sampurasun, punten Ki enong sanes ngarasa "aing" bener atnapi "hayang diaku dibenerkeun" da masalahna di dieu mah SAJARAH anu nyata2 tos kajadian = fakta, janten tanggung jawab urang Sunda sarerea-balareya. Sanes "ngabenerkeun nu salah" tapi ngalem- pengkeun, nempatkeun fakta sejarah kana wadahna kana enggona nu sajati
Sajarah mah sanes masalah interpretasi pribadi (subjektif) tapi objektif (sesuai data yang berbicara secara konkrit), ieu teu kaci digalideurkeun da datana aya - nyata upami bade ngarang ngadongeng sajarah mah...mangga taya nu ngawagel tiasa janten NOVEL, CERBER, KOMIK dllsb ngan ulah dipagaliwotakeun sareng fakta sajarah, abdi didieu nu bakal ngawaler KiEnong.Oge sanes NGAJAGO aing nu bener...tapi kusabab rasa tanggung jawab kana sajarah Sunda anu nepi ka ayeuna dipeungpeukan wae... teu tiasa mucunghul dina khasanah buku baku SEJARAH NASIONAL INDONESIA (tah eta aos heula geura!) di revisi ti tahun 1974 - tug ka kiwari khusus bab sajarah Sunda kitu2 keneh eusina, padahal seu-eur data lain...tapi teu diaku Naon sabab Sajarah Sunda teu diaku: 1) Wangsakerta dianggap BULSHIT > karena itu dilarang terbit berdasar SK Sudharmono (jaman ORBA) 2) Sajarah Sunda teh seueur tina carita tutur (Tradisi lisan) > karena prasasti memang tidak banyak di Sunda dibandingkan di daerah lain di Indonesia. 3) naskah2 atau manuskrip anu aya ayeuna aya teh sadayana SALINAN margi kapungkur mah teu aya teknik pengawetan lain selain DISALIN, satu2nya naskah yang telah dibuktikan da diakui valid adalah CARITA PARAHIYANGAN Kenyataan inilah YANG MENJADI TANGGUNG JAWAB URANG SUNDA kiwari, diantawisna 1) memeriksa ulang naskah Wangsakerta > otensitas dan validitasna ngarah tiasa lebet kana wadah anu saleresna carana bandingkan oge diiring ku data anu dianggap saheh> dugi ka buktos yen Wangsakerta (nu forbiden teh) saleresna sairing sareng kenyataan sejarah 2) memeriksa ulang naskah2 Sunda secara filologis oge metodologis historis (ekstern - intern) 3) oleh karena bangunan suci di Tatar Sunda mah mayoritas bangunan berundak anu sami sareng jaman megalitikum (prasejarah) numawi teu disebat candi tapi KABUYUTAN dengan pokok pemujaan kepada HIYANG sama dan sebangun sejak SUNDA ada di TATAR SUNDA nu mawi disebatna SUNDA NU WIWITAN 4) Kumargi ada unsur HIYANG = Leluhur = Karuhun oge jarang ditemukan bentuk candi HINDU-BUDA (kecuali di CIAMIS Selatan - Cangkuang dan Bojongmenje) maka kepurbakalaan Sunda dianggap tidak ada candi. Ini interpretasi sarjana kolonial WALANDA yang kemudian dipakai sebagai landasan pada sarjana urang dugi ka ayeuna. Numawi Sajarah Sunda teh dianggap teu penting sabab cnah teu ngalaman jaman sajarah 5) Periode sejarah oleh belanda diukur melalui penetrasi Hindu-Buda dengan ditemukannya sumber tertulis....sedangkan di Jawa Barat yang tertua dari Tarumanagara...lalu seakan2 hilang...kemudian muncul prasasti dari jaman karajaan Sunda. Disini GALUH hilang atau dianggap hilang karena tidak ada prasasti katanya (padahal aya). 6) saya menerima kenyataan ini bahwa jika bericara masalah GALUH selalu KABUYUTAN dan HIYANG dianggap PARANORMAL, implikasinya saya tidak diberi biaya dan kesempatan untuk meneliti kekunaan GALUH padadal GALUH adalah pendahulu PAJAJARAN... Ieu Ki Enong, nu kieu nu LIEUR keneh, nu jjanten tugas urang Sunda janten cik punten sing jelas pami ngalungkeun teh, ulah mung"ujug2" teu aya tong boro data oge sumber, salira saha ge geuning bet NYUMPUT NYALINDUNG kitu....mengapa tidak terbuka saja, lalu membahas rame2 disini juga banyak yang tahu dan berhak berbicara menyampaikan pendapatnya oge teu kenging belikan atanapi over sensitive.... KI SUNDA mah satu2nya milis yang OPEN MINDED.... teu kaci nyumput lamun enya TANGGUNG JAWAB KA SAJARAH KARUHUN SUNDA...sok BUKA! AMBU ----- Original Message ---- From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> To: urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>; baraya_sunda <[EMAIL PROTECTED]>; kisunda <[email protected]> Sent: Sunday, August 3, 2008 8:18:49 PM Subject: [kisunda] (Serat :18)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Hayu urang babarengan maluruh mana nu enya_1. Hayu urang babarengan maluruh mana nu enya_1. * Assalaamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh, sampurasuuun, kuring Nonggerak menta hampura ka sakabeh sepuh,kuring meunang parentah deui jang maluruh,sugan bisa urang nyaho carita anu puguh. Sumangga ka sadayana nu nyaah ka urang sunda,urang pagedrog make carita,teu meunang make rasa,urang kahareupkeun maksud mimitina,urang mimitian dina poena,nuturkeun carita nu teu puguh timana asalna,kuring mawa carita nu mistina,lain ngan saukur nu bisa katara. * Sawareh mawa carita nu asa enya,dumasar kana kitab nu jiga enya. Jieunan manusa nu teu kungsi aya dina kajadianana nu enya. Ngan hanjakal tarung carita sok pang hayangna diaku enya. Sawareh mawa carita ti kolot2na nu enya,ngeunaan kajadian nu teu kalakonan enya,ngan hanjakal ngabela ngan ku rasa asa enya,teu inget lambey manusa sok jauh ti enya. Sawareh ngan saukur ngadenge carita nu katingali enya,asa milu jeung katingali enya,keun wae carita jauh ti enya,jeung sarua hanjakal sok pa enya-enya. Sawareh nungguan nu mana nu enya,hayang maluruh karuhun pituin nu enya,ngarah bisa nyulusup kana hate nu enya,ngarah teu haben unggal poe teu nyaho nu enya. Sawareh teu paduli nu mana nu enya,da geus ngarasa euweuh patali jeung kajadian nu enya,jeung ngarasa euweuh untungna malire nu enya,nu penting bisa hirup jadi jalma enya. Kuring ngawakilan ‘jalma’ nu ngalaman nu enya,dumasar kanu karasa,katingali, kainget nu enya,nu masih kumalendang ngalakonan di alam dunya nu enya,ngan ukur hayang nepikeun kajadian nu enya. Hampura mun ceuk aranjeun teu enya,hampura mun teu kasawang ieu enya,hampura ulah kabawa hate nu enya,hampura mun kuring mawa carita nu teu biasa enya. * Siliwangi kataji ku ajaran Islam,diajar jeung ngadatangkeun guru2 Islam,nepi ka ngaku dirina Islam,kunaon bet gujrud mun dirina Islam ? * Ki Santang Islam,jadi batur dalit jeung guruna jang nempo kalam,kajeun maranehna hirup beda alam,tetep pageuh mapay jaman nepi ka salah sahiji tinggal makam. * Ulah jadi bancang pakewuh,anggur geura haget urang maluruh,kuring panggih jeung nu kungsi wawuh,sugan jeung sugan ieu anu puguh. * Lain teu hayang anjeuna mawa bukti ka kiwari,ngan hanjakal nu tiluan can wani ngahiji nunjukeun ciri,anjeuna oge teu bisa sangeunahna nyiliwuri,kawatesan ku aturan makhluk dina diri. * Anjeun makhluk,kuring makhluk,anjeuna makhluk,oge nu geus tilar makhluk. Anjeun mawa bukti,kuring mawa bukti,anjeuna mawa bukti,makam nu tilar jadi bukti * Kuring wawakil nu di amanatan,ngaikhtiar an nu ngahandeuleum lain di wetan,sugan jeung sugan tinekanan,geus aya mah moal beunang beak dihakan. Bari ngahaok ka urang sunda, naha sawareh teu percaya ka Sri Baginda,nu geus ngahaja neundeun benda,jang bekel aranjeun nu geus lawas ka tunda.
