Malah janten referensi lian dina elmu pulitik oge dina elmu manajemen/bisnis nu ngembangkeun aspek survival for the fittest, competitiveness.
salam tirta ~ experientia docet sapientiam ~ ----- Original Message ---- From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, August 28, 2008 23:59:40 Subject: Re: Bls: [kisunda] Teori Evolusi geuningan bohong...........!!! > From: Tirta widjaja > Leres, simpelna mah atuh kantun di update teori nu awal ku data enggal > janten teori nu enggal. Teori mah pan kumaha data > sareng cara/metode > nga"nalar"na. Lamun kang Darwin manggih data/fosil eta tapi nyumputkeun > atawa malsukeun tangtos > disebat ngabohong. Leres Kang, sareng deui saur saha Teori Evolusi runtag? Paling-paling nyarebatna ceuk Harun Yahya. Tapi saha ari Harun Yahya teh? Manehna sanes elmuwan nu icikibung dina natural science, tapi kasang tukangna seni (fine art). Kaleresan kuring kungsi maca buku-bukuna nu leuwih ngaharib-harib buku elmu pangaweruh populer tinimbang buku ilmiah. Eusina nyutat kaditu-kadieu, ngan bentenna jeung buku elmu pangaweruh populer nu tara nyieun kacindekan sorangan, Buku Harun Yahya mah, sanggeus nyutat kaditu-kadieu teh nyieun kacindekan sorangan! Tanggtu we rada lucu, sabab natural science mah sanes elmu meunang tina literatur wungkul, tapi kudu jeung prakna di lapangan. Darwin 5 taun apruk-aprukan ngurilingan Dunya, kitu deui Wallace di Indonesia nu tepi ka ngajoprak keuna ku malaria. Ari ieu ujug-ujug "susurakan" Teori Darwin runtag ...... Taun 2009, ceuk PBB disebut Taun Darwin/ Wallace, keur pangeling-ngeling 200 taun lahirna Darwin, jeung 150 taun lahirna Teori Evolusi. Janten ceuk saha teori Evolusi Runtag????? Baktos, WALUYA Get your preferred Email name! Now you can @ymail.com and @rocketmail.com. http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/
