gening andika teh nyerat di cigadung, atuh caket sareng kang ED NU (da moal lepat spelling na oge) caket deuih sareng Rosid (tah eta teh pituin urang Parigi anu ayeuna ka koncara ka mancanagara) ngan kuring can ka mamana, resep keneh leuleuweungan, leuweung kuring leuweung versi kuring teu gundul teu bedegul tatangkalan tetep parentul
rek diajar tawasul ka Kang Ilen, kang Oca, Abah Oman, Ambu, Kang Ganjar, sareng ka kang Ed Nu, Kang Yana, Abah Tirta, nu teu kasebat jangan marah rampes nun.... 2008/10/9 Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> > SAJAK GEDEBUL > > > > Umbul-umbul nu rentul > > dina tutunggul wadul > > ngélébétkeun rahul > > > > Kecap-kecap – kécap > > muncrat tina ilat-ilat; bau > > hangru kakawasaan > > ngabanjiran nagri > > ngancurkeun bangunan > > ngaruntagkeun jambatan > > > > (terus dijaradikeun proyék pikeun nawur hutang > > mangsa pamilihan) > > > > Jangji-jangji nu diobral > > dina panggung kabohongan > > ceuhil huntu pulitik kapentingan > > nu awor ku gaur knalpot aleutan abringan dukungan > > > > Para pamingpin katorékan > > Kereteg haté nu nyaroblos harepan > > Ukur hawar-hawar dijadikeun pertimbangan > > > > Mangsa géol ngebor dangdut pulitik beuki maceuh > > kapeurih jeung kateupercayaan ngajeroan > > > > Bari ngajogédan kasusah, > > Rahayat seuri sinis > > terus nonggéngan > > > > > > Cigadung 20 September 2008 > > > -- ES ars long vita brefis
