Sampurasun,
Kang Ganjar batur sa lembur

" ENYA GEUNING RAHAYAT
NONGGENGAN pamimpin ceunah ngigelkeun demokrasi  DA JANJINA WADUL DI TONGGENGAN 
terus bari teu kudu ngalieuk ka tukang. 

Rampes 
Kang Yana 
Sent via BlackBerry from T-Mobile

-----Original Message-----
From: Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]>

Date: Wed, 8 Oct 2008 22:51:36 
To: <[EMAIL PROTECTED]>; kisunda<[email protected]>
Subject: [kisunda] sajak


SAJAK GEDEBUL
 
Umbul-umbul nu rentul 
dina tutunggul wadul
ngélébétkeun rahul
 
Kecap-kecap – kécap
muncrat tina ilat-ilat; bau 
hangru kakawasaan
ngabanjiran nagri
ngancurkeun bangunan
ngaruntagkeun jambatan
 
(terus dijaradikeun proyék pikeun nawur hutang 
mangsa pamilihan)
 
Jangji-jangji nu diobral 
dina panggung kabohongan
ceuhil huntu pulitik kapentingan 
nu awor ku gaur knalpot aleutan abringan dukungan
 
Para pamingpin katorékan  
Kereteg haté nu nyaroblos harepan
Ukur hawar-hawar dijadikeun pertimbangan 
 
Mangsa géol ngebor dangdut pulitik beuki maceuh 
kapeurih jeung kateupercayaan ngajeroan 
 
Bari ngajogédan kasusah, 
Rahayat seuri sinis 
terus nonggéngan
 
 
Cigadung 20 September 2008


      

Kirim email ke