Sampurasun Ambu.....sim kuring teh dulur Abah Anom Ocaa,
Da pun adi mah kitu sok luar leor wae,
mugi kamaklum.....
Bawiraos upami ditilik tina elmu pangaweruh kaum Ibu...
tos buktos...RRRRUUUUAARRRR BIASAAA....
ti kawit ngarit dugi ka ngadamel parit,
ti ngajait dugi ka ngurus si kucrit,
ti kawit rurujit dugi ka ngurus duit....
tah ieu mah lankung.....
Ma Erot mah ti kawit milarian eusi peujit dugi ka ngagedean...SIR...AAHHHH 
(..IITT)!
Tabe...pun 
AMS

--- On Sun, 11/9/08, richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Re: MA ÉROT...(???)
To: [email protected]
Date: Sunday, November 9, 2008, 8:42 AM








yyeeeeeeeeeeehhhhhh gamparan ABAH
mulang deui mulang deui kanu kieu atuh
na teu aya kitu nu sanes
apan di dieu teh sanes mung LALAKI LANGIT hungkul atuh
cing sing gaduh rasa ngahargaan nu disebat AWEWE
di dieu tah EGOIS na pameget teh...
sok kitu bae, tara ningal batur sagigireun


Tabe pun
AMBU



From: abas_amin08 <abas_amin08@ yahoo.com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Sunday, November 9, 2008 6:59:39 AM
Subject: [kisunda] Re: MA ÉROT...(???)



AA: Ieu mah upami teu lepat, den Oca.
Aya dua jalmi nu kasohor teh; hiji Ma Eroh ka dua Ma Erot.
Ari Ma eroh mah nu digawe nepi ka cai ngagolontor, sedengkeun ari ma 
Erot mah tukang NGURUT TAEUN ( punten bilih keuna ku UU pornografy );
dugi ka jalma aeh lalaki nu tos diurut di dinya pulih ka jati mulang 
ka asal deui; asal sehat jadi walagri. Jadi Lalaki langit deui; duka

ari perkawis DICOBI heula mah tah jeung Ma Erot. Hahahaha
Nu matak cenah mah waringkas we tah ma Erot teh.

Den Oca nu mana atuh ? Ma Eroh atanapi Ma Erot Den ?

--- In [EMAIL PROTECTED] .com, Roza Rahmadjasa Mintaredja 
<roza.kalasunda@ ...> wrote:
>
> 
> 
> --- On Fri, 11/7/08, Roza Rahmadjasa Mintaredja 
<roza.kalasunda@ ...> wrote:
> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ ...>
> Subject: Re: [kisunda] MA ÉROH
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Date: Friday, November 7, 2008, 6:58 PM
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> kg Bunis anu bageuuurrrr. ..(ngolo ni yeee....)
> sae eta sajak ma eroh teh...
> mani ngagelenyu dina qolbu...
> hiji awewe....bisa ngageunjleungkeun nasional....
> dina ka ikhlasan anu sajati....
> dina kayakinan lan ka teu walakayaan teu walagri...
> mampuh ngahirupan ratusan jelema ti hasil karyana...
> anu mimiti dianggap gelo teh...ku sakampung...
> jigana kudu gelo jg mahiwal heula mun rek nyieun ...
> karya monumental bisa kawangun,
> teu jadi katangtuan kudu make milyaran duit...
> kiiitu kulan?
> ciiik tulungan kg Bunis...
> pangnyieunkeun sajak...
> keur MA EROT......(? ??)
> 
> he33x!
> ....oca tea...
> 
> 
> --- On Fri, 11/7/08, Sarabunis Mubarok <sarabunis2008@ ...> wrote:
> From: Sarabunis Mubarok
> <sarabunis2008@ ...>
> Subject: [kisunda] MA ÉROH
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Date: Friday, November 7, 2008, 12:37 AM
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Sarabunis Mubarok
>  
> MA ÉROH
>  
> pacul jeung balincong
> ngoetan 
> gawir 
> kaléreun galunggung
>  
> awéwé tengah tuwuh
> manteng 
> ibadah
> na cadas-cadas kanyaah 
>  
> cucuk rungkang melak tatu
> tepus 
> jeung areuy silih siku
> angin sawarga ngahayu-hayu
>  
> hiji walungan di bumi
> malidkeun 
> késang ka langit
> meruhkeun saban kasakit
>  
> salambar nyawa basajan
> jadi 
> huluwotan kaikhlasan
> sungapan nasib kamanusan
>  
> manghéktar sawah 
> guligah
> nuwuhkeun mangpirang binih
> lebah haté nu pinuh kaasih
>  
> ma éroh
> anjeun pajoang 
> sajati
> waliyullah kakasih bumi
>  
> Singaparna, 2008
> 
>  
>  
> Salam,
> Sarabunis 
> Mubarok_____ ______ Singaparna
>


 














      

Kirim email ke