Wah tetela Kang Oca mah tos masagi, legok tapak genteng kadek.... 

  a.. Sunda teh "tempat pangbalikan jeung tempat anu pinuh ku gunung" > paingan 
atuh Kang, tatarsunda dilingkung gunung jadi heurin ku tangtung da seueur urban 
tea nya... hi.. hi.. bari cicirihilan... 
  b.. Budak angon tina wangsit anu ti Kang Manar tea tapi siliwangi anu mana 
anu ngawangsit teh, naha wangsitna kitu, ari siliwangi teh aya sabaraha, naha 
makamna aya dimana-mana? 
  c.. Bedul? isin ah ngabahas ieu mah, keun bae da parawargi oge tos pada 
terang 
  d.. Badigul ayana dina diri urang > da anu di Rancamaya mah tos lengit 
dangiang tos camal 
  e.. Badigul jeung Bedugul, sami? upama sareng bedegul... he 33X (naha kedah 
33 kali, kumaha upami ka langkungan)
  f.. Anu bulak balik dekok mah "sair" perkakas paranti ngala lauk ari keur 
marak di walungan.
  g.. papat lima pancer, sedulur papat lima pancer, eta mah ti Jawa diurang mah 
Dulur Opat Lima Pancer (DOLP), eta pangalaman pertama uin' basa manggihan sunda 
nepi ka stess ampir saminggu teu ka pagawean, asana mah taun 2001-an, lamun 
dilacak mah aya geura dina arsip milis kisunda, komo dina arsip milis 
urangsunda mah aya attachementna gambar tapak uin. Oge tahun 2005 kungsi 
diposting deui dina jejer A4 (alam alit alam ageung). Ti mimiti anu 1(Kuring 
dina Kurungan, anu 3 (Perkakas Hirup), 5 (DOLP tea), 7(Hambalan Hirup) jeung 
anu 9 (PR urang).
  h.. Kungkungmanik Rancamaya, istilah anyar keur uin'  (Kungkung = kurung, 
manik = sari/inti/esensi/poko, ranca = rawa, biasana lega jiga lapangan ngan 
baseuh pokona anu ngampar (hamparan) sapadan jeung istilah sagara, alam dll, 
maya = samar), jadi Hiji Dzat anu poko kakurung disagara anu sarwa samar, boa 
boa anu tunggal tea ieu mah, anu boga lalakon. 
  i.. Kang Oca guguru ka Cirebon nya?  tah buktosna "sun daha ingsun... daha 
lan kadiri..." 
  j.. Panjalu... dudi panjalu, iya betul saya mah pan jalu... lamun wenang mah 
rek digambar keur ngabuktikeunana... 
Wassalam, 
dudi_ss





  ----- Original Message ----- 
  From: Roza Rahmadjasa Mintaredja 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, September 25, 2008 12:35 PM
  Subject: Re: [kisunda] bade tumaros: Kang Oca



        woooow, kereeeen kg Ndud, eta MATA-SUNDA nu aya di India,...
        apan aya kampung nu ngaranna sunda di india ogen...
        dulur uin nuju di arafah ningal spanduk' sunda pilgrim' , di  punjab 
(asana mah)...
        di urg ogen aya barayana KARI-MATA...mataholang sadunya...
        harti kecap Sunda aya 33 entry, leres ti abh Surya ogen aya...
        anu lucu diantarana ti basa  arab...
        anu hartina tempat pangbalikan???, 
         jg tempat anu pinuh ku gunung...
        (mangga taros ka bah Surya geura, Rawayan Jati)
        eta boedaX angon jeung boedax zanggotan teu kudu di-udag2...
        tapi diteang, kalayan rineh, ngalagena bae...
        make samak sa-amparan...
        ngangon naon? tutungul jeung kalakay...
        tunggul diri, nya ragabadag  tea
        ari kalakay?
        daun garing... daun paeh?
        tapi bisa nyarita... sabab,
        naon anu aya di daun garing?
        mun nempo garingna wungkul mah...
        nya gaaaaaring beeeee....
        guaaar aing...bener, kadinya deui, bedul teh...
        suling? susul aing... bedul deui wae...
        ari bedul teh naon kg Ndud sih? 
        ari badigul teh , dimana sih?
        (bali nyebutna bedugul)...si...! bedul teh...!
        kg Ndud, lan barayasadaya...
        siliwangi ogen teu perlu diteangan...
        bakal sasar!!!
        ngan sa-eutikna kudu nyaho...lolobana teu nyaho...
        bisi nyanyahoanan...
        kahayangmah kg Ndud lan baraya sadaya...
        hayaaaang teh, boga adeg anu,
        nyaho di nyahona,
        atw, nyaho di teu nyahona...?
        mening, teu nyaho di nyahona....?
        komo deui anu , teu nyaho di  teu nyahona!
        bedul...asa bulak balik dekok, kg Ndud...
        amit2 ...
        mending gen, teu nyaho di teu nyahona...lah,
        bener pisan , kg Ndud...ahirna mah papat kalima pancer,
        pancer naDIRIna... lain ngudag kaluarrrr....panuju tah....
        ari dijerona dimana tah...?
        nginjeum basa USKanekes mah,  jeroan teh di-aranan...
        kungkungmanik rancamaya...
        rek disebut panggih?
        da kumaha , aya dijero urg..
        rek disebut teu panggih ? 
        da kumaha aya dijero urg???
        leuweung larangan tea...
        anu kudu di pupusti,
        tapi wanti2 kudu di talungtik,
        anu ahirna kudu bisa ngobrol...
        jeung Ndudna Ndud...
        jeung Ocana Oca...
        dijamin moal katalimbeng tah...
        da  geus wawuh kaDIRIna...
        sun daha ingsun...
        daha lan kadiri...
        puseur dayeuhna, nya  Panjalu...
        panyaluuhan Ndud...
        panyaluuhan Oca...
        Cag!
        rampa salira!
        hampuuura isun...
        he33x!
        ...oca tea...




        --- On Wed, 9/24/08, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

          From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
          Subject: Re: [kisunda] bade tumaros: Kang Oca
          To: [email protected]
          Date: Wednesday, September 24, 2008, 6:36 PM


          SUNDA:
          sikuring ge kantos ngudag ngudag sunda, anu awalna ngabelegedeg sage 
gunung,  beuki lila beuli samar antukna mah leungit ilang tanpa karana anu 
kapanggih ngan ukur diri sorangan anu teu daya tapi ari upaya mah kudu tetep, 
ceunah!
          Catetan: lebih ti 10 tahun sikuring ngudag-ngudag sunda, teu kaasup 
prakondisi da teuing ti iraha eta mah... 

          (Ari pihatoseun kecap sunda mah pan tos aya dina buku Rayawanjati 
yasana Abah Surya tea, ditambih saur sepuh 'budaya lisan tea' anu teu ilmiah 
tapi karasa)

          KI SUNDA jigana jalema eta mah Kang, malah abadi bade balik naros 
yeuh "eta Kang Oca pendak dimana sareng anjena?" 
          abdi ge kantos kabengkat ngudag-ngudag kisunda, kumargi poekeun tah 
harita teh 'brak' nabarak tembok,  basa dirarampa teh permukaanana rata/licin 
ari telek-telek, geuning eta teh eunteng breh wae kalangkang uing,  Bedul..., 
balik deui kadinya! ceuk dina jero hate.  
          Ampun,,,, Gusti, ampun! kuring teu daya deui, tapi ceunah tetep kudu 
upaya, nikreh deui..... euy!

          PRABU SILIWANGI = legenda, tos populer teuing janten bias, tong 
disiar keun bae da engke ge wangina nerap ka urang mendingan ayeuna mah diajar 
ngangon, sugan kaparengkeun papagih jeung budak angon he... he... 

          lamun diajar ngangona jucung jeung meunang ijazah, lila lila urang 
katelah jadi budak angon, budak angon geus nyanding dina diri urang sorangan, 
walakadalah naha balik deui ka dinya nya... 

          ampun ah Kang Oca, jigana uing geus linglung, bulak-balik kadinya 
deui kadinya deui siga anu katalimbeng di leuweung larang(an). 

          Wassalam
          dudi_ss
          NB: anu diangona hewan, pan mahluk teh ngan aya hewan jeung 
tutuwuhan, ari jalema? lamun geus lulus jadi budak angon, les weh karuhun 
indit...   
          (Attachment mah, keur hiburan wungkul) 



   

Kirim email ke