mun teu ti wetan mah ti kulon, ti kaler sareng ti kidul. enya. 2008/8/3 Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]>
> Hayu urang babarengan maluruh mana nu enya_1. > > > > - Assalaamu'alaikum warohmatullahi wabarokatuh,sampurasuuun,kuring > Nonggerak menta hampura ka sakabeh sepuh,kuring meunang parentah deui jang > maluruh,sugan bisa urang nyaho carita anu puguh. Sumangga ka sadayana nu > nyaah ka urang sunda,urang pagedrog make carita,teu meunang make rasa,urang > kahareupkeun maksud mimitina,urang mimitian dina poena,nuturkeun carita nu > teu puguh timana asalna,kuring mawa carita nu mistina,lain ngan saukur nu > bisa katara. > > > - Sawareh mawa carita nu asa enya,dumasar kana kitab nu jiga enya. > Jieunan manusa nu teu kungsi aya dina kajadianana nu enya. Ngan hanjakal > tarung carita sok pang hayangna diaku enya. Sawareh mawa carita ti kolot2na > nu enya,ngeunaan kajadian nu teu kalakonan enya,ngan hanjakal ngabela ngan > ku rasa asa enya,teu inget lambey manusa sok jauh ti enya. Sawareh ngan > saukur ngadenge carita nu katingali enya,asa milu jeung katingali enya,keun > wae carita jauh ti enya,jeung sarua hanjakal sok pa enya-enya. Sawareh > nungguan nu mana nu enya,hayang maluruh karuhun pituin nu enya,ngarah bisa > nyulusup kana hate nu enya,ngarah teu haben unggal poe teu nyaho nu enya. > Sawareh teu paduli nu mana nu enya,da geus ngarasa euweuh patali jeung > kajadian nu enya,jeung ngarasa euweuh untungna malire nu enya,nu penting > bisa hirup jadi jalma enya. Kuring ngawakilan 'jalma' nu ngalaman nu > enya,dumasar kanu karasa,katingali,kainget nu enya,nu masih kumalendang > ngalakonan di alam dunya nu enya,ngan ukur hayang nepikeun kajadian nu > enya. > Hampura mun ceuk aranjeun teu enya,hampura mun teu kasawang ieu > enya,hampura > ulah kabawa hate nu enya,hampura mun kuring mawa carita nu teu biasa enya. > > > > - Siliwangi kataji ku ajaran Islam,diajar jeung ngadatangkeun guru2 > Islam,nepi ka ngaku dirina Islam,kunaon bet gujrud mun dirina Islam ? > - Ki Santang Islam,jadi batur dalit jeung guruna jang nempo > kalam,kajeun maranehna hirup beda alam,tetep pageuh mapay jaman nepi ka > salah sahiji tinggal makam. > > > > - Ulah jadi bancang pakewuh,anggur geura haget urang maluruh,kuring > panggih jeung nu kungsi wawuh,sugan jeung sugan ieu anu puguh. > - Lain teu hayang anjeuna mawa bukti ka kiwari,ngan hanjakal nu tiluan > can wani ngahiji nunjukeun ciri,anjeuna oge teu bisa sangeunahna > nyiliwuri,kawatesan ku aturan makhluk dina diri. > - Anjeun makhluk,kuring makhluk,anjeuna makhluk,oge nu geus tilar > makhluk. Anjeun mawa bukti,kuring mawa bukti,anjeuna mawa bukti,makam nu > tilar jadi bukti > - Kuring wawakil nu di amanatan,ngaikhtiaran nu ngahandeuleum lain di > wetan,sugan jeung sugan tinekanan,geus aya mah moal beunang beak dihakan. > Bari ngahaok ka urang sunda,naha sawareh teu percaya ka Sri Baginda,nu geus > ngahaja neundeun benda,jang bekel aranjeun nu geus lawas ka tunda. > > > > > > > -- Ema Sujalma
