Ambu anu surti, oge Kang Yana sareng baraya sadaya, 
rumaos abdi atah warah, rumaos abdi teu acan aya anu ngawurukan naon ari 
wangsit, sareng naon ari uga, mangga geura guar ku abdi bade diregepkeun. 

abdi ngacapruk sapertos kitu estuning umajak kabalarea supados tumut tapi sanes 
taqlid sapertos munding ditendok, margi anu kaemut ku abdi teh teu aya benten 
"bekelna" antawis karuhun nalika aya di alam marcapada sareng urang ayeuna, 
nyaeta waruga, uteuk jeung hate moal langkung, jucung henteuna gumantung kumaha 
urang ngasahna. Sinareng pan urang ge engke jaga ning pageto baris jadi 
karuhun, sumuhun ka-ruh-un (atawa an) nalika bedog pisah sareng sarangka, bakal 
katohyan bedog mana anu hade ngasahna, sareng bedog mana anu pinuh ku 
taihiyang, didunya urang waktosna ngasah bedog. Hapunten nu kasuhun.

wassalam, 
dudi_ss


  ----- Original Message ----- 
  From: T_SAS 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, September 29, 2008 6:24 PM
  Subject: Re: [kisunda] Budak angon tea > jeung AQ


  Haturan Ambu sareng baraya ,
  Urang Sunda nu Sa Enyana dina Napas sareng Ngalengkah nganggo Patokan UGA.

  Nyatana Ayeuna Nu Enya di Enyakeun da Aya buktosNa.

  Jadi sanes CEUNAH jiga nu kasieunan lamun teu make pipinding nu Ngabackup 
dirina.

  Janten UGA hiji jatidiri pituin urang sunda daek didebat jeung diiverstigasi 
ku nu lianna.

  Pangpangna daek bersaing keur kabeneran NEBRAK ditingali ku UmuM , ciri2 boga 
sifat terbuka
  TEUSUSULUMPUTAN jeung noongan wungkul. 

  Anclub on the field lain tutunjuk bari nyumput dimeja gua hiro. 
  Kaciri sakujur raraga jeung waragana aya buktina.

  Nuhun Ambu tos Masihan conto Jatina Sunda. Karasa Ka Kerenteg
  Hate enya oge Abdi Amerika Sorangan Ngajarkeun Kasundaan
  Ka urang bule asia africa sagala bangsa ngaregepkeun kasundaan dina wujudna 
ulin sunda.


  Rampes
  Kang Yana



  Sent via BlackBerry from T-Mobile



------------------------------------------------------------------------------
  From: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]>
  Date: Sun, 28 Sep 2008 19:16:59 -0700 (PDT)
  To: <[email protected]>
  Subject: Re: [kisunda] Budak angon tea > jeung AQ



  Kang dudud

  cing atuh punten 
  naon benten WANGSIT sareng UGA
  naha da UGA mah geuning NYATA kajantenan
  tara dugi ka nyalenggor tina erelna

  tah abdi mah percanten pisan margi bktos wae

  Hatur Nuhun
  AMBU


  ----- Original Message ----
  From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
  To: [email protected]
  Sent: Sunday, September 28, 2008 10:38:57 PM
  Subject: Re: [kisunda] Budak angon tea > jeung AQ


   

  Kang Eminx oge baraya sadaya, 

  Kapungkur abdi kenging Wangsit Siliwangi (WS) ti Abah Oman, narima tanpa 
syarat malah hayoh digulanggaper siang wengi, tataros nyosok jero ka Abah Oman 
duka sabaraha taun mulak malik eta wangsit, tiap aya gunung bitu, bom, gempa 
jeung sagala kajadian alam sok diitung-itung disaruankeun jeung WS, pasti sami 
pan? Beuki lila enyay - enyay tetempoan teh beuki jelas... aya anu langkung 
penting ti batan ngudag-ngudag kalangkang. Ayena urang kudu tatan-tatan mapag 
jaman anu kasangharepan ku urang. 

  Balik deui ka WS, jelas gaduh daya pikat anu pikabitaen keur urang sunda 
khususna ditambah ku legenda anu hirup di masyarakat urang, wangsit atawa uga 
teu aya titimasngsa iraha atawa jaman mana kondisi anu digambarkeun tea baris 
muncul, jaman ayeuna, 50taun kaharep, 100taun kaharep malah boa-boa geus 
kaliwat. Lamun dina enyana ge kajadian di jaman ayeuna, anger urang ulah ngan 
saukur jadi penonton.... aya urang kudu tatan-tatan, ngasah bedog... boa-boa 
moal ka umuran kajadian anu di wangsit teh, hanas mah didadago, nepi ka 
mopohokeun anu sejen.. he... he.. he... sanes kitu Kang?

  Ayeuna mah abdi, maca wangsitna tos henteu leterleg... global wae... seueur 
anu kedah dikritisi sadaya wangsit atanapi uga, teu mung WS wungkul.. ramalan 
sumpingna Mesiah, Al Mahdi, Satria Piningit, jrrd,  hal ieu masihan harepan 
tapi... (titik-titik) , atawa baris munculna pigur-pigur saurang jalmi 
(pahlawan) nalika aya kajadian kondisi anu tos teu balance (teu saimbang), 
masyarakat geus teu kuat nahan diri tina hiji situasi tertekan pasti bakal 
barontak, upamana durjana tos mahabu, kabatilan dimana-mana, korupsi tos janten 
budaya, dina kondisi chaos, ieu mah pan suatu situasi sareng sikleus anu logis 
pimunculnana saurang pahlawan. Tah, jalmi-jalmi anu muncul tepat pada waktu dan 
kondisi kitu manawi anu disebat dina ramalan teh... hal anu bakal aya/muncul 
dugi kairaha wae... general eta mah... 

  Kukituna, balik deui yen urang tetep kudu ngurus diri urang sorangan, ngarah 
aya manfaatna ulah galider ku ramalan, puten ah supados urang fokus katujuan 
anu sami, nyaeta naekkeun ajen diri urang secara individu oge secara komunitas. 


  wassalam, 
  dudi_ss



    ----- Original Message ----- 
    From: eminx 
    To: [EMAIL PROTECTED] .com 
    Sent: Sunday, September 28, 2008 10:30 PM
    Subject: Re: [kisunda] Budak angon tea > jeung AQ



    he he, eta Abah Ndud...
    pan saurna ari budak angon di urang mah ngangon kalakay sareng tutunggul
    kumaha tah mesekna,
    atanapi bade Zen heula ngarah asak mesek budak angon versi 'urang'





    On Sun, Sep 28, 2008 at 9:24 PM, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

       

      Haturan Mang Hsn, Kang Tirta oge baraya sadaya, 
        a.. Perkawis Zen, abdi mireng hawar-hawar ti belah kaler aya anu  
nebarkeun  agama anyar namina Agama Zen, duka sami sareng Zen anu ieu atanapi 
henteu abdi ge teu terang persis. Alesan sanesna, abdi ge pan mung terang tina 
buku SQ tea, sakitu-kituna teu langkung.... , kitu tah Mang. Hamputen bae... 
        b.. Kang Tirta perkawis anu dua ti Akang sarimbag sareng dua maqom ti 
Said Hawa, nyaeta maqom Siddiqun sareng Rabbaniyun, salah sahiji "kecap 
koncina" anu inget nyaeta: "Diantarana aya jalema anu geus sugema ku saukur 
teuleum di permukaan, nu sejena sugema lamun geus nepi ka dasar"  pengibaratan 
anu patukan tonggong jeung eta, ngaibaratkeun proses pencarian jatidiri ku 
Pendaki Gunung. Naha disebut patukang tonggong kusabab anu hiji kahadap anu 
hiji kaluhur tapi dina esensina sarua. Abdi bade ngaguar anu diibaratkeun naek 
gunung wae ngarah ngapil kantun milari ku google, sadaya baraya oge tiasa. 
Pengibaratan ieu ngabedakeun jalma janten 3 (tilu) kelompok pendaki gunung tea, 
nyaeta kelompok Kedul (Quitter), ........ (Camper), Jucung (Climber). Jucung 
mangrupa kelompok anu dipikayang ku sakumna manusa, urang kaasup ka kelompok 
mana-manana gunantung kana CORE urang masing-masing. CORE teh nyeata Control 
(kumaha urang bisa ngotrol diri), Ownership (kumaha urang nyaha kadiri), Reach 
(kumaha jakauan pandangan urang), Endurance (kumaha daya tahan diri urang), 
dongeng ieu bisa wae dipanjangkeun ngalah leuwih kaharti tapi da kudu kumaha 
atuh uing teu hatam maca bukuna ge. 
        c.. Balik deui kana harepan Kang Tirta,  Naekeun jejer Budak Angon jadi 
"Jalan nyaho ka diri" anu ieu mah tinggal mesek 10 tahapan Budak Angon-na Zen 
tea, "Budak Angon Zen" ibarat caluruk, lamun dipesek matak araratel komo lamun 
langsung dikeremos, mesek ieu teu bisa ku sorangan sabab dina salahna teu aya 
anu menerkeun, keun sugan kahareup urang bisa murakna babarengan. Manusa anu 
bisa mesekna pan kudu anu geus jucung nepi ka pucak gunung, lamun geus aya 
sababaraha urang anu jucung kop tah purak tutungkusan teh. 
        d.. Jalan keur nyaho ka Gusti Alloh mah, uing ge kakara aya anu 
ngabejaan Kang, ceunah mah "ti dinya engke ka dinya" can wani ngalengkah 
kadinya mah, anu kahiji ge masih upayakeun keneh. Hatur nuhun, teu daya tapi 
kudu upaya... 
        e.. Ayeuna hayu urang upaya sasarengan ngarah urang tiasa pependak 
dipunclak gunung. 

      wassalam
      dudi_ss
      Catetan: AQ = Adversity Qoutient, alat ukurna CORE, anu peryogi kantun 
ngorehan dina pabetekan google, gampil! 

--------------------------------------------------------------------------


    .
     . 
   

Kirim email ke