sampurasuuun!
kg Gandjar makalangan
dina sajak anu puitis kritis
hatur nuhun kana implengan
dina wangunan karahayatan
muga hanteu ngan saukur implengan
dina kalungguhan anu keur dilakonan
uin percaya, geus loba prakna
muga urg tiasa sareundeuk saigelan
sabobot sapihanean...
cag!
rampa salira, rampes nun!
he33x!
....oca tea...


--- On Wed, 10/8/08, Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [kisunda] sajak
To: [EMAIL PROTECTED], "kisunda" <[email protected]>
Date: Wednesday, October 8, 2008, 3:51 PM






SAJAK GEDEBUL
  
Umbul-umbul nu rentul 
dina tutunggul wadul
ngélébétkeun rahul 
  
Kecap-kecap – kécap 
muncrat tina ilat-ilat; bau  
hangru kakawasaan 
ngabanjiran nagri
ngancurkeun bangunan
ngaruntagkeun jambatan
  
(terus dijaradikeun proyék pikeun nawur hutang  
mangsa pamilihan)
  
Jangji-jangji nu diobral  
dina panggung kabohongan 
ceuhil huntu pulitik kapentingan  
nu awor ku gaur knalpot aleutan abringan dukungan 
  
Para pamingpin katorékan   
Kereteg haté nu nyaroblos harepan 
Ukur hawar-hawar dijadikeun pertimbangan  
  
Mangsa géol ngebor dangdut pulitik beuki maceuh  
kapeurih jeung kateupercayaan ngajeroan  
  
Bari ngajogédan kasusah,  
Rahayat seuri sinis  
terus nonggéngan 
  
  
Cigadung 20 September 2008




      




      

Kirim email ke