mang ganjar oge nu lianna, ieu mah mung beja pabeja beja wungkul. wios
ngabejaan bulu tuur bulu bitis ge nya :)
kuring gaduh batur di bogor anjeunna ngabejaan cenah aya naskah sarupa
dharmo gandul di sunda ge, ngaranna 'pantun bogor'.. kiwari, masih cek
manehna, nu ngarawatan sababara bagean teh kang anis jatisunda (parantos
terang panginten ka ieu budayawan mah). kuring ge kungsi mireng beja 'pantun
bogor' ieu kantos jadi polemik taun 1980. hal ieu dipicu ku artikel kang
anis dina majalah mangle, sedeng nu nyambutna nyaeta bah ajip rosidi
(artikelna aya dina buku 'pancakaki'). polemik kajadian sabab bah ayip
ngaragukeun kaaslian eta naskah. upama maca artikel bah ayip mah jigana
anjeunna ge ngagaduhan eta naskah (pantun bogor).

nambih sakeudik, kuring kantos maca di salasahiji koran (nami koran, jeung
tanggalna poho deui, janten punten upami hal ieu janten gosip wungkul), kang
anis kantos nyarita, upama anjeunna teu mendakan murid, naskah-naskah sunda
nu aya di anjeunna bakal diduruk... teras ngeunaan polemik ieu kuring ukur
bisa ngabandungan nepi ka panyambutna bah ayip wungkul. naha mondok atawa
manjangna mah dugi ka danget ayeuna, hieum, mangga ka akang-eteh,
emang-embi, ua-ua nu terang, pangneonankeun.

nuhun,

duq
nu masih can bisa nangtungkeun 'd'



On Wed, Nov 26, 2008 at 10:44 AM, <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>    Hatur nuhun kana perhatosanna. Serat Dharmo Gandhul, Centhini, Sasongko
> Jati pribados parantos hatam macana. Anu diperyogikeun teh kitab2 sapertos
> kitu dina ageman Sunda. Nuhun.
>
> Sent from my BlackBerry(R) smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung
> Teruuusss...!
>
> ------------------------------
> *From*: Maman <[EMAIL PROTECTED]>
> *Date*: Tue, 25 Nov 2008 19:34:58 -0800 (PST)
> *To*: <[email protected]>
> *Subject*: Re: [kisunda] Serat Dharmogandul : Nedunan pamundut Kang Ganjar
> bag 1
>
> Janten kumaha, teraskeun ulah ?
> Teu langkung, upamina ieu serat matak rengat manah,  ku abdi moal
> diteraskeun.
>
> Baktos
> mz
> (abdi oge teu terang kamana arah sareng maksad Kang Ganjar naroskeun Serat
> Dharmogundul.)
>
>
> --- On *Wed, 11/26/08, mh <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
> From: mh <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: [kisunda] Serat Dharmogandul : Nedunan pamundut Kang Ganjar
> bag 1
> To: [email protected]
> Date: Wednesday, November 26, 2008, 10:20 AM
>
>  hehehe, sainget uing mah, nu diteangan ku kang GK teh lain perkara
> serat darmo gandul, tapi nu pakait jeung Sunda Wiwiwitan, nu pakait
> jeung Agama Sunda. apan dijentrekeun ku kang GK ge, yen sumber nu
> pakait jeung Aliran Kabatinan Jawa mah, relatif loba.
>
> salam,
> mh
>
>
>
>   
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~

Kirim email ke