Alaaaa, Ambu piraku abdi pundungan mah pan abdi teh anu mikancinta bangsa 
sunda, bagja nu aya tiasa nepangan dulur di sa-ampar jagat, teu aya sarana dugi 
ka danget ieu, iwal ti milis anu tiasa ngahijikeun deui jalmi-jalmi pinilih, 
GEURA..! 

bentena Wangsit sareng Uga mah, mangga ti Ambu da eta mah tangtosna seueur 
kaputus di Kanekes anu dasar-dasar ngarujuk kana wangsit, engke abdi mairanlah. 
der..

wassalam,
dudi_ss

--------------------------------------------------------------------------------


  ----- Original Message ----- 
  From: richadiana kartakusuma 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, September 30, 2008 2:03 AM
  Subject: Re: [kisunda] Budak angon tea > jeung AQ



  surti gamparan  istuning surti numawi mairan oge
   pundung kitu kang Dudud teh 

  AMBU



  ----- Original Message ----
  From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
  To: [email protected]
  Sent: Monday, September 29, 2008 8:29:34 PM
  Subject: Re: [kisunda] Budak angon tea > jeung AQ


   

  Ambu anu surti, oge Kang Yana sareng baraya sadaya, 
  rumaos abdi atah warah, rumaos abdi teu acan aya anu ngawurukan naon ari 
wangsit, sareng naon ari uga, mangga geura guar ku abdi bade diregepkeun. 

  abdi ngacapruk sapertos kitu estuning umajak kabalarea supados tumut tapi 
sanes taqlid sapertos munding ditendok, margi anu kaemut ku abdi teh teu aya 
benten "bekelna" antawis karuhun nalika aya di alam marcapada sareng urang 
ayeuna, nyaeta waruga, uteuk jeung hate moal langkung, jucung henteuna 
gumantung kumaha urang ngasahna. Sinareng pan urang ge engke jaga ning pageto 
baris jadi karuhun, sumuhun ka-ruh-un (atawa an) nalika bedog pisah sareng 
sarangka, bakal katohyan bedog mana anu hade ngasahna, sareng bedog mana anu 
pinuh ku taihiyang, didunya urang waktosna ngasah bedog. Hapunten nu kasuhun.

  wassalam, 
  dudi_ss
  . 
   

<<wilujeng.jpg>>

Kirim email ke