Punten kang Oca ngiring ngaliwat sakedap, ieu ngalereskeun seratan nu lepat
--- On Tue, 11/25/08, Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: Bls: [kisunda] Kanggo nu dipihrma Kang Rusmana To: [email protected] Date: Tuesday, November 25, 2008, 10:59 AM beressssssss. ....saheulaaneun ... kantun roes....na,. ......kg roeswana.... ? supaya beres roes teh, peryogi dina lajuning laku... hawatos bilih aya anu naros, dianggap poporongos.. . kapribados kg AA, ulah janten karagok, sieun teu sapagodos... sanes dibaledog ku batu, seuneu, ku asih mah... ngagelenyu pan? ahhhhhh....endah jasa , dunya teh geunin ari kieu teh.... he33x! ....oca tea... --- On Tue, 11/25/08, engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> wrote: From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> Subject: Bls: [kisunda] Kanggo nu dipihrma Kang Rusmana To: [EMAIL PROTECTED] .com Date: Tuesday, November 25, 2008, 2:39 AM Sami-sami kang Abbas, simkuring ge nyuhunkeun dihapunten sok bilih asa basa nu teu merenah nu ngaraheutkeun manah, komo deui simkuring mah terus terang teu biasa ngangge basa nu lemes, maklum urang kampung. Pon kitu deui ari jalma mah teu aya nu sampurna da hirup urang teh di alam tatandingan, aya beurang-peuting, panas-tiis, caang-poek, cageur-gering, tangtu bener-salah ge bakal kaalaman ku unggal jalma, tinggal paniatan urang sangkan tetep aya dina kasadaran nyepeng papagon nu kamanusaan, dina nincak salah ge teu didumasaraan kana paniatan goreng, ngajurung napsu ngumbar amarah. . Teu perlu urang ngabenturkeun pabedaan, da bhineka teh apan kersaning Gusti, ulah jauh nya ngeunteung, geuning dina diri ge, bentuk, kabiasaan jeung kahayang antara leungeun jeung suku beda, antara panon, ceuli, irung, baham pan boga pancen, kahayang jeung kabiasaan sewang-sewangan, teu perlu dipertentangkeun. Coba mun persamaanna nu disinergikeun, contona, barang nempo kueh tar, ceuk panon aduh mani sakitu alusna tangtu ngunahna ceuk pikir, terus suku ngalangkah kadeukeutan eta kueh, terus leungeun ngarongkong nyokot kueh, nya terus diambu, ceuk irung aduh seungit..pasti ngunah ceuk pikir deui, nya terus baham mukakeun lawangna, terus dicapek ku waos, karasa ku letah...euuh bener ngeunahna teh,....nya aya rasa seger dina awak. Taaah...pan sakitu nikmatna mun sinergi mah (paniatan), coba mun dipertentangkeun masing-masing ngagugulung kahayang jeung kabiasaannana, tangtu loba pagetrengna. Tapi........ .Punten kang Abbas simkuring teu rumasa geus tepi kana apal kana jati diri, wanoh ka Anjeunna, estuning keur diajar keneh, tah kukituna pasti masih keneh tinemu jeung kasalahan-kasalahan , kumargi kitu simkuring ge masih butuh ku saran, kritik, komentar, butuh keneh ku silih asah jeung silih asuh nu nyoko kana dadasar silih asih. Kukituna mangga simkuring nampi bilh aya komentar/kritikna urang milarian nu benerna, apan pare janten beas teh ku silih gesek ti papada pare, pon kitu deui batu ali atawa inten ge boga ajen teh sanggeus digosok. Upami tea mah sieun nyigeung ka dulur nu lian, mangga ngalangkungan Japri urang tiasa paguneman. Nuhun kang Abbas....... mung sakedik koreksi kang, wasta simkuring teh panjangna mah Ruswana sanes Rusmana, nya lengkepna mah Engkus Ruswana, sami sareng alamat email simkuring. Nuhun kang, salam ka kulawarga. Rampes. --- Pada Sel, 25/11/08, Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com> menulis: Dari: Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com> Topik: [kisunda] Kanggo nu dipihrma Kang Rusmana Kepada: "kisunda" <[EMAIL PROTECTED] .com> Tanggal: Selasa, 25 November, 2008, 4:48 PM Ngawitan ku Nyebat Jenengan Mantenna nu Nyiptakeun Jagat saren eusina, Mugia kasalametan sareng barokah kanggo salira Kang Rusmana anu tos rumasa ka na diri, sareng wanoh ka Mantenna. ( Gusti Nu Maha Agung ) Puji lan puja sareng syukur teu aya deui mung kanggu Nu Murbeng Alam. Abdi kalintang bingahna nampi seratan salira anu sakitu munelna; nembe ayeuna mah abdi ngaraos cekap, dicekapan ku salira. Mung bae punten bae, abdi teu wasa masihan komentar, margi jalmi mah kapan teu sami, upami sadayana model Kang Rusmana mah, sakedet netra ku abdi di komentaran pisan ieu seratan teh. Abdi mah inggis ku bisi rempan ku beja; seratan abdi tiasa wae ngajaheutkeun manah anu maosna; ari ka kng Rus mah, abdi percanten pisan. Tangtosna moal, da ku abdi ka erong Kang Rusmana mah, tos uninga ka na jati diri. Punten ka nu sanesna; sanes jisim abdi bade ngahandapkeun nu sanes, ampun paralun, teu aya maksad abdi mah ka dinya. eta ge patarosan ti abdi teh sacara Umum tea weee; tapi kapan katampina n mah mani teu sirikna hoyong ngabaledogan ka abdi teh. Mung Kang Rusmana we geuning nu Wijaksana uninga ka na eta patarosn teh. Tah atuh abdi mah mung tiasa nganuhunkeun, teu tiasa langkung ti kitu bilih aya matakna. Mangga, Abbas Amin Pamer gaya dengan skin baru yang keren. Coba Yahoo! Messenger 9.0 baru sekarang!
