surti gamparan  istuning surti numawi mairan oge
 pundung kitu kang Dudud teh 

AMBU



----- Original Message ----
From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, September 29, 2008 8:29:34 PM
Subject: Re: [kisunda] Budak angon tea > jeung AQ


 
Ambu anu surti, oge Kang Yana sareng baraya sadaya, 
rumaos abdi atah warah, rumaos abdi teu acan aya 
anu ngawurukan naon ari wangsit, sareng naon ari uga, mangga geura guar ku abdi 
bade diregepkeun. 
 
abdi ngacapruk sapertos kitu estuning 
umajak kabalarea supados tumut tapi sanes taqlid sapertos munding ditendok, 
margi anu kaemut ku abdi teh teu aya benten "bekelna" antawis 
karuhun nalika aya di alam marcapada sareng urang ayeuna, nyaeta waruga, 
uteuk jeung hate moal langkung, jucung henteuna gumantung kumaha urang 
ngasahna. Sinareng pan urang ge engke jaga ning pageto baris jadi karuhun, 
sumuhun ka-ruh-un (atawa an) nalika bedog pisah sareng sarangka, bakal 
katohyan bedog mana anu hade ngasahna, sareng bedog mana anu pinuh ku 
taihiyang, didunya urang waktosna ngasah bedog. Hapunten nu 
kasuhun.
 
wassalam, 
dudi_ss
 
 
----- Original Message ----- 
From: T_SAS 
To: [EMAIL PROTECTED] .com 
Sent: Monday, September 29, 2008 6:24  PM
Subject: Re: [kisunda] Budak angon tea  > jeung AQ

Haturan Ambu sareng baraya ,
Urang Sunda nu Sa Enyana dina Napas sareng  Ngalengkah nganggo Patokan UGA.

Nyatana Ayeuna Nu Enya di Enyakeun da  Aya buktosNa.

Jadi sanes CEUNAH jiga nu kasieunan lamun teu make  pipinding nu Ngabackup 
dirina.

Janten UGA hiji jatidiri pituin urang  sunda daek didebat jeung diiverstigasi 
ku nu lianna.

Pangpangna daek  bersaing keur kabeneran NEBRAK ditingali ku UmuM , ciri2 boga 
sifat  terbuka
TEUSUSULUMPUTAN jeung noongan wungkul. 

Anclub on the field  lain tutunjuk bari nyumput dimeja gua hiro. 
Kaciri sakujur raraga jeung  waragana aya buktina.

Nuhun Ambu tos Masihan conto Jatina Sunda. Karasa  Ka Kerenteg
Hate enya oge Abdi Amerika Sorangan Ngajarkeun Kasundaan
Ka  urang bule asia africa sagala bangsa ngaregepkeun kasundaan dina wujudna 
ulin  sunda.


Rampes
Kang Yana


Sent via BlackBerry from T-Mobile
________________________________
 From: richadiana kartakusuma  <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com>
Date: Sun, 28 Sep  2008 19:16:59 -0700 (PDT)
To:  <[EMAIL PROTECTED] .com>
Subject: Re: [kisunda] Budak  angon tea > jeung AQ

Kang dudud

cing  atuh punten 
naon benten WANGSIT sareng UGA
naha da UGA mah geuning  NYATA kajantenan
tara dugi ka nyalenggor tina erelna

tah abdi mah  percanten pisan margi bktos wae

Hatur Nuhun
AMBU


-----  Original Message ----
From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com>
To:  [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Sunday, September 28, 2008 10:38:57  PM
Subject: Re: [kisunda] Budak angon tea > jeung AQ


 
Kang Eminx oge baraya sadaya, 
 
Kapungkur abdi kenging Wangsit Siliwangi (WS) ti  Abah Oman, narima tanpa 
syarat malah hayoh digulanggaper siang wengi, tataros  nyosok jero ka Abah Oman 
duka sabaraha taun mulak malik eta wangsit, tiap aya  gunung bitu, bom, gempa 
jeung sagala kajadian alam sok diitung-itung  disaruankeun jeung WS, pasti sami 
pan? Beuki lila enyay - enyay tetempoan teh  beuki jelas... aya anu langkung 
penting ti batan ngudag-ngudag kalangkang.  Ayena urang kudu tatan-tatan mapag 
jaman anu kasangharepan ku  urang. 
 
Balik deui ka WS, jelas gaduh daya pikat anu  pikabitaen keur urang sunda 
khususna ditambah ku legenda anu hirup  di masyarakat urang, wangsit atawa uga 
teu aya titimasngsa iraha atawa  jaman mana kondisi anu digambarkeun tea baris 
muncul, jaman ayeuna,  50taun kaharep, 100taun kaharep malah boa-boa geus 
kaliwat. Lamun dina enyana  ge kajadian di jaman ayeuna, anger urang ulah ngan 
saukur jadi  penonton.... aya urang kudu tatan-tatan, ngasah bedog... boa-boa 
moal ka  umuran kajadian anu di wangsit teh, hanas mah didadago, nepi ka 
mopohokeun anu  sejen.. he... he.. he... sanes kitu Kang?
 
Ayeuna mah abdi, maca wangsitna tos henteu  leterleg... global wae... seueur 
anu kedah dikritisi sadaya wangsit  atanapi uga, teu mung WS wungkul.. ramalan 
sumpingna Mesiah, Al Mahdi, Satria  Piningit, jrrd,  hal ieu masihan harepan 
tapi... (titik-titik) , atawa  baris munculna pigur-pigur saurang jalmi 
(pahlawan) nalika aya  kajadian kondisi anu tos teu balance (teu saimbang), 
masyarakat geus teu kuat  nahan diri tina hiji situasi tertekan pasti bakal 
barontak, upamana durjana  tos mahabu, kabatilan dimana-mana, korupsi tos 
janten budaya, dina kondisi  chaos, ieu mah pan suatu situasi sareng sikleus 
anu  logis pimunculnana saurang pahlawan. Tah, jalmi-jalmi anu muncul  tepat 
pada waktu dan kondisi kitu manawi anu disebat dina ramalan teh... hal  anu 
bakal aya/muncul dugi kairaha wae... general eta mah... 
 
Kukituna, balik deui yen urang tetep kudu ngurus  diri urang sorangan, ngarah 
aya manfaatna ulah galider ku ramalan, puten ah  supados urang fokus katujuan 
anu sami, nyaeta naekkeun ajen diri urang secara  individu oge secara 
komunitas. 
 
 
wassalam, 
dudi_ss
 
 
 
-----  Original Message ----- 
From: eminx 
To: [EMAIL PROTECTED] ..com 
Sent: Sunday, September 28, 2008 10:30 PM
Subject: Re: [kisunda] Budak angon tea > jeung AQ

he he, eta Abah Ndud...
pan saurna ari budak angon di urang  mah ngangon kalakay sareng tutunggul
kumaha tah mesekna,
atanapi bade  Zen heula ngarah asak mesek budak angon versi 'urang'





On Sun, Sep 28, 2008 at 9:24 PM, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

 
Haturan Mang Hsn, Kang Tirta oge baraya  sadaya, 
        * Perkawis Zen, abdi mireng  hawar-hawar ti belah kaler aya anu  
nebarkeun  agama  anyar namina Agama Zen, duka sami sareng Zen anu ieu atanapi 
henteu  abdi ge teu terang persis. Alesan sanesna, abdi ge pan mung terang tina 
 buku SQ tea, sakitu-kituna teu langkung.... , kitu tah Mang.  Hamputen bae... 
        * Kang Tirta perkawis anu dua ti Akang  sarimbag sareng dua maqom ti 
Said Hawa, nyaeta maqom Siddiqun  sareng Rabbaniyun, salah sahiji "kecap  
koncina" anu inget nyaeta: "Diantarana aya jalema  anu geus sugema ku saukur 
teuleum di permukaan, nu  sejena sugema lamun geus nepi ka dasar"  pengibaratan 
anu patukan tonggong jeung eta,  ngaibaratkeun proses pencarian jatidiri ku 
Pendaki  Gunung. Naha disebut patukang tonggong kusabab anu hiji kahadap  anu 
hiji kaluhur tapi dina esensina sarua. Abdi bade ngaguar anu  diibaratkeun naek 
gunung wae ngarah ngapil kantun milari ku google,  sadaya baraya oge tiasa. 
Pengibaratan ieu ngabedakeun jalma  janten 3 (tilu) kelompok pendaki gunung 
tea, nyaeta kelompok  Kedul (Quitter), ........ (Camper), Jucung (Climber). 
Jucung mangrupa  kelompok anu dipikayang ku sakumna manusa, urang kaasup ka 
kelompok  mana-manana gunantung kana CORE urang masing-masing. CORE teh nyeata  
Control (kumaha urang bisa ngotrol diri),
 Ownership (kumaha urang nyaha  kadiri), Reach (kumaha jakauan pandangan 
urang), Endurance (kumaha daya  tahan diri urang), dongeng ieu bisa wae 
dipanjangkeun ngalah leuwih  kaharti tapi da kudu kumaha atuh uing teu hatam 
maca bukuna ge. 
        * Balik deui kana harepan Kang Tirta,   Naekeun jejer Budak Angon jadi 
"Jalan nyaho ka diri" anu ieu mah tinggal  mesek 10 tahapan Budak Angon-na Zen 
tea, "Budak Angon Zen" ibarat  caluruk, lamun dipesek matak araratel komo lamun 
langsung dikeremos,  mesek ieu teu bisa ku sorangan sabab dina salahna teu aya 
anu menerkeun,  keun sugan kahareup urang bisa murakna babarengan. Manusa anu 
bisa  mesekna pan kudu anu geus jucung nepi ka pucak gunung, lamun geus aya  
sababaraha urang anu jucung kop tah purak tutungkusan teh. 
        * Jalan keur nyaho ka Gusti Alloh mah, uing  ge kakara aya anu 
ngabejaan Kang, ceunah mah "ti dinya engke ka dinya"  can wani ngalengkah 
kadinya mah, anu kahiji ge masih upayakeun keneh.  Hatur nuhun, teu daya tapi 
kudu upaya... 
        * Ayeuna hayu urang upaya sasarengan ngarah  urang tiasa pependak 
dipunclak gunung. 
 
wassalam
dudi_ss
Catetan: AQ = Adversity Qoutient, alat  ukurna CORE, anu peryogi kantun 
ngorehan dina pabetekan google, gampil! 

________________________________
 
 
. 
. 
     


      

Kirim email ke