Panuju kang Abbas, ieu mah tos dina pager kayakinan, janten teu tiasa di
komentar ku urang nu benten kayakinan. Urang hargaan kayakinan nu sanes
namung punten nu sanes oge tiasa ngahargaan kayakinan urang sebagai umat islam,
sanes disebut2 nuturkeun budaya arab. Pami tos kitu pan moal adu siku deui
hehehehe




________________________________
From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
To: kisunda <[email protected]>
Sent: Tuesday, November 25, 2008 4:48:22 PM
Subject: [kisunda] Kanggo nu dipihrma Kang Rusmana


Ngawitan ku Nyebat Jenengan Mantenna nu Nyiptakeun Jagat saren eusina,

Mugia kasalametan sareng barokah kanggo salira Kang Rusmana anu tos rumasa
ka na diri, sareng wanoh ka Mantenna. ( Gusti Nu Maha Agung )

Puji lan  puja sareng syukur teu aya deui mung kanggu Nu Murbeng Alam. 
Abdi kalintang bingahna nampi seratan salira anu sakitu munelna; nembe ayeuna 
mah abdi ngaraos cekap, dicekapan ku salira..

Mung bae punten bae, abdi teu wasa masihan komentar, margi jalmi mah kapan teu
sami, upami sadayana model Kang Rusmana mah, sakedet netra ku abdi di 
komentaran pisan ieu seratan teh.

Abdi mah inggis ku bisi rempan ku beja; seratan abdi tiasa wae ngajaheutkeun 
manah
anu maosna; ari ka kng Rus mah, abdi percanten pisan. Tangtosna moal, da ku abdi
ka erong Kang Rusmana mah, tos uninga ka na jati diri.

Punten ka nu sanesna; sanes jisim abdi bade ngahandapkeun nu sanes, ampun 
paralun, teu aya maksad abdi mah ka dinya. eta ge patarosan ti abdi teh sacara 
Umum tea weee; tapi kapan katampina n mah mani teu sirikna hoyong ngabaledogan 
ka abdi teh. Mung Kang Rusmana we geuning nu Wijaksana uninga ka na eta 
patarosn teh.

Tah atuh abdi mah mung tiasa nganuhunkeun, teu tiasa langkung ti kitu bilih aya 
matakna.

Mangga,

Abbas Amin

 
 


      

Kirim email ke