Hatur nuhun Ki Nong sumping deui....Diskusi goes on! Wilujeng! ~ experientia docet sapientiam ~
----- Original Message ---- From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> To: urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>; baraya_sunda <[EMAIL PROTECTED]>; kisunda <[email protected]> Sent: Sunday, August 3, 2008 6:18:49 Subject: [kisunda] (Serat :18)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Hayu urang babarengan maluruh mana nu enya_1. Hayu urang babarengan maluruh mana nu enya_1. * Assalaamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh, sampurasuuun, kuring Nonggerak menta hampura ka sakabeh sepuh,kuring meunang parentah deui jang maluruh,sugan bisa urang nyaho carita anu puguh. Sumangga ka sadayana nu nyaah ka urang sunda,urang pagedrog make carita,teu meunang make rasa,urang kahareupkeun maksud mimitina,urang mimitian dina poena,nuturkeun carita nu teu puguh timana asalna,kuring mawa carita nu mistina,lain ngan saukur nu bisa katara. * Sawareh mawa carita nu asa enya,dumasar kana kitab nu jiga enya. Jieunan manusa nu teu kungsi aya dina kajadianana nu enya. Ngan hanjakal tarung carita sok pang hayangna diaku enya. Sawareh mawa carita ti kolot2na nu enya,ngeunaan kajadian nu teu kalakonan enya,ngan hanjakal ngabela ngan ku rasa asa enya,teu inget lambey manusa sok jauh ti enya. Sawareh ngan saukur ngadenge carita nu katingali enya,asa milu jeung katingali enya,keun wae carita jauh ti enya,jeung sarua hanjakal sok pa enya-enya. Sawareh nungguan nu mana nu enya,hayang maluruh karuhun pituin nu enya,ngarah bisa nyulusup kana hate nu enya,ngarah teu haben unggal poe teu nyaho nu enya. Sawareh teu paduli nu mana nu enya,da geus ngarasa euweuh patali jeung kajadian nu enya,jeung ngarasa euweuh untungna malire nu enya,nu penting bisa hirup jadi jalma enya. Kuring ngawakilan ‘jalma’ nu ngalaman nu enya,dumasar kanu karasa,katingali, kainget nu enya,nu masih kumalendang ngalakonan di alam dunya nu enya,ngan ukur hayang nepikeun kajadian nu enya. Hampura mun ceuk aranjeun teu enya,hampura mun teu kasawang ieu enya,hampura ulah kabawa hate nu enya,hampura mun kuring mawa carita nu teu biasa enya. * Siliwangi kataji ku ajaran Islam,diajar jeung ngadatangkeun guru2 Islam,nepi ka ngaku dirina Islam,kunaon bet gujrud mun dirina Islam ? * Ki Santang Islam,jadi batur dalit jeung guruna jang nempo kalam,kajeun maranehna hirup beda alam,tetep pageuh mapay jaman nepi ka salah sahiji tinggal makam. * Ulah jadi bancang pakewuh,anggur geura haget urang maluruh,kuring panggih jeung nu kungsi wawuh,sugan jeung sugan ieu anu puguh. * Lain teu hayang anjeuna mawa bukti ka kiwari,ngan hanjakal nu tiluan can wani ngahiji nunjukeun ciri,anjeuna oge teu bisa sangeunahna nyiliwuri,kawatesan ku aturan makhluk dina diri. * Anjeun makhluk,kuring makhluk,anjeuna makhluk,oge nu geus tilar makhluk. Anjeun mawa bukti,kuring mawa bukti,anjeuna mawa bukti,makam nu tilar jadi bukti * Kuring wawakil nu di amanatan,ngaikhtiar an nu ngahandeuleum lain di wetan,sugan jeung sugan tinekanan,geus aya mah moal beunang beak dihakan. Bari ngahaok ka urang sunda, naha sawareh teu percaya ka Sri Baginda,nu geus ngahaja neundeun benda,jang bekel aranjeun nu geus lawas ka tunda. Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
