumpingna da spontanitas, ahirna sim kuring mendakan > > sapertos kieu : > > > > Nemrak jeung nyata tapi pinuh siloka > > Ayeuna geus cunduk waktu > > Suaykeun hijab nu ngahalangan > > Korehan,guar jeung baladah seug buktikeun > > Ayana kanyaah karuhun ka seuweu siwi > > Heug geura pake jeung amalkeun deui > > > > Upami dicandak huruf kahijina unggal padalisan, ngabentuk kecap > > NASKAH. Tah mung sakitu Abah, ambu, akang, ceuceu............. cag > > > > baktos, > > Siwi Nanggadipura > > > > > > > > -- Ema Sujalma
