Tah jigana upama salila bulan romadhon ieu meunang tarjamahan sasurat
oge, surat Yasin, ginding tah. Jurusna mah, burudulkeun we heula
sagala referensi nu aya, ti saha wae. Terus coba Sunda-keun
babarengan. Hasilna tarjamah Surat Yasin basa Sunda. Keur validasi,
menta tulung ka Kang Oman, sina dipariksa aspek basa Sundana ka
ahlina, Abah Surya misalna. Perkara validasi eusina, Kang Oman sina
neangan ahli tafsir nu ngoreksina. Engke eta hasilna bisa diracik jadi
tarjamahan make dua atawa tilu basa: Arab-Sunda-Indonesia-Inggris,
Arab-Sunda-Indonesia, atawa Arab-Sunda. Saterusna pasrahkeun ka  Kang
Tirta, sina neangan tarekah keur nerbitkeun jeung nyitakna. Mun
meunang donatur, hade hasilna dikirimkeun ka Masjid-Masjid.

salam,
mh

2008/9/3 Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]>:
> Mangga atuh upami kitu mah, bade dikeureuyeh sasarengan sareng juz 30.
>
> Salam,
> Asep
>
> --- On Tue, 9/2/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Yasinan Re: [kisunda] Peuting
> To: [email protected]
> Date: Tuesday, September 2, 2008, 12:15 PM
>
> Kang Asep nu urgent numutkeun sim kuring mah tarjamah surah Yasin, kumargi:
> 1. Nu beredar ayeuna mah tarjamah basa Indonesia, janten dina acara Yasinan
> di tatar sunda ayeuna mah seuseueruna teu ngangge tarjamah basa sunda;
> 2. Milari percetakan tarjamah basa sunda surah Yasin kacida hesena keur
> kapentingan pangemut-ngemut 40/100 dinten maotna hiji jalmi.
>
> Sim kuring mah gaduh kahoyong teh ngabiasakeun deui ngangge tarjamah sunda
> Surah Yasin. Ieu strategis pisan ngabiasakeun make basa sunda secara massal.
>
> Salam
> tirta
>

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke