kang Ganjar Teu Percanten ka Pamingpin nya? Tenang.... PAsti aya anu leres2 bajuang kango rakyat. mangsa harita urang sasrengan pilih!
--- On Wed, 10/8/08, Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [kisunda] sajak To: [EMAIL PROTECTED], "kisunda" <[email protected]> Date: Wednesday, October 8, 2008, 6:51 PM SAJAK GEDEBUL Umbul-umbul nu rentul dina tutunggul wadul ngélébétkeun rahul Kecap-kecap – kécap muncrat tina ilat-ilat; bau hangru kakawasaan ngabanjiran nagri ngancurkeun bangunan ngaruntagkeun jambatan (terus dijaradikeun proyék pikeun nawur hutang mangsa pamilihan) Jangji-jangji nu diobral dina panggung kabohongan ceuhil huntu pulitik kapentingan nu awor ku gaur knalpot aleutan abringan dukungan Para pamingpin katorékan Kereteg haté nu nyaroblos harepan Ukur hawar-hawar dijadikeun pertimbangan Mangsa géol ngebor dangdut pulitik beuki maceuh kapeurih jeung kateupercayaan ngajeroan Bari ngajogédan kasusah, Rahayat seuri sinis terus nonggéngan Cigadung 20 September 2008 __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com
