haturan Abah Willy, aya gambar anu ku kuring teu kedah divisualkeun di dieu da pasti sadayana oge gaduh "gambaran visual" sewang-sewangan ti payun kantos diposting di cutat tina buku otak kanan nu ngarangna he love deui
*kieu gambarna teh* monyet --> manusa nyandak pacul/garpuh --> manusa nyandak bor --> manusa eksekutif muda --> pelukis he he he, kawitna ti darwin keneh jigana mah, namina oge otak katuhu baktosna, On Fri, Aug 29, 2008 at 1:59 PM, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > From: Tirta widjaja > > > Leres, simpelna mah atuh kantun di update teori nu awal ku data enggal > > janten teori nu enggal. Teori mah pan kumaha data > sareng cara/metode > > nga"nalar"na. Lamun kang Darwin manggih data/fosil eta tapi nyumputkeun > > atawa malsukeun tangtos > disebat ngabohong. > > Leres Kang, sareng deui saur saha Teori Evolusi runtag? Paling-paling > nyarebatna ceuk Harun Yahya. Tapi saha ari Harun Yahya teh? Manehna sanes > elmuwan nu icikibung dina natural science, tapi kasang tukangna seni (fine > art). Kaleresan kuring kungsi maca buku-bukuna nu leuwih ngaharib-harib > buku > elmu pangaweruh populer tinimbang buku ilmiah. Eusina nyutat kaditu-kadieu, > > ngan bentenna jeung buku elmu pangaweruh populer nu tara nyieun kacindekan > sorangan, Buku Harun Yahya mah, sanggeus nyutat kaditu-kadieu teh nyieun > kacindekan sorangan! > > Tanggtu we rada lucu, sabab natural science mah sanes elmu meunang tina > literatur wungkul, tapi kudu jeung prakna di lapangan. Darwin 5 taun > apruk-aprukan ngurilingan Dunya, kitu deui Wallace di Indonesia nu tepi ka > ngajoprak keuna ku malaria. Ari ieu ujug-ujug "susurakan" Teori Darwin > runtag ...... > > Taun 2009, ceuk PBB disebut Taun Darwin/ Wallace, keur pangeling-ngeling > 200 > taun lahirna Darwin, jeung 150 taun lahirna Teori Evolusi. Janten ceuk saha > > teori Evolusi Runtag????? > > Baktos, > WALUYA > > > -- Ema Sujalma
