Kumargi anu nyitak tarjamah Sunda aya dua, CV Diponegoro (Al-Amin) jeung
Pusaka (atawa Pustaka? Ayat Suci Lenyepaneun), panginten upami hoyong mah
Kang Tirta tiasa ngontak eta penerbit nyungkeun buku yasinan tapi nganggo
tarjamah Sunda.

2008/9/2 Tirta widjaja

>    Kang Asep nu urgent numutkeun sim kuring mah tarjamah surah Yasin,
> kumargi:
> 1. Nu beredar ayeuna mah tarjamah basa Indonesia, janten dina acara Yasinan
> di tatar sunda ayeuna mah seuseueruna teu ngangge tarjamah basa sunda;
> 2. Milari percetakan tarjamah basa sunda surah Yasin kacida hesena keur
> kapentingan pangemut-ngemut 40/100 dinten maotna hiji jalmi.
>
> Sim kuring mah gaduh kahoyong teh ngabiasakeun deui ngangge tarjamah sunda
> Surah Yasin. Ieu strategis pisan ngabiasakeun make basa sunda secara massal.
>

Kirim email ke