> From: Tirta widjaja
> Leres, simpelna mah atuh kantun di update teori nu awal ku data enggal
> janten teori nu enggal. Teori mah pan kumaha data > sareng cara/metode
> nga"nalar"na. Lamun kang Darwin manggih data/fosil eta tapi nyumputkeun
> atawa malsukeun tangtos > disebat ngabohong.
Leres Kang, sareng deui saur saha Teori Evolusi runtag? Paling-paling
nyarebatna ceuk Harun Yahya. Tapi saha ari Harun Yahya teh? Manehna sanes
elmuwan nu icikibung dina natural science, tapi kasang tukangna seni (fine
art). Kaleresan kuring kungsi maca buku-bukuna nu leuwih ngaharib-harib buku
elmu pangaweruh populer tinimbang buku ilmiah. Eusina nyutat kaditu-kadieu,
ngan bentenna jeung buku elmu pangaweruh populer nu tara nyieun kacindekan
sorangan, Buku Harun Yahya mah, sanggeus nyutat kaditu-kadieu teh nyieun
kacindekan sorangan!
Tanggtu we rada lucu, sabab natural science mah sanes elmu meunang tina
literatur wungkul, tapi kudu jeung prakna di lapangan. Darwin 5 taun
apruk-aprukan ngurilingan Dunya, kitu deui Wallace di Indonesia nu tepi ka
ngajoprak keuna ku malaria. Ari ieu ujug-ujug "susurakan" Teori Darwin
runtag ......
Taun 2009, ceuk PBB disebut Taun Darwin/ Wallace, keur pangeling-ngeling 200
taun lahirna Darwin, jeung 150 taun lahirna Teori Evolusi. Janten ceuk saha
teori Evolusi Runtag?????
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/