Ulah pundungan kang. He he. Abdi ge kawitna mah ngalaman jiga kitu. Anu penting 
mah urang kedah komunikasi sareng pamake sanesna anu teu sapamendak sareng 
seratan urang.

Aya kaca kanggo komunikasi sareng pamake sanesna kalebet para kuncen. Tah ieu 
kacana: http://su.wikipedia.org/wiki/Wikipedia:Sawala . Cobian taroskeun di 
dinya. Klik wae edit. Teras dina bagian panghandapna serat kabeurat akang (ulah 
hilap nganggo tag "==" kanggo judulna [conto: ==judul==] kanggo judul nu 
diserat ku akang).

Salam,
Asep
 



----- Original Message ----
From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, September 9, 2008 1:12:54 PM
Subject: Re: [kisunda] Saroja


tah ti mimiti harita janten hoream weh ka wikiteh he he he
pundung jigana mah...
teu ketang
bade didelete bade henteu teu langkung

sanes lukisan kenging kuring atuh eta mah
artikel ngunaan pelukis kahot satadina mah bade dikumpulkeun
ti ngawitan Barli Sasmitawinata dugi ka Rosid
sareng sanesna, ari pek teh langsung di edit deui,
sugan bade dikempelkeun heula...
artikelna dilebetkeun kana inohong,
tah eta antukna mandeg....
maklum kakantun tea , teu terang sajarahna

salam, 




On Tue, Sep 9, 2008 at 1:05 PM, Aseptea <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

Gambar (lukisan) kenging akang Ema dihapus ku kang Irwan Gatot (kuncen) 
sawatara minggu kapenker. Ngan kang Kumi nu tiasa mulangkeun deui gambar 
kenging kang Ema. Cobi kang Kumi, kumaha kedahna?
 



----- Original Message ----
From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com

Sent: Tuesday, September 9, 2008 12:47:47 PM
Subject: Re: [kisunda] Saroja


jigana aya nu protes mun manggihan ngaran kuring di wiki
pedah teu ngangge curek, janten e pepet he he
da eta ngeusian nana rurusuhan, tiasa diedit teu Kang ?

ari cantigi mah sadayana ge resep, kumargi eta teh oge ngaran lembur di tasik
janten, sanaos fungsina kanggo naon oge moal nolak..

waa'alaikum salam,


On Tue, Sep 9, 2008 at 12:42 PM, Aseptea <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

Parahulu mah teu acan.

Cantigi karesep kang Ema oge teu acan. Maos Sundanese-English Dict., cantigi 
seueur rupina. Dupi anu dipikaresep ku kang Ema, cantigi kanggo parfum sanes?

Salam,
Asep

NB: Kanggo kang kuncen, aya hiji email abdi anu ngendog dina koropak spam 
jigana mah da dugi ka nyerat ieu email henteu acan mucunghul. Nyuhunkeun 
bantosanana. Hatur nuhun.
 



----- Original Message ----
From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Tuesday, September 9, 2008 12:35:20 PM
Subject: Re: [kisunda] Saroja


Kang dupi PARAHULU tos aya ?
eta mah rada aneh ...ceuk kuring eta ge....
da waktos dibandung mah tara mendakan
mendakan soteh waktos di Tasik keur budak
duka tos lebet wiki duka teu acan nya...

baktos, 


On Tue, Sep 9, 2008 at 12:28 PM, Aseptea <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

Saroja
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda (http://su.wikipedia .org/wiki/ 
Saroja)

?Saroja


Nelumbo nucifera 
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
 
Divisi: Magnoliophyta
 
Kelas: Magnoliopsida
 
Ordo: Proteales
 
Famili: Nelumbonaceae
 
Génus: Nelumbo
 
Spésiés: N. nucifera
    
Ngaran binomial
Nelumbo nucifera
Gaertn.   
Saroja (Nelumbo nucifera Gaertn) nyaéta spésiés tutuwuhan cai ti genus Nelumbo 
(taraté) anu asalna ti India. Di Indonésia, tutuwuhan ieu ogé mindeng disebut 
taraté anu sabenerna mangrupakeun genus Nymphaea. Saroja kungsi dipikawanoh 
kalawan ngaran binomial Nelumbium speciosum (Willd.) atawa Nymphaea nelumbo.
Gagangna ngawangun silinder anu kosong di tengahna pikeun jalan ngaliwat hawa. 
Daunna aya dina beungeut cai, kaluar tina gagang anu asalna tina akar anu aya 
dina jero leutak atawa dadampar balong, walungan atawa ranca. Luhur ieu 
tutuwuhan kira-kira hiji méter nepi ka hiji satengah méter.
 
Daunna tumuwuh ka luhur, luhureun beungeutcai. Daun ngawangun bunderan tanpa 
potongan, rérégéan di bagian sisi, kalawan urat daun nu ngariung ka tengah 
daun. Garis tengah daun bisa ngahontal 60 cm. Beungeut daun ngandung lapisan 
lilin sahingga cai anu murag kana beungeut daun ngabentuk buleudan cai.
Kembangna boga garis tengah nepi ka 20 cm, boga warna bodas beresih, konéng 
atawa kayas, kaluar tina gagang anu kuat nyongcolang di luhureun beungeut cai. 
Kembang mekar dina bulan Juli nepi ka Agustus.
 
Aya sawatara rupa kultivar pikeun saroja jeung wangun sarta warna kembang anu 
rupa-rupa. Taraté (genus Nelumbo) mangrupakeun lambang nagara India.
 
Daptar eusi
        * 1 Mangpaat 
        * 2 Téknik melak 
        * 3 Sajarah 
        * 4 Tempo ogé 
        * 5 Rujukan 
        * 6 Tumbu ka luar  
Mangpaat
Kembang saroja éndah ditempo sahingga réa dipaké minangka panghias balong di 
taman-taman. Akarna ngeunah didahar sarta réa dipaké dina asakan Jepang, asakan 
Tionghoa, sarta asakan India. Akar anu didahar atah bisa jadi sumber népana 
parasit Trematoda.

Sikina beunghar ku tipung sahingga bisa didahar atawa dikokolakeun jadi bahan 
kadaharan. Siki anu dikulub, dilemeskeun sarta dicampur gula jadi eusi kuéh 
bulan anu didahar dina Festival Pertengahan Musim Gugur (Mooncake festival). Di 
Tiongkok, siki anu masih ngora diinum minangka gaganti entéh. Bongkol anu 
barolong kawas kandang nyiruan dijual dina bentuk garing minangka palengkep 
dina seni ngararangkén kembang garing.
 
Daunna rubak sahingga mindeng dipaké minangka pamungkus, utamana pamungkus lauk 
di pasar tradisional saméméh pamakéan kantong palastik jadi populer.
Téknik melak
 
Seroja (Nelumbo nucifera)
 
Pepelakan bisa tmuwuh tina siki anu geus kolot atawa akar. Saroja bisa dipelak 
dina pot nu eusina taneuh leutak anu caian.
Sajarah
Di jaman Mesir kuno, seroja kapanggih tumuwuh babarengan jeung taraté spésiés 
Nymphaea caerulea di sisi walungan Nil. Bangsa Mesir jaman Firaun pohara 
ngamuliakeun tangkal saroja, ku kituna kembang, buah, sarta daunna dijadikeun 
motif dina arsitektur candi. Ti Mesir, saroja dibawa ka Assiria sarta sumebar 
ka Pérsia, India, sarta Tiongkok. Dina taun 1787, Sir Joseph Banks mawa saroja 
ka Éropa Kulon pikeun dipelak dina jero imah kaca di kebon raya
Tempo ogé
        * Taraté 
Rujukan
        * (en) The Sacred Lotus (Nelumbo nucifera) 
        * (en) Plant Cultures: botany, history and uses of sacred lotus 
        * (en) Lotus: From a Pond to a Palace Dome ku Prof. P.C. Jain sarta Dr 
Daljeet. 
        * (en) Pacific Island Ecosystems: Nelumbo nucifera 
Tumbu ka luar
        * (id) Lotus, Kembang Suci anu Éndah Menjulang 
 



-- 
Ema Sujalma




-- 
Ema Sujalma




-- 
Ema Sujalma
 


      

Kirim email ke