Aduh punten kamari2 mah ngampleng, gambar naon nu dimaksad teh...? Gambar BArli nembe tos dimuat ulang, kanggo ngalengkepan artikel Barli Sasmitawinata. Masalahna, kumaha status haksalin eta gambar? Kang Ema kenging ti mana? Margina ari di Wikipedia spk mah nu kararituna kudu jelas, urang teu tiasa sagawayah ngalebetkeun poto atanapi naon wae karya batur, bilihna ngke aya nu ngarasa dirugikeun lajeng nungtut...
Leres memang dina sababaraha hal mah kitu peta teh tiasa disebat kaleuleuwihi atawa asa piraku, tapi dina hal sanes memang nu kitu teh penting pisan. Piraku ari kedah diwareh-wareh mah... heheh Omat ulah pundung, sabab mun ngagugulung pundung mah biheung eta wikipedia bisa ngajanggelek kawas kiwari. Tuh Kang ASep mah dibelaan bolos rapat sareng Menkominfo bakating ku hoyong ngeusian wikipedia, heuheu... piss ah... On Tue, Sep 9, 2008 at 1:05 PM, Aseptea wrote: > Gambar (lukisan) kenging akang Ema dihapus ku kang Irwan Gatot (kuncen) > sawatara minggu kapenker. Ngan kang Kumi nu tiasa mulangkeun deui gambar > kenging kang Ema. Cobi kang Kumi, kumaha kedahna? >
