ah....kg Ndud...
*uin mah ngan saukur papantunan beeee....
uin mah bujeng2 masaaagi...
penjol ogen hanteu...
*he33x! (bade ditambihan ciga kg Eminx saeeee...
he76x sesa he34x..).manggaaaa teh teuin...
bebas lah...
*anu uin hemeng, naha kecap 'sunda' di arab
bisa ngahartikeun kitu? (duka arab anu mana tah?)
*wangsit siliwangi eta kaluar dina mangsa Pajajaran rek runtag, 1578..
siliwangi nu mana? tiasa ditaros ka Amboe anu pasna...
da Siliwangi teh dugi ka belasanana...
da eta mah, dinasti jeung sistem anu lumaku di Sunda...
ajaran ka Siliwangian teh...
*dulur opat kalima pancer, pasti ti sunda heula...
da sami  srg Jawa oge...turunan ti Galuh, saguru...
*pasualan legok tapak gentengkadek...keur sadirieun mah...
asa jauh keneh ka Pajajaran, kooomo ka Pakuan/Pakwan mah...
ti Galuh Pakuan laju ka Pakuan Pajajaran...!!!
kudu jadi Paku/Paseuk diri...
*kungkungmanik rancamaya? nya si Aing tea...
Ndudna Ndud, Ocana Oca...
anu pasti geus sakuduna, wawuh ka Gustina...
sun daha, daha ning isun/ingsun...sunda tea...
*bade ngagambar si Jaluna Kg Ndud? he33x!
*Rancamaya/ bener geus leungit dangiangna..?.
kari carita, 
tapi Rancamaya urg nu aya, sa-DIRIeun...
kitu meureun eta gen...uin mah sa-ukur babaledogan..
hayu urg panggihan tah Sang JATIDIRI teh...
da rupa2 pisan metoda pendekatanana...
kudu ngukur sakujur...teu bisa ceuk batur...
matakna ceuk istilah PHH Mustapa di-ibaratkeun...
diteangan ka Kulon?, manggih Wetan...
diteangan ka Kidul? manggih Kaler...
nya dimana atuh si Aing teh...Ki Sunda teh 
sasar ari neang kaluar mah...
eta arah Kulon, Kaler, Kidul jg Wetan ti palebah mana?
iwal ti DIRI urg...Pancerna tea...
sumbu salib, atw X(faktor X), atw lam alip...
atw Cakra, ...dimana Puseurna?
iwal ti DIRI...
eta anu bulak balik dekok teh...
sugan...ieu ogen
he33x!
cag!
rampa salira... rampes nun!
....oca tea...








 




--- On Thu, 9/25/08, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] bade tumaros: Kang Oca
To: [email protected]
Date: Thursday, September 25, 2008, 8:55 AM







 
Wah tetela Kang Oca mah tos masagi, legok tapak 
genteng kadek.... 
 

  Sunda teh "tempat pangbalikan jeung tempat anu 
  pinuh ku gunung" > paingan atuh Kang, tatarsunda dilingkung gunung jadi 
  heurin ku tangtung da seueur urban tea nya... hi.. hi.. bari cicirihilan.... 
  
  Budak angon tina wangsit anu ti Kang 
  Manar tea tapi siliwangi anu mana anu ngawangsit teh, naha wangsitna 
  kitu, ari siliwangi teh aya sabaraha, naha makamna aya dimana-mana? 
  
  Bedul? isin ah ngabahas ieu mah, keun bae da 
  parawargi oge tos pada terang 
  Badigul ayana dina diri urang > da anu di 
  Rancamaya mah tos lengit dangiang tos camal 
  Badigul jeung Bedugul, sami? upama sareng 
  bedegul... he 33X (naha kedah 33 kali, kumaha upami ka langkungan)
  Anu bulak balik dekok mah "sair" perkakas paranti 
  ngala lauk ari keur marak di walungan.
  papat lima pancer, sedulur papat lima pancer, eta 
  mah ti Jawa diurang mah Dulur Opat Lima Pancer (DOLP), eta pangalaman pertama 
  uin' basa manggihan sunda nepi ka stess ampir saminggu teu ka pagawean, asana 
  mah taun 2001-an, lamun dilacak mah aya geura dina arsip milis kisunda, komo 
  dina arsip milis urangsunda mah aya attachementna gambar tapak uin. Oge tahun 
  2005 kungsi diposting deui dina jejer A4 (alam alit alam ageung). Ti mimiti 
  anu 1(Kuring dina Kurungan, anu 3 (Perkakas Hirup), 5 (DOLP tea), 7(Hambalan 
  Hirup) jeung anu 9 (PR urang).
  Kungkungmanik Rancamaya, istilah anyar keur 
  uin'  (Kungkung = kurung, manik = sari/inti/esensi/poko, ranca = rawa, 
  biasana lega jiga lapangan ngan baseuh pokona anu ngampar (hamparan) sapadan 
  jeung istilah sagara, alam dll, maya = samar), jadi Hiji Dzat anu poko 
  kakurung disagara anu sarwa samar, boa boa anu tunggal tea ieu mah, anu boga 
  lalakon. 
  Kang Oca guguru ka Cirebon nya?  tah buktosna 
  "sun daha ingsun... daha lan kadiri..." 
  Panjalu... 
  dudi panjalu, iya betul saya mah pan jalu... lamun wenang mah rek digambar 
  keur ngabuktikeunana... 
Wassalam, 
dudi_ss


 
 
 

  ----- Original Message ----- 
  From: 
  Roza 
  Rahmadjasa Mintaredja 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, September 25, 2008 12:35 
  PM
  Subject: Re: [kisunda] bade tumaros: Kang 
  Oca
  

  
  
  
    
    
      
woooow, kereeeen kg Ndud, eta MATA-SUNDA nu aya di 
        India,...
apan aya kampung nu ngaranna sunda di india 
        ogen...
dulur uin nuju di arafah ningal spanduk' sunda pilgrim' , di  punjab 
        (asana mah)...
di urg ogen aya barayana KARI-MATA... mataholang 
        sadunya...
harti kecap Sunda aya 33 entry, leres ti abh Surya ogen 
        aya...
anu lucu diantarana ti basa  arab...
anu hartina tempat pangbalikan? ??, 
        
 jg tempat anu pinuh ku 
        gunung...
(mangga taros ka bah Surya geura, Rawayan 
        Jati)
eta boedaX angon jeung boedax zanggotan teu kudu 
        di-udag2...
tapi diteang, kalayan rineh, ngalagena bae...
make 
        samak sa-amparan.. .
ngangon naon? tutungul jeung 
        kalakay...
tunggul diri, nya ragabadag  tea
ari 
        kalakay?
daun garing... daun paeh?
tapi bisa nyarita... 
        sabab,
naon anu aya di daun garing?
mun nempo garingna wungkul 
        mah...
nya gaaaaaring beeeee....
guaaar aing...bener, kadinya 
        deui, bedul teh...
suling? susul aing... bedul deui wae...
ari 
        bedul teh naon kg Ndud sih? 
ari badigul teh , dimana sih?
(bali 
        nyebutna bedugul)...si. ..! bedul teh...!
kg Ndud, lan 
        barayasadaya. ..
siliwangi 
        ogen teu perlu diteangan...
bakal sasar!!!
ngan sa-eutikna 
        kudu nyaho...lolobana teu nyaho...
bisi 
        nyanyahoanan. ..
kahayangmah kg Ndud lan baraya 
        sadaya...
hayaaaang teh, boga adeg anu,
nyaho di nyahona,
atw, nyaho di teu nyahona...?
mening, teu nyaho di nyahona....?
komo deui anu , teu nyaho di  teu nyahona!
bedul...asa bulak balik 
        dekok, kg Ndud...
amit2 ...
mending gen, teu nyaho di teu 
        nyahona...lah,
bener pisan , kg Ndud...ahirna mah papat kalima 
        pancer,
pancer naDIRIna... lain ngudag kaluarrrr... .panuju 
        tah....
ari dijerona dimana tah...?
nginjeum basa USKanekes 
        mah,  jeroan teh di-aranan...
kungkungmanik rancamaya...
rek 
        disebut panggih?
da kumaha , aya dijero urg..
rek disebut teu 
        panggih ? 
da kumaha aya dijero urg???
leuweung larangan 
        tea...
anu kudu di pupusti,
tapi wanti2 kudu di talungtik,
anu 
        ahirna kudu bisa ngobrol...
jeung Ndudna Ndud...
jeung Ocana 
        Oca...
dijamin moal katalimbeng tah...
da  geus wawuh 
        kaDIRIna...
sun daha ingsun...
daha lan kadiri...
puseur dayeuhna, nya  
        Panjalu...
panyaluuhan Ndud...
panyaluuhan Oca...
Cag!
rampa 
        salira!
hampuuura isun...
he33x!
....oca 
        tea...




