kg Bunis anu bageuuurrrr...(ngolo ni yeee....)
sae eta sajak ma eroh teh...
mani ngagelenyu dina qolbu...
hiji awewe....bisa ngageunjleungkeun nasional....
dina ka ikhlasan anu sajati...
dina kayakinan lan ka teu walakayaan teu walagri...
mampuh ngahirupan ratusan jelema ti hasil karyana...
anu mimiti dianggap gelo teh...ku sakampung...
jigana kudu gelo jg mahiwal heula mun rek nyieun ...
karya monumental bisa kawangun,
teu jadi katangtuan kudu make milyaran duit...
kiiitu kulan?
ciiik tulungan kg Bunis...
pangnyieunkeun sajak...
keur MA EROT......(???)

he33x!
....oca tea...


--- On Fri, 11/7/08, Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [kisunda] MA ÉROH
To: [email protected]
Date: Friday, November 7, 2008, 12:37 AM







 
 

Sarabunis Mubarok
 
MA ÉROH
 
pacul jeung balincong
ngoetan 
gawir 
kaléreun galunggung
 
awéwé tengah tuwuh
manteng 
ibadah
na cadas-cadas kanyaah 
 
cucuk rungkang melak tatu
tepus 
jeung areuy silih siku
angin sawarga ngahayu-hayu
 
hiji walungan di bumi
malidkeun 
késang ka langit
meruhkeun saban kasakit
 
salambar nyawa basajan
jadi 
huluwotan kaikhlasan
sungapan nasib kamanusan
 
manghéktar sawah 
guligah
nuwuhkeun mangpirang binih
lebah haté nu pinuh kaasih
 
ma éroh
anjeun pajoang 
sajati
waliyullah kakasih bumi
 
Singaparna, 2008

 
 
Salam,
Sarabunis 
Mubarok___________ Singaparna





      

Kirim email ke