aeh...leres kg Tirta...kg Aschev, baraya sadayanyah kamari uin nuju taraweh kahiji.. ngadangu wawaran ti ketua dkm... wirehna parantos aya kaputusan ti gubernur jabar... haneut keneh... saurna, upami hotbah di-utamikeun kedah nganggo basa sunda! sim uin panuju pisan sareng eta pamadegan... malih saur hotib teh... langkung nyerep kahartos, batan basa endonesya! tah, memang ti baheula, uin mah mah tapsir Qur'an teh ku basa sunda bae, kawitna al bayan teras anu ku a hassan, ahirna anu paling cop basa lan kecapna keur uin mah nyaeta anu kenging oemar bakry anu di tarjamahkeun ku m. sulaeman, ulama sareng pangarang ti ciwidey sareng sayudi, pangarang sareng budayawan sunda... kaluaran taun 1986/1987... mung sakali terbit, teu kaluar deui... hanjakal, seueur anu milarian tah, pada naros ka uin... teu aya... uin gen meser di toko leutik taun 89... seurna nu basa endonesya bae... cag! ....oca tea...
--- On Tue, 9/2/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Yasinan Re: [kisunda] Peuting To: [email protected] Date: Tuesday, September 2, 2008, 9:15 AM Kang Asep nu urgent numutkeun sim kuring mah tarjamah surah Yasin, kumargi: 1. Nu beredar ayeuna mah tarjamah basa Indonesia, janten dina acara Yasinan di tatar sunda ayeuna mah seuseueruna teu ngangge tarjamah basa sunda; 2. Milari percetakan tarjamah basa sunda surah Yasin kacida hesena keur kapentingan pangemut-ngemut 40/100 dinten maotna hiji jalmi. Sim kuring mah gaduh kahoyong teh ngabiasakeun deui ngangge tarjamah sunda Surah Yasin. Ieu strategis pisan ngabiasakeun make basa sunda secara massal. Salam tirta ~ experientia docet sapientiam ~ ----- Original Message ---- From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Monday, September 1, 2008 23:18:52 Subject: Re: [kisunda] Peuting Perkawis surah yasin, bade diupload kana wikipedia, mung nyhunkeun sarantos margi ayeuna prioritasna kanggo juz 30 heula. Upami bade pesen, kenging. Kaleresan tarjamah Al Qur'an ieu kapendakna di Bandung (di pangaosan pun bapak sareng pun biang). Ke urang wartoskeun ka pun bapa / pun biang supados dipangmesenkeun. Pangaosna mirah, upami teu lepat, Rp. 60 rebu. Salam, Asep --- On Tue, 9/2/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com> Subject: Re: [kisunda] Peuting To: [EMAIL PROTECTED] .com Date: Tuesday, September 2, 2008, 1:52 AM Hatur nuhun Kang Asep, kenging pesen henteu kang? Pami aya mah surah Yaa Siiin. salam tirta ~ experientia docet sapientiam ~ ----- Original Message ---- From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Monday, September 1, 2008 20:25:42 Subject: [kisunda] Peuting Kanggo nu nuju saum, tamba ngagayot gado, ieu aya tarjamah surah Al Lail (Peuting) nyumber kana www.quranexplorer. com sareng Al-Amin Al-Quran Tarjamah Sunda: Ayat ka Tulisan Arab Tarjamah basa Sunda 1. وَٱلَّيۡلِ إِذَا يَغۡشَىٰ Perhatikeun peuting nalika reup poék 2. وَٱلنَّہَارِ إِذَا تَجَلَّىٰ Jeung beurang nalika caang. 3. وَمَا خَلَقَ ٱلذَّكَرَ وَٱلۡأُنثَىٰٓ Jeung diciptakeunana lalaki jeung awéwé.. 4. إِنَّ سَعۡيَكُمۡ لَشَتَّىٰ Saéstuna jalan (usaha) maranéh téh rupa-rupa. 5. فَأَمَّا مَنۡ أَعۡطَىٰ وَٱتَّقَىٰ Sing saha anu béréhan jeung takwa. 6. وَصَدَّقَ بِٱلۡحُسۡنَىٰ Jeung anu ngaenyakeun kana ayana pahala panghadéna (sawarga), 7. فَسَنُيَسِّرُهُ ۥ لِلۡيُسۡرَىٰ Nya ku Kami baris digampangkeun kana (jalan) anu gampang. 8. وَأَمَّا مَنۢ بَخِلَ وَٱسۡتَغۡنَىٰ Tapi sing saha anu korét turta ngarasa aya dina kacukupan, 9. وَكَذَّبَ بِٱلۡحُسۡنَىٰ Jeung ingkar kana ayana pahala pangdéna (sawarga), 10. فَسَنُيَسِّرُهُ ۥ لِلۡعُسۡرَىٰ Nya ku Kami baris digampangkeun kana jalan hésé-béléké. 11. وَمَا يُغۡنِى عَنۡهُ مَالُهُ ۥۤ إِذَا تَرَدَّىٰٓ Jeung harta-bandana moal bisa nulungan upama manéhna binasa. 12. إِنَّ عَلَيۡنَا لَلۡهُدَىٰ Saenyana kawajiban Kami méré pituduh. 13. وَإِنَّ لَنَا لَلۡأَخِرَةَ وَٱلۡأُولَىٰ Jeung saenyana boga Kami ahérat jeung dunya. 14. فَأَنذَرۡتُكُمۡ نَارً۬ا تَلَظَّىٰ Ku kituna, Kami ngawawadian maranéh ku seuneu nu ngéntab-ngéntab. 15. لَا يَصۡلَٮٰهَآ إِلَّا ٱلۡأَشۡقَى Moal dipanggang didinya kajaba jalma nu pangcilakana. 16. ٱلَّذِى كَذَّبَ وَتَوَلَّىٰ Anu ingkar (tina kabeneran) turta ngabalieur (tina iman). 17. وَسَيُجَنَّبُہَا ٱلۡأَتۡقَى Jeung bakal dijauhkeun éta naraka téh ti jalma anu pangtakwana. 18. ٱلَّذِى يُؤۡتِى مَالَهُ ۥ يَتَزَكَّىٰ Anu ngadarmakeun harta-bandana lantaran hayang nyucikeunana. 19. وَمَا لِأَحَدٍ عِندَهُ ۥ مِن نِّعۡمَةٍ۬ تُجۡزَىٰٓ Padahal euwueh saurang ogé anu méré nikmat ka manéhna nu kudu dibales budina. 20. إِلَّا ٱبۡتِغَآءَ وَجۡهِ رَبِّهِ ٱلۡأَعۡلَىٰ Tapi karana miharep karido Pangéranna Nu Maha Luhung. 21. وَلَسَوۡفَ يَرۡضَىٰ Mangke éngké manéhna éstu bakal pinanggih jeung kapuasan. Wilujeng saum dinten kadua. Asep Get your new Email address! Grab the Email name you've always wanted before someone else does! New Email names for you! Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail. Hurry before someone else does!