--- On Wed, 9/24/08, dudi_ss 
        <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

        From: 
          dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: Re: [kisunda] bade 
          tumaros: Kang Oca
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: 
          Wednesday, September 24, 2008, 6:36 PM


          
          SUNDA:
          sikuring ge kantos ngudag ngudag sunda, anu 
          awalna ngabelegedeg sage gunung,  beuki lila beuli samar antukna 
          mah leungit ilang tanpa karana anu kapanggih ngan ukur diri 
          sorangan anu teu daya tapi ari upaya mah kudu tetep, 
          ceunah!
          Catetan: lebih ti 10 tahun sikuring 
          ngudag-ngudag sunda, teu kaasup prakondisi da teuing ti iraha eta 
          mah... 
           
          (Ari pihatoseun kecap sunda mah pan tos aya dina 
          buku Rayawanjati yasana Abah Surya tea, ditambih saur sepuh 'budaya 
          lisan tea' anu teu ilmiah tapi karasa)
           
          KI SUNDA jigana jalema eta mah 
          Kang, malah abadi bade balik naros yeuh "eta Kang Oca pendak dimana 
          sareng anjena?" 
          abdi ge kantos kabengkat ngudag-ngudag 
          kisunda, kumargi poekeun tah harita teh 'brak' nabarak 
          tembok,  basa dirarampa teh permukaanana rata/licin ari 
          telek-telek, geuning eta teh eunteng breh wae kalangkang 
          uing,  Bedul..., balik deui kadinya! ceuk dina jero 
          hate.  
          Ampun,,,, Gusti, ampun! kuring teu daya deui, 
          tapi ceunah tetep kudu upaya, nikreh deui..... euy!
           
          PRABU SILIWANGI 
          = legenda, tos populer teuing janten bias, tong disiar 
          keun bae da engke ge wangina nerap ka urang mendingan ayeuna mah 
          diajar ngangon, sugan kaparengkeun papagih jeung budak angon he.... 
          he... 
           
          lamun diajar ngangona jucung jeung meunang 
          ijazah, lila lila urang katelah jadi budak angon, budak angon geus 
          nyanding dina diri urang sorangan, walakadalah naha balik deui ka 
          dinya nya... 
           
          ampun ah Kang Oca, jigana uing geus 
          linglung, bulak-balik kadinya deui kadinya deui siga anu 
          katalimbeng di leuweung larang(an). 
           
          Wassalam
          dudi_ss
          NB: anu diangona hewan, pan 
          mahluk teh ngan aya hewan jeung tutuwuhan, ari jalema? lamun geus 
          lulus jadi budak angon, les weh karuhun indit... 
            
          (Attachment mah, keur 
          hiburan wungkul)
          
          





      

Kirim email ke