Mugi ieu informasi tiasa kaaos ku wargi-wargi (kisunda) anu janten pangrehraja
(padamel negeri sipil provinsi anu gaduh pangkat luhur), waktos pribados miang
umrah tahun 2006, diantawis acarana teh nyaeta kunjungan ka percetakan Al
Qur'an di Madinah.
Rengse kukurilingan ningalan percetakan, dilawang kaluar dibagi (gratis) Al
Qur'an hasil citakan ti eta pabrik, dina eta Al Qur'an teh aya tarjamahanana
bahasa Indonesia sareng Bahasa BUGIS (Makassar); teras sim kuring nyobian
nyuhunkeun digentosan ka anu tarjamahan Bahasa SUNDA; namung diwaler La ! alias
teu aya.
Kukituna sim kuring janten "sirik" naha ari Al Qur'an tarjamahan Bahasa Bugis
aya (dicitak dieta percetakan), tapi anu tarjamahan bahasa SUNDA teu aya alias
teu dicitak. Lamun dipikir-pikir Masyarakat Sunda anu Islam pastina oge
langkung seueur ti Masyarakat Bugis.
Ceuk beja mah Pemda Provinsi Sulawesi Selatan teh ngawangun gawe babarengan
(Kerja sama) jeung eta Percetakan Al Qur'an di Madinah, kukituna cing atuh
bapa-bapa pejabat Provinsi Jawa Barat babarengan jeung bapa-bapa pejabat ti
Provinsi Banten upami kaleresan nuju Munggah Haji atanapi muju Umrah, (Saena
mah ngahaja), sok digagas gawe babarengan sareng Percetakan Al Qur'an di
Medinah kanggo nyitak Al Qur'an versi Tarjamahan Indonesia jeun Bahasa Sunda.
Mangga abdi mah mung tiasa ngado'a mugi laksana.
Wagy
----- Original Message ----
From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]>
To: [EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, September 2, 2008 11:15:55 PM
Subject: Yasinan Re: [kisunda] Peuting
Kang Asep nu urgent numutkeun sim kuring mah tarjamah surah Yasin, kumargi:
1. Nu beredar ayeuna mah tarjamah basa Indonesia, janten dina acara Yasinan di
tatar sunda ayeuna mah seuseueruna teu ngangge tarjamah basa sunda;
2. Milari percetakan tarjamah basa sunda surah Yasin kacida hesena keur
kapentingan pangemut-ngemut 40/100 dinten maotna hiji jalmi.
Sim kuring mah gaduh kahoyong teh ngabiasakeun deui ngangge tarjamah sunda
Surah Yasin. Ieu strategis pisan ngabiasakeun make basa sunda secara massal.
Salam
tirta
~ experientia docet sapientiam ~
----- Original Message ----
From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Monday, September 1, 2008 23:18:52
Subject: Re: [kisunda] Peuting
Perkawis surah yasin, bade diupload kana wikipedia, mung nyhunkeun sarantos
margi ayeuna prioritasna kanggo juz 30 heula.
Upami bade pesen, kenging. Kaleresan tarjamah Al Qur'an ieu kapendakna di
Bandung (di pangaosan pun bapak sareng pun biang). Ke urang wartoskeun ka pun
bapa / pun biang supados dipangmesenkeun. Pangaosna mirah, upami teu lepat, Rp.
60 rebu.
Salam,
Asep
--- On Tue, 9/2/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: Re: [kisunda] Peuting
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Tuesday, September 2, 2008, 1:52 AM
Hatur nuhun Kang Asep, kenging pesen henteu kang? Pami aya mah surah Yaa Siiin.
salam
tirta
~ experientia docet sapientiam ~
----- Original Message ----
From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Monday, September 1, 2008 20:25:42
Subject: [kisunda] Peuting
Kanggo nu nuju saum, tamba ngagayot gado, ieu aya tarjamah surah Al Lail
(Peuting) nyumber kana www.quranexplorer. com sareng Al-Amin Al-Quran Tarjamah
Sunda:
Ayat ka
Tulisan Arab
Tarjamah basa Sunda
1. وَٱلَّيۡلِ إِذَا يَغۡشَىٰ Perhatikeun peuting nalika reup poék
2. وَٱلنَّہَارِ إِذَا تَجَلَّىٰ Jeung beurang nalika caang.
3. وَمَا خَلَقَ ٱلذَّكَرَ وَٱلۡأُنثَىٰٓ Jeung diciptakeunana lalaki jeung
awéwé..
4.. إِنَّ سَعۡيَكُمۡ لَشَتَّىٰ Saéstuna jalan (usaha) maranéh téh rupa-rupa.
5. فَأَمَّا مَنۡ أَعۡطَىٰ وَٱتَّقَىٰ Sing saha anu béréhan jeung takwa.
6. وَصَدَّقَ بِٱلۡحُسۡنَىٰ Jeung anu ngaenyakeun kana ayana pahala panghadéna
(sawarga),
7. فَسَنُيَسِّرُهُ ۥ لِلۡيُسۡرَىٰ Nya ku Kami baris digampangkeun kana (jalan)
anu gampang..
8. وَأَمَّا مَنۢ بَخِلَ وَٱسۡتَغۡنَىٰ Tapi sing saha anu korét turta ngarasa
aya dina kacukupan,
9. وَكَذَّبَ بِٱلۡحُسۡنَىٰ Jeung ingkar kana ayana pahala pangdéna (sawarga),
10. فَسَنُيَسِّرُهُ ۥ لِلۡعُسۡرَىٰ Nya ku Kami baris digampangkeun kana jalan
hésé-béléké.
11. وَمَا يُغۡنِى عَنۡهُ مَالُهُ ۥۤ إِذَا تَرَدَّىٰٓ Jeung harta-bandana moal
bisa nulungan upama manéhna binasa.
12. إِنَّ عَلَيۡنَا لَلۡهُدَىٰ Saenyana kawajiban Kami méré pituduh.
13. وَإِنَّ لَنَا لَلۡأَخِرَةَ وَٱلۡأُولَىٰ Jeung saenyana boga Kami ahérat
jeung dunya.
14. فَأَنذَرۡتُكُمۡ نَارً۬ا تَلَظَّىٰ Ku kituna, Kami ngawawadian maranéh ku
seuneu nu ngéntab-ngéntab.
15. لَا يَصۡلَٮٰهَآ إِلَّا ٱلۡأَشۡقَى Moal dipanggang didinya kajaba jalma nu
pangcilakana.
16. ٱلَّذِى كَذَّبَ وَتَوَلَّىٰ Anu ingkar (tina kabeneran) turta ngabalieur
(tina iman).
17. وَسَيُجَنَّبُہَا ٱلۡأَتۡقَى Jeung bakal dijauhkeun éta naraka téh ti jalma
anu pangtakwana.
18. ٱلَّذِى يُؤۡتِى مَالَهُ ۥ يَتَزَكَّىٰ Anu ngadarmakeun harta-bandana
lantaran hayang nyucikeunana.
19. وَمَا لِأَحَدٍ عِندَهُ ۥ مِن نِّعۡمَةٍ۬ تُجۡزَىٰٓ Padahal euwueh saurang
ogé anu méré nikmat ka manéhna nu kudu dibales budina.
20. إِلَّا ٱبۡتِغَآءَ وَجۡهِ رَبِّهِ ٱلۡأَعۡلَىٰ Tapi karana miharep karido
Pangéranna Nu Maha Luhung.
21. وَلَسَوۡفَ يَرۡضَىٰ Mangke éngké manéhna éstu bakal pinanggih jeung
kapuasan.
Wilujeng saum dinten kadua.
Asep
________________________________
Get your new Email address!
Grab the Email name you've always wanted before someone else does!
________________________________
New Email names for you!
Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail.
Hurry before someone else does!