Malah janten referensi lian dina elmu pulitik oge dina elmu manajemen/bisnis nu 
ngembangkeun aspek survival for the fittest, competitiveness.

salam
tirta
 ~ experientia docet sapientiam ~ 



----- Original Message ----
From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, August 28, 2008 23:59:40
Subject: Re: Bls: [kisunda] Teori Evolusi geuningan bohong...........!!!


> From: Tirta widjaja
> Leres, simpelna mah atuh kantun di update teori nu awal ku data enggal 
> janten teori nu enggal. Teori mah pan kumaha data > sareng cara/metode 
> nga"nalar"na. Lamun kang Darwin manggih data/fosil eta tapi nyumputkeun 
> atawa malsukeun tangtos > disebat ngabohong.

Leres Kang, sareng deui saur saha Teori Evolusi runtag? Paling-paling 
nyarebatna ceuk Harun Yahya. Tapi saha ari Harun Yahya teh? Manehna sanes 
elmuwan nu icikibung dina natural science, tapi kasang tukangna seni (fine 
art). Kaleresan kuring kungsi maca buku-bukuna nu leuwih ngaharib-harib buku 
elmu pangaweruh populer tinimbang buku ilmiah. Eusina nyutat kaditu-kadieu, 
ngan bentenna jeung buku elmu pangaweruh populer nu tara nyieun kacindekan 
sorangan, Buku Harun Yahya mah, sanggeus nyutat kaditu-kadieu teh nyieun 
kacindekan sorangan!

Tanggtu we rada lucu, sabab natural science mah sanes elmu meunang tina 
literatur wungkul, tapi kudu jeung prakna di lapangan. Darwin 5 taun 
apruk-aprukan ngurilingan Dunya, kitu deui Wallace di Indonesia nu tepi ka 
ngajoprak keuna ku malaria. Ari ieu ujug-ujug "susurakan" Teori Darwin 
runtag ......

Taun 2009, ceuk PBB disebut Taun Darwin/ Wallace, keur pangeling-ngeling 200 
taun lahirna Darwin, jeung 150 taun lahirna Teori Evolusi. Janten ceuk saha 
teori Evolusi Runtag?????

Baktos,
WALUYA

 


      Get your new Email address!
Grab the Email name you&#39;ve always wanted before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Kirim email ke