Gambar (lukisan) kenging akang Ema dihapus ku kang Irwan Gatot (kuncen) sawatara minggu kapenker. Ngan kang Kumi nu tiasa mulangkeun deui gambar kenging kang Ema. Cobi kang Kumi, kumaha kedahna?
----- Original Message ---- From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Tuesday, September 9, 2008 12:47:47 PM Subject: Re: [kisunda] Saroja jigana aya nu protes mun manggihan ngaran kuring di wiki pedah teu ngangge curek, janten e pepet he he da eta ngeusian nana rurusuhan, tiasa diedit teu Kang ? ari cantigi mah sadayana ge resep, kumargi eta teh oge ngaran lembur di tasik janten, sanaos fungsina kanggo naon oge moal nolak.. waa'alaikum salam, On Tue, Sep 9, 2008 at 12:42 PM, Aseptea <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: Parahulu mah teu acan. Cantigi karesep kang Ema oge teu acan. Maos Sundanese-English Dict., cantigi seueur rupina. Dupi anu dipikaresep ku kang Ema, cantigi kanggo parfum sanes? Salam, Asep NB: Kanggo kang kuncen, aya hiji email abdi anu ngendog dina koropak spam jigana mah da dugi ka nyerat ieu email henteu acan mucunghul. Nyuhunkeun bantosanana. Hatur nuhun. ----- Original Message ---- From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED] com> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Tuesday, September 9, 2008 12:35:20 PM Subject: Re: [kisunda] Saroja Kang dupi PARAHULU tos aya ? eta mah rada aneh ...ceuk kuring eta ge.... da waktos dibandung mah tara mendakan mendakan soteh waktos di Tasik keur budak duka tos lebet wiki duka teu acan nya... baktos, On Tue, Sep 9, 2008 at 12:28 PM, Aseptea <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: Saroja Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda (http://su.wikipedia .org/wiki/ Saroja) ?Saroja Nelumbo nucifera Klasifikasi ilmiah Kingdom: Plantae Divisi: Magnoliophyta Kelas: Magnoliopsida Ordo: Proteales Famili: Nelumbonaceae Génus: Nelumbo Spésiés: N. nucifera Ngaran binomial Nelumbo nucifera Gaertn. Saroja (Nelumbo nucifera Gaertn) nyaéta spésiés tutuwuhan cai ti genus Nelumbo (taraté) anu asalna ti India. Di Indonésia, tutuwuhan ieu ogé mindeng disebut taraté anu sabenerna mangrupakeun genus Nymphaea. Saroja kungsi dipikawanoh kalawan ngaran binomial Nelumbium speciosum (Willd.) atawa Nymphaea nelumbo. Gagangna ngawangun silinder anu kosong di tengahna pikeun jalan ngaliwat hawa. Daunna aya dina beungeut cai, kaluar tina gagang anu asalna tina akar anu aya dina jero leutak atawa dadampar balong, walungan atawa ranca. Luhur ieu tutuwuhan kira-kira hiji méter nepi ka hiji satengah méter. Daunna tumuwuh ka luhur, luhureun beungeutcai. Daun ngawangun bunderan tanpa potongan, rérégéan di bagian sisi, kalawan urat daun nu ngariung ka tengah daun. Garis tengah daun bisa ngahontal 60 cm. Beungeut daun ngandung lapisan lilin sahingga cai anu murag kana beungeut daun ngabentuk buleudan cai. Kembangna boga garis tengah nepi ka 20 cm, boga warna bodas beresih, konéng atawa kayas, kaluar tina gagang anu kuat nyongcolang di luhureun beungeut cai. Kembang mekar dina bulan Juli nepi ka Agustus. Aya sawatara rupa kultivar pikeun saroja jeung wangun sarta warna kembang anu rupa-rupa. Taraté (genus Nelumbo) mangrupakeun lambang nagara India. Daptar eusi * 1 Mangpaat * 2 Téknik melak * 3 Sajarah * 4 Tempo ogé * 5 Rujukan * 6 Tumbu ka luar Mangpaat Kembang saroja éndah ditempo sahingga réa dipaké minangka panghias balong di taman-taman. Akarna ngeunah didahar sarta réa dipaké dina asakan Jepang, asakan Tionghoa, sarta asakan India. Akar anu didahar atah bisa jadi sumber népana parasit Trematoda. Sikina beunghar ku tipung sahingga bisa didahar atawa dikokolakeun jadi bahan kadaharan. Siki anu dikulub, dilemeskeun sarta dicampur gula jadi eusi kuéh bulan anu didahar dina Festival Pertengahan Musim Gugur (Mooncake festival). Di Tiongkok, siki anu masih ngora diinum minangka gaganti entéh. Bongkol anu barolong kawas kandang nyiruan dijual dina bentuk garing minangka palengkep dina seni ngararangkén kembang garing. Daunna rubak sahingga mindeng dipaké minangka pamungkus, utamana pamungkus lauk di pasar tradisional saméméh pamakéan kantong palastik jadi populer. Téknik melak Seroja (Nelumbo nucifera) Pepelakan bisa tmuwuh tina siki anu geus kolot atawa akar. Saroja bisa dipelak dina pot nu eusina taneuh leutak anu caian. Sajarah Di jaman Mesir kuno, seroja kapanggih tumuwuh babarengan jeung taraté spésiés Nymphaea caerulea di sisi walungan Nil. Bangsa Mesir jaman Firaun pohara ngamuliakeun tangkal saroja, ku kituna kembang, buah, sarta daunna dijadikeun motif dina arsitektur candi. Ti Mesir, saroja dibawa ka Assiria sarta sumebar ka Pérsia, India, sarta Tiongkok. Dina taun 1787, Sir Joseph Banks mawa saroja ka Éropa Kulon pikeun dipelak dina jero imah kaca di kebon raya Tempo ogé * Taraté Rujukan * (en) The Sacred Lotus (Nelumbo nucifera) * (en) Plant Cultures: botany, history and uses of sacred lotus * (en) Lotus: From a Pond to a Palace Dome ku Prof. P.C. Jain sarta Dr Daljeet. * (en) Pacific Island Ecosystems: Nelumbo nucifera Tumbu ka luar * (id) Lotus, Kembang Suci anu Éndah Menjulang -- Ema Sujalma -- Ema Sujalma
