Sami-sami kang Abbas, simkuring ge nyuhunkeun dihapunten sok bilih asa basa nu 
teu merenah nu ngaraheutkeun manah, komo deui simkuring mah terus terang teu 
biasa ngangge basa nu lemes, maklum urang kampung. Pon kitu deui ari jalma mah 
teu aya nu sampurna da hirup urang teh di alam tatandingan, aya 
beurang-peuting, panas-tiis, caang-poek, cageur-gering, tangtu bener-salah ge 
bakal kaalaman ku unggal jalma, tinggal paniatan urang sangkan tetep aya dina 
kasadaran nyepeng papagon nu kamanusaan, dina nincak salah ge teu didumasaraan 
kana paniatan goreng, ngajurung napsu ngumbar amarah. . Teu perlu urang 
ngabenturkeun pabedaan, da bhineka teh apan kersaning Gusti, ulah jauh nya 
ngeunteung, geuning dina diri ge, bentuk, kabiasaan jeung kahayang antara 
leungeun jeung suku beda, antara panon, ceuli, irung, baham pan boga pancen, 
kahayang jeung kabiasaan sewang-sewangan, teu perlu dipertentangkeun. Coba mun 
persamaanna nu disinergikeun, contona, barang
 nempo kueh tar, ceuk panon aduh mani sakitu alusna tangtu ngunahna ceuk pikir, 
terus suku ngalangkah kadeukeutan eta kueh, terus leungeun ngarongkong nyokot 
kueh, nya terus diambu, ceuk irung aduh seungit..pasti ngunah ceuk pikir deui, 
nya terus baham mukakeun lawangna, terus dicapek ku waos, karasa ku 
letah...euuh bener ngeunahna teh,....nya aya rasa seger dina awak. Taaah...pan 
sakitu nikmatna mun sinergi mah (paniatan), coba mun dipertentangkeun 
masing-masing ngagugulung kahayang jeung kabiasaannana, tangtu loba 
pagetrengna. Tapi.........Punten kang Abbas simkuring teu rumasa geus tepi kana 
apal kana jati diri, wanoh ka Anjeunna, estuning keur diajar keneh, tah 
kukituna pasti masih keneh tinemu jeung kasalahan-kasalahan, kumargi kitu 
simkuring ge masih butuh ku saran, kritik, komentar, butuh keneh ku silih asah 
jeung silih asuh nu nyoko kana dadasar silih asih. Kukituna mangga simkuring 
nampi bilh aya komentar/kritikna urang milarian nu benerna,
 apan pare janten beas teh ku silih gesek ti papada pare, pon kitu deui batu 
ali atawa inten ge boga ajen teh sanggeus digosok. Upami tea mah sieun nyigeung 
ka dulur nu lian, mangga ngalangkungan Japri urang tiasa paguneman. Nuhun kang 
Abbas.......mung sakedik koreksi kang, wasta simkuring teh panjangna mah 
Ruswana sanes Rusmana, nya lengkepna mah Engkus Ruswana, sami sareng alamat 
email simkuring.
 
Nuhun kang, salam ka kulawarga.
 
Rampes.

--- Pada Sel, 25/11/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> menulis:

Dari: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Topik: [kisunda] Kanggo nu dipihrma Kang Rusmana
Kepada: "kisunda" <[email protected]>
Tanggal: Selasa, 25 November, 2008, 4:48 PM











Ngawitan ku Nyebat Jenengan Mantenna nu Nyiptakeun Jagat saren eusina,
 
Mugia kasalametan sareng barokah kanggo salira Kang Rusmana anu tos rumasa
ka na diri, sareng wanoh ka Mantenna. ( Gusti Nu Maha Agung )
 
Puji lan  puja sareng syukur teu aya deui mung kanggu Nu Murbeng Alam. 
Abdi kalintang bingahna nampi seratan salira anu sakitu munelna; nembe ayeuna 
mah abdi ngaraos cekap, dicekapan ku salira.
 
Mung bae punten bae, abdi teu wasa masihan komentar, margi jalmi mah kapan teu
sami, upami sadayana model Kang Rusmana mah, sakedet netra ku abdi di 
komentaran pisan ieu seratan teh.
 
Abdi mah inggis ku bisi rempan ku beja; seratan abdi tiasa wae ngajaheutkeun 
manah
anu maosna; ari ka kng Rus mah, abdi percanten pisan. Tangtosna moal, da ku abdi
ka erong Kang Rusmana mah, tos uninga ka na jati diri.
 
Punten ka nu sanesna; sanes jisim abdi bade ngahandapkeun nu sanes, ampun 
paralun, teu aya maksad abdi mah ka dinya. eta ge patarosan ti abdi teh sacara 
Umum tea weee; tapi kapan katampina n mah mani teu sirikna hoyong ngabaledogan 
ka abdi teh. Mung Kang Rusmana we geuning nu Wijaksana uninga ka na eta 
patarosn teh.
 
Tah atuh abdi mah mung tiasa nganuhunkeun, teu tiasa langkung ti kitu bilih aya 
matakna.
 
Mangga,
 
Abbas Amin
 
 
 














      
___________________________________________________________________________
Dapatkan alamat Email baru Anda!
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke