--- On Fri, 11/7/08, Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] MA ÉROH To: [email protected] Date: Friday, November 7, 2008, 6:58 PM
kg Bunis anu bageuuurrrr...(ngolo ni yeee....) sae eta sajak ma eroh teh... mani ngagelenyu dina qolbu... hiji awewe....bisa ngageunjleungkeun nasional.... dina ka ikhlasan anu sajati.... dina kayakinan lan ka teu walakayaan teu walagri... mampuh ngahirupan ratusan jelema ti hasil karyana... anu mimiti dianggap gelo teh...ku sakampung... jigana kudu gelo jg mahiwal heula mun rek nyieun ... karya monumental bisa kawangun, teu jadi katangtuan kudu make milyaran duit... kiiitu kulan? ciiik tulungan kg Bunis... pangnyieunkeun sajak... keur MA EROT......(???) he33x! ....oca tea... --- On Fri, 11/7/08, Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [kisunda] MA ÉROH To: [email protected] Date: Friday, November 7, 2008, 12:37 AM Sarabunis Mubarok MA ÉROH pacul jeung balincong ngoetan gawir kaléreun galunggung awéwé tengah tuwuh manteng ibadah na cadas-cadas kanyaah cucuk rungkang melak tatu tepus jeung areuy silih siku angin sawarga ngahayu-hayu hiji walungan di bumi malidkeun késang ka langit meruhkeun saban kasakit salambar nyawa basajan jadi huluwotan kaikhlasan sungapan nasib kamanusan manghéktar sawah guligah nuwuhkeun mangpirang binih lebah haté nu pinuh kaasih ma éroh anjeun pajoang sajati waliyullah kakasih bumi Singaparna, 2008 Salam, Sarabunis Mubarok___________ Singaparna
