Heuheuy deuh si Ambu nuju elap-elapan... atanapi lope-lope-an... he, he, he... 
Ambu diseupan atanapi dikulub gea sami raosna, dibubuy oge kantos nyobian tapi 
ayeuna mah ngetren-na teh dibeuleum dina oven, upami bantet teu acan asak basa 
malayuna mah setengah mateng eta tah anu matak ngaburubut mah.. he, he, he...

Nuju usum naon Ambu di Jkt, miwarang abdi kadinya teh....?  
biasana mah wayah kieu teh usum ngawuluku (mider) mani resep anjecle luhureun 
garu, pas waktosna pecat sawed anu ngateuran daratang, ngarais boboko 
ngajingjing cere didudukuy nyungcung. ari boko tea pinuh ku sangu anu tos 
dibungkusan ku daun cau atawa daun jati versi jumbo tea, bubuhan atuh anu rek 
disuguhanana para pekerja keras tos aranekak dina galeng belah tonggoh sisi 
solokan anu galengna rada lega tur iuh da handapeun tanggal buah semir, buahna 
laleutik jeung hasem deuih tapi angger bae dipiara paranti ngiuhan ari reureuh 
gawe. ari brak dibuka sangu bodas mani pulen, rencangna beuleum peda beureum 
anu lamokot ku kecap amis hiliwir sengit jerukna ka angseu, ari sambelna harita 
teh sambel oncom mani lada, dicocol ku tespong, pohpohan oge raos komo ku daun 
mareme mah mani pedo.. anjrit geuning uing ngalamun inget mangsa dilembur 
baheula, da ayeuna mah dileumbur ge moal aya anu kitu geus make system 
mekanisasi ngarah efektif sareng efisien jeung hasilna optimal, bedul teh basa 
naon ieu teh pilieureun bari jeung eta teh ngacurkeun ekologi manuk piit, 
puyuh, hahayaman, belut, beunteur, jeler, tarate jeung sagala anu dipikaresep 
ku uing laleungit... aduh ampun Gusti, iraha uing rek panggih deui jeung 
manehna. ieu sugan anu disebat love (lap) tea teh Ambu atanapi tibelat. 

Hampura, jandi ngacaprux inget ka lembur pajarkeun teh saur urang leumbur buah 
gedong gincuna geus karolot, bati kumerot bae, didieun uing meuli buah teh mani 
mahal ari anu dilembur teu kadahar.

wassalam.
dudi_ss dipangumbaraan 
   
  ----- Original Message ----- 
  From: richadiana kartakusuma 
  To: [email protected] 
  Sent: Saturday, November 15, 2008 9:29 AM
  Subject: Re: [kisunda] HARGA UNTUK SEORANG ABBAS AMIN



  naon kang ndud ???
  ngadurudud bae dudurugdugan !
  sok kadieu, pek ieu abdi sayogi elap dapur 
  bilih palay di elap mah, ngarah teu buburubut
  atanapi disepan bae kitu dina langseng
  ngarah hipu asakna 

  AMBU




------------------------------------------------------------------------------
  From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
  To: [email protected]
  Sent: Friday, November 14, 2008 9:14:42 PM
  Subject: Re: [kisunda] HARGA UNTUK SEORANG ABBAS AMIN



  Adeuh.... adeuh.... 
  batu turun keusik naek, itu purun ieu daek.... he, he, he... 
  do'a jeung pangharepan uing di ijabah euy! 

  wassalam,
  dudi_ss


    ----- Original Message ----- 
    From: richadiana kartakusuma 
    To: [EMAIL PROTECTED] .com 
    Sent: Friday, November 14, 2008 2:28 PM
    Subject: Re: [kisunda] HARGA UNTUK SEORANG ABBAS AMIN



    sami2 ABAh Abbas 
    abdi ge nyuhunkeun dihapunten samudaya kalepatan kaluputan 
    bubuhan sami jalma kumelendang di buana.....sami2 gaduh teu wasa
    sanes pedah dumeh  istuning kumpul kukumpul, tawis galih sasat tunggal 
ngahiji galih paduduluran sidarengan lenggangna ku silih asuh

    pun sampun

    TAbe nu kasuhun  nun
    AMBU 
      




----------------------------------------------------------------------------
    From: Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com>
    To: [EMAIL PROTECTED] .com
    Sent: Friday, November 14, 2008 1:09:09 PM
    Subject: Re: [kisunda] HARGA UNTUK SEORANG ABBAS AMIN


          AA: Nuhun pisan atuh ambu, ku penjelasan ieu rada kabuka tah naon nu 
disebat
          Agama Sunda eh. Nuhun, sareng sih hapuntenna wae, uapami patarosan 
abdi tos
          nigeung manah ambu. Da Manusa mah ngan tiasa menta dihampura, mun 
ngarasa 
          salah teh. Kitu oge panginten , da abdi mah asa biasa we naros teh; 
tapi upami
          katampina ku Ambu nyentug, tah hapuntenna we, nu kasuhun kulan. 
Manawi teh
          tumaros kitu mah biasa, da seueur oge kapan nu sok ngritik ka Islam 
ka diri pribadi
          abdi sorangan. Panginten maranehanan hoyongeun terang, nya satekah 
polah ku
          abdi dijentrekeun, tapi panginten aya oe nu kersa ditaros.

          Da ari cara naros mah, pajarkeun teh tong sok ngilik cara nanya, nu 
penting esensina !
          Ku margi kitu, abdi oge ari naros naon2 ka jalmi teh nya esensina we 
nupenting mah.
          Ieu mah panginten di milis Sunda, jann kedah aya bentenna.

          Nuhun Ambu ka na kasaeanana masihan penjelasan.
          Abbas Amin


         


  . 
   

Kirim email ke