beressssssss.....saheulaaneun...
kantun roes....na,.......kg roeswana....?
supaya beres roes teh, peryogi dina lajuning laku...
hawatos bilih aya anu naros, dianggap poporongos...
kapribados kg AA, ulah janten karagok, sieun teu sapagodos...
sanes dibaledog ku batu, seuneu, ku asih mah... ngagelenyu pan?
ahhhhhh....endah jasa , dunya teh geunin ari kieu teh....
he33x!
....oca tea...


--- On Tue, 11/25/08, engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Bls: [kisunda] Kanggo nu dipihrma Kang Rusmana
To: [email protected]
Date: Tuesday, November 25, 2008, 2:39 AM









Sami-sami kang Abbas, simkuring ge nyuhunkeun dihapunten sok bilih asa basa nu 
teu merenah nu ngaraheutkeun manah, komo deui simkuring mah terus terang teu 
biasa ngangge basa nu lemes, maklum urang kampung. Pon kitu deui ari jalma mah 
teu aya nu sampurna da hirup urang teh di alam tatandingan, aya 
beurang-peuting, panas-tiis, caang-poek, cageur-gering, tangtu bener-salah ge 
bakal kaalaman ku unggal jalma, tinggal paniatan urang sangkan tetep aya dina 
kasadaran nyepeng papagon nu kamanusaan, dina nincak salah ge teu didumasaraan 
kana paniatan goreng, ngajurung napsu ngumbar amarah. . Teu perlu urang 
ngabenturkeun pabedaan, da bhineka teh apan kersaning Gusti, ulah jauh nya 
ngeunteung, geuning dina diri ge, bentuk, kabiasaan jeung kahayang antara 
leungeun jeung suku beda, antara panon, ceuli, irung, baham pan boga pancen,
 kahayang jeung kabiasaan sewang-sewangan, teu perlu dipertentangkeun. Coba mun 
persamaanna nu disinergikeun, contona, barang nempo kueh tar, ceuk panon aduh 
mani sakitu alusna tangtu ngunahna ceuk pikir, terus suku ngalangkah 
kadeukeutan eta kueh, terus leungeun ngarongkong nyokot kueh, nya terus diambu, 
ceuk irung aduh seungit..pasti ngunah ceuk pikir deui, nya terus baham mukakeun 
lawangna, terus dicapek ku waos, karasa ku letah...euuh bener ngeunahna 
teh,....nya aya rasa seger dina awak. Taaah...pan sakitu nikmatna mun sinergi 
mah (paniatan), coba mun dipertentangkeun masing-masing ngagugulung kahayang 
jeung kabiasaannana, tangtu loba pagetrengna. Tapi..........Punten kang Abbas 
simkuring teu rumasa geus tepi kana apal kana jati diri, wanoh ka Anjeunna, 
estuning keur diajar keneh, tah kukituna pasti masih keneh tinemu jeung 
kasalahan-kasalahan, kumargi kitu simkuring ge masih butuh ku saran, kritik, 
komentar, butuh keneh ku silih asah jeung
 silih asuh nu nyoko kana dadasar silih asih. Kukituna mangga simkuring nampi 
bilh aya komentar/kritikna urang milarian nu benerna, apan pare janten beas teh 
ku silih gesek ti papada pare, pon kitu deui batu ali atawa inten ge boga ajen 
teh sanggeus digosok. Upami tea mah sieun nyigeung ka dulur nu lian, mangga 
ngalangkungan Japri urang tiasa paguneman. Nuhun kang Abbas.......mung sakedik 
koreksi kang, wasta simkuring teh panjangna mah Ruswana sanes Rusmana, nya 
lengkepna mah Engkus Ruswana, sami sareng alamat email simkuring.
 
Nuhun kang, salam ka kulawarga.
 
Rampes.

--- Pada Sel, 25/11/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> menulis:

Dari: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Topik: [kisunda] Kanggo nu dipihrma Kang Rusmana
Kepada: "kisunda" <[email protected]>
Tanggal: Selasa, 25 November, 2008, 4:48 PM









Ngawitan ku Nyebat Jenengan Mantenna nu Nyiptakeun Jagat saren eusina,
 
Mugia kasalametan sareng barokah kanggo salira Kang Rusmana anu tos rumasa
ka na diri, sareng wanoh ka Mantenna. ( Gusti Nu Maha Agung )
 
Puji lan  puja sareng syukur teu aya deui mung kanggu Nu Murbeng Alam. 
Abdi kalintang bingahna nampi seratan salira anu sakitu munelna; nembe ayeuna 
mah abdi ngaraos cekap, dicekapan ku salira.
 
Mung bae punten bae, abdi teu wasa masihan komentar, margi jalmi mah kapan teu
sami, upami sadayana model Kang Rusmana mah, sakedet netra ku abdi di 
komentaran pisan ieu seratan teh.
 
Abdi mah inggis ku bisi rempan ku beja; seratan abdi tiasa wae ngajaheutkeun 
manah
anu maosna; ari ka kng Rus mah, abdi percanten pisan. Tangtosna moal, da ku abdi
ka erong Kang Rusmana mah, tos uninga ka na jati diri.
 
Punten ka nu sanesna; sanes jisim abdi bade ngahandapkeun nu sanes, ampun 
paralun, teu aya maksad abdi mah ka dinya. eta ge patarosan ti abdi teh sacara 
Umum tea weee; tapi kapan katampina n mah mani teu sirikna hoyong ngabaledogan 
ka abdi teh. Mung Kang Rusmana we geuning nu Wijaksana uninga ka na eta 
patarosn teh.
 
Tah atuh abdi mah mung tiasa nganuhunkeun, teu tiasa langkung ti kitu bilih aya 
matakna.
 
Mangga,
 
Abbas Amin
 
 


       Pamer gaya dengan skin baru yang keren.
  Coba Yahoo! Messenger 9.0 baru sekarang! 




      

Kirim email ke